Jumat, 09 Desember 2011

Galuh Masa Pamaréntahan Hindia - Belanda


Ahir Désémber 1799 kakawasaan Kompeni nepi kana ahir akibat VOC bangkrut. Kakawasaan di Nusantara dicekel ku Hindia Belanda anu dimimitian ku pamaréntahan Gupernur Jéndral H.W. Daendels (1808–1811). Dina pamaréntahan Hindia Belanda, Galuh tetep aya di wilayah administratif Cirebon.
         Dina ahir pamaréntahan Daendels, Bupati Imbanagara satuluyna dijabat ku Jayengpati Kertanegara, ngarangkep salaku Bupati Cibatu (Ciamis). Sanggeus pension, manéhna diganti ku Tumenggung Natanagara. Nu ngagantina nya éta Pangéran Sutajaya anu asalna ti Cirebon. Lantaran sok paséa baé jeung patihna, Pangéran Sutajaya balik deui ka Cirebon. Jabatan Bupati Imbanagara dicekel deui ku putra Galuh, nya éta Wiradikusuma, sarta ngaran kabupatén ditetepkeun jadi Kabupatén Galuh. Taun 1815 Bupati Wiradikusuma mindahkeun poseur kabupatén ti Imbanagara ka Ciamis.
         Dina mangsa pamaréntahan Bupati Galuh saterusna, nya éta Adipati Adikusumah (1819 – 1839), putra Bupati Wiradikusuma, Kawali jeung Panjalu diasupkeun ka wilayah Kabupatén Galuh. Bupati Adipati Adikusumah nikah ka putrid Jayengpati (Bupati Cibatu). Tina perkawinan éta lahir hiji anak lalaki anu ngaranna Kusumadinata. Anjeuna anu satuluyna ngagantikeun bapana jadi Bupati Galuh (1839 – 1886) kalawan boga gelar Tumenggung Kusumadinata. Saterusna manéhna ganti ngaran jadi Radén Adipati Aria Kusumadiningrat. Anjeuna mangrupa Bupati Galuh anu kawentar ku julukan “Kangjeng Prebu”.
         Mimiti taun 1853, Bupati R.A.A. Kusumadiningrat cicing di Karaton Selagangga anu dilengkepan ku masjid jeung balong air mancur. Taun 1872 diburuan karaton dibangun tempat pamndian anu disebut Jambansari. Pamandian éta sok dipaké ku warga masarakat kalawan maksud “ngala berkah” ti “Kangjeng Prebu”. Antara taun 1859 – 1877, diwangun sababaraha gedung di poseur kabupatén (Cianis). Gedung-gedung nu dimaksud nya éta gedung kabupatén anu agréng (dilokasi gedung DPRD ayeuna), Masjid Agung, Kantor Asistén Résidén (Gedung Kabupatén Ayeuna), tangsi militér, panjara, kantor telepon, imah kontrolir, jrrd.
         “Bupati R.A.A. Kusumadiningrat gedé pisan jasana dina ngamajukeun kahirupan rahayat kabupatén Galuh. Jasa-jasana diantarana nyieun sababaraha irigasi,muka lahan sawah, ngadegkeun tilu pabrik panggilingan kopi, muka perkebunan kalapa, ngabangun jalan antara Kawali – Panjalu, ngadegkeun “Sakola Sunda” di Ciamis (1862) jeung di Kawali (1876). Lantaran jasa-jasana, anjeuna meunang panghormatan ti Pamaréntah Hindia Belanda mangrupa Songsong Konéng (paying kebesaran warna konéng emas) taun 1874 sarta Ridder in de Order van den Nederlandschen Leeuw (Bintang Leo) taun 1878.
         Jabatan Bupati Galuh saterusna diwariskeun ka putrana, nya éta R.A.A. Kusumasubrata (1886 – 1914). Dina mangsa pamaréntahan bupati nu ieu, mulai taun 1911 Ciamis diliwatan ku jalan karéta api jalur Bandung – Cilacap via Ciawi – Malangbong _ Tasikmalaya. Dina mangsa Pamaréntahan Bupati galuh saterusna nya éta Bupati R.T.A. Sastrawinata (1914 – 1935), Kabupatén Galuh dileupaskeun ti wilayah administratif Cirebon sarta asup ka wilayah Karésidénan Priangan (taun 1915). Ngaran Kabupatén dirobah jadi Kabupatén Ciamis. Antara taun 1926 – 1942, Ciamis asup ka jero Afdeeling Priangan Timur

Galuh dina Kakawasaan Kompeni (VOC)


