Rabu, 22 Desember 2010

Surat keur 2009

Langit katiga nu jadi wawakil
Mertahankeun hal anu mucekil
Kiwari asa kabeungbeuratan
Matak juuh kana panon
Laun laun ngeclak ipis
Na rek dibawa kamana
Kasakten geus teu guna
raga teu walakaya

Bandung,21 Desember 2010
ku: Gumilar

HANJAKAL

Gedong sigrong jiga istana
Pembantu loba
Banda kari menta
Hayang naon geus nyampak di meja
Hirup asa teu hirup
Asa euweuh kanikmatan
Kuring teu butuh harta
Kuring teu butuh banda
Kabutuh kuring mung anjeun ma
Tapi asa ngajul bulan ku asiwung
Ema  teh geus ninggalkeun kuring
 Ayeuna Kahayang kuring mung hiji
Hayang balik deui jiga baheula

bandung,13 juli 2010
ku: Gumilar

Jumat, 03 Desember 2010

Reng rengan Pajabat Lewat

sok asa hoream ari nungarana papanggih jeung iring-iringan pajabat liwat teh sok asa aing nu boga jalan, teuing pedah naon jeung teuing naon nu jadi tujuanana, buktina wae poe ayeuna, poe sabtu ping 4 Desember 2010. kuring geus dua kali papnggih jeung eta reng-rengan mobil pajabat anu beda ambahan gawe na. nu hiji mah pajabat TNI, nu hiji deui mah teuing teu apal duka pajabat nanahaon. basa pa amprok eta reng-rengan teh kuring geus ngarti yen kuring kudu nyisi ka gigir da sieun di tabrak sakapeung mah kuring sok mikir naha kunaon kitu kuring kudu nyisi tapi da geuning kudu kitu bustosna da lamun henteu nyisi teh kuring sieun katabrak ku eta reng-rengan .sabada eta reng rengan liwat kaciri ku kuring mobil jeung motor nu aya dijalan nu aya di satukangeun eta rombongan teh asa pahibut. katenjo ku kuring jalan teh asa jadi macet, kabeh klakson ting sarada.tapi eta rombongan mah eweh tanggung jawabna. naha eta rombongan teh rusuh atawa kumaha kuring teu nyaho. tapi da kumaha nya, lamun ceuk kuring mah urang kabeh oge miboga hak nu sarua kana eta fasilitas teh,naha bet kuring nu kudu ngelehan meni embung ngantri eta sakadang pejabat teh.naha apa pedah kalungguhan na nu jadi beda teh? atawa kumaha nya. da gening polisi ge meni embung ngabela ka rahayat nu lain pejabat ge.malahan eta polisi nitah ka pangguna jalan nu salain rombongan titah ka gigir nitah miheulakeun eta rmbongan.padahal kan urang kabeh oge miboga kapentingan anu lewih penting tibatan eta sakadang pajabat teh uy. cacakan pajabt handap nu liwat,komo lamun eta rengrengan presiden lewat mereun jalan teh sagala diblokir. cenah ngadenge mah alesannamah patalina jeung kaamanan. naha kaamanan teh pikeun pejabat hungkul? apanan kuring kabeh oge butuh kana kaamanan teh euy. naha saha nu salah ieu teh?. nu dipihareup ku kuring mah kabeh sarua ulah aya pabeda beda kitu. tapi lamun ambulace mah kuring nga maklum da eta mah patalina jeung nyawa manusa.sakali deu ka pamarentah sim kuring meredih sangkan kaadilan di terapkeun ti samodel hal leutik tadi,sabab hal leutik bisa jadi badag balukarna.