Ahir taun 1705 Galuh salaku bagian tina wilayah Priangan Timur diserahkeun ku pangawasa Mataram ka Kompeni ngaliwatan perjanjian tanggal 5 Oktober 1705. Wilayah Priangan Kulon geus tiheula beunang ku kakawasaan Kompeni taun 1677. Mimiti taun 1677 di wilayah Priangan nerapkeun wajib tanem, utamana kopi jeung nila (trauma) dina sistem anu disebut Preangerstelsel. Mataram nyerahkeun Priangan ka Kompeni salaku upah sabab geus ngungkulan masalah perebutan tahta Mataram. Kompeni geus mantuan Pangéran Puger dina usaha ngarebut tahta Mataram ti sipat anakna, nya éta Amangkurat III alias Sunan Mas. Tapi Galuh jeung daérah Priangan Timur séjénna angger dina wilayah administratif Cirebon.
         Saméméh kajadian perjanjian 5 Oktober 1705, Kompeni geus ngangkat Sutadinata jadi Bupati Galuh (1693 – 1706) ngagantikeun Angganaya anu maot. Manéhna tuluy diganti ku Kusumadinata I (1706 – 1727). Harita Priangan aya dina kakawasaan Pangéran Aria Cirebon salaku wakil Kompeni.
         Teu lila ti harita, Bupati Kawasén Sutanangga diganti ku Patih Ciamis anu dianggap jalama turunan ningrat pangkolotna sarta pangpinterna di Galuh. Daérah Galuh dihijikeun jeung Bojonglopang.
         Bupati Galuh saterusna nya éta Kusumadinata II (1727 – 1732). Sabab teu boga anak, sanggeus manéhna maot kalungguhanna diganti ku sipat anakna anu ngaranna Mas Garuda, sanajan can hideng. Ku kituna, pamaréntahan dijalankeun ku tilu urang wali, hiji diantarana bapana Mas garuda sorangan, nya éta Radén Jayabaya Patih Imbanagara. Mas Garuda mimiti nyekel pamaréntahan dina taun 1751 nepi ka taun 1801, kalawan boga gelar Kusumadinata III. Manéhna diganti ku Radén Adipati Natadikusuma (1801 – 1806).
         Dina mangsa peralihan kakawasaan ti Kompeni ka Pamaréntah Hindia Belanda, Kabupaten Imbanagara dileungitkeun. Wilayah éta digabungkeun jeung Galuh sarta Utama. Katilu wilayah éta diparéntah ku Bupati Galuh. Numutkeun sumber tradisional (Wawacan Sajarah Galuh), kajadian éta akibat konflik antara Raden Adipati Natadikusuma jeung pejabat VOC anu kasar. Raden Adipati Natadikusuma ditahan di Cirebon. Kakawasaanna salaku Bupati Imbanagara diganti ku Surapraja ti Limbangan (1806-1811).
Dina kakawasaan Kompeni, sistem pamaréntahan tradisional anu dilaksanakeun ku para bupati teu di ganggu. Éta hal lumangsung dina mangsa pamaréntahan HindiaBelanda (1808 – 1942)

Rabu, 07 Desember 2011

Galuh dina Kakawasaan Mataram


Nalika masa kakawasaan Mataram, daérah-daérah di Priangan anu asalna karajaan robah jadi kabupatén. Galuh aya dina kakawasaan Mataram  antara taun 1595 – 1705. Galuh beunang ku kakawasaan Mataram, nalika Mataram diparéntah ku Sutawijaya alias Panembahan Sénopati (1586 – 1601). Ku pangawasa Mataram, galuh diasupkeun ka wilayah administratif Cirebon. Sanggeus Prabu Cipta Sanghiang di Galuh maot, anjeuna diganti ku anakna Ujang Ngekel anu boga gelar Prabu Galuh Cipta Permana (1610 – 1618), di Garatengah (daérah Cinéam, ayeuna asup ka wilayah Kabupatén Tasikmalaya). Prabu Galuh Cipta Permana anu geus asup Islam (asalna agama Hindu) nikah jeung putrid Maharaja Kawali anu ngaranna Tanduran di Anjung. Salian Garatengah, di wilayah galuh aya pusat-pusat kakawasaan, dipupuhuan ku saurang anu boga kalungguhan sabagé bupati dina harti raja leutik. Puseur –puseur kakawasaanna nya éta Cibatu, Utama (Ciancang), Kertabumi (Bojong Lopang), jeung Imbanagara.
Mataram ngawasa Galuh tuluy Sumedang Larang (1620) dina usaha ngajadikeun Priangan sabagé daérah pertahanan di Beulah kulon dina nyanghareupan serangan pasukan Banten jeung Kompeni anu ayana di Batavia. Kakawasaan Mataram di Galuh kaciri pisan nalika Mataram diparéntah ku Sultan Agung (1613 – 1645) nalika Galuh diparéntah ku Dipati Panaékan (1618-1625), putra Prabu Galuh Cipta Permana, salaku Bupati Wedana. Pangawasa Mataram ka Galuh jeung Sumedang Larang sikepna béda. Galuh dikawasa ku Mataram kalawan maké
Cara kekerasan, sabab Galuh ngalawan heula ka Mataram. Sabalikna Sumedang Larang mah nyerahkeun diri, lantaran aya hubungan kulawarga antara Radén Aria Suriadiwangsa pangawasa Sumedang Larang jeung pangawasa Mataram.
Taun 1628 Mataram ngarencanakeun rék nyerang Kompeni di Batavia sarta ménta tulung ka para pupuhu daérah di Priangan. Éta rencana nimbulkeun pacogrégan antara para pupuhu daérah di Priangan. Adipati Panaékan paséa jeung adi iparna, nya éta Dipati Kertabumi, Bupati Bojonglopang, putra Prabu Dimintur. Adipati Panaékan kapaéhan (1652). Anjeuna digantikeun ku anakna nu ngaranna Mas Dipati Imbanagara anu cicing di Garatengah (Cinéam). Dina mangsa pamaréntahan Dipati Imbanagara, poseur Kabupatén Galuh dipindahkeun ti Garatengahka Calincing. Teu lila pindah deui ka Bendanegara (panyingkiran).
Nalika pasukan Mataram nyerang Batavia (1628), pupuhu daérah di Priangan méré pitulung. Pasukan Galuh dipingpin ku Bagus Sutapura, pasukan Priangan dipingpin ku Dipati Ukur, Bupati Wedana Priangan. Dipati Ukur meunang tugas husus ti Sultan Agung pikeun ngusir Kompeni ti Batavia. sihoréng Dipati Ukur gagal ngalaksanakeun tugasna. Ku kituna manéhna ngamuk ka Mataram. Hal éta anu ngajurung Sultan Agung taun 1630-an ngabagi wilayah Priangan di luar Sumedang jadi sababaraha kabupatén, kaasup Galuh. Wilayah Galuh dibagi sababaraha puseur kakawasaan, nya éta Utama anu diparéntah ku Sutamanggala, Imbanagara diparéntah ku Adipati Jayanagara, Bojong-lopang diparéntah ku Dipati Kertabumi, Kawasén diparéntah ku Bagus Sutapura. Pupuhu-pupuhu daérah nu mantuan numpes pemberontakan Dipati Ukur diangkat ku Sultan Agung jadi bupati di daérah masing-masing. Taun 1634 Bagus Sutapura dikukuhkeun jadi Bupati Kawasén. Pupuhu daérah séjén nu diangkat jadi bupati nya éta Ki Astamanggala (UMbul Cihaurbeuti) jadi bupati Bandung kalawan boga gelar Tumenggung Wiraangunangun, Ki Wirawangsa (Umbul Sukakerta) jadi bupati Sukapura kalawan boga gelar Tumenggung Wiradadaha, jeung Ki Somahita (Umbul Sindangkasih) jadi bupati Parakanmuncang kalawan boga gelar Tumenggung Tanubaya (daérah antara Banjarsari – Padahérang). Anjeuna maréntah Kawasén nepi ka taun 1653, tuluy diganti ku anakna anu ngaranna Tumenggung Sutanangga (1653-1676). Sagigireun éta Dipati Imbanagara disanggka ku pihak Mataram ngabéla ka Dipati Ukur, dibéré hukuman pati (1636). Tapi anakna, nya éta Adipati Jayanagara (Mas Bongsar) dianggkat jadi Bupati Garatengah. Imbanagara jadi ngaran kabupatén jeung Kawasén digabungkeun jeung Imbanagara.
Pertengahan taun 1642 Adipati Jayanagara mindahkeun deui puseur Kabupatén Galuh ka Barunay (daérah Imbanagara). Pamindahan puseur kabupatén éta tanggal 14 Mulud taun He (12 Juni 1642). Mimiti taun 1970-an, Pemda Kabupatén Ciamis nganggap tanggal 12 Juni 1642 salaku Hari Jadi Kabupatén Ciamis. Hal éta di dadasaran ku dua alesan. Kahiji, Garatengah jeung Bendanegara mere kenangan goring ku kapaéhanna Adipati Panaékan jeung Dipati Imbanagara. Kadua, Barunay dianggap leuwih alus jadi pseur pamaréntahan sarta bias mawa perkembangan pikeun kabupatén éta. Éta hal ditunjukeun nalika masa pamaréntahan Adipati Jayanagara anu lumangsung salila 42 taun. Salila éta daérah-daérah kakawasaan séjén, nya éta Kawasén, Kertabumi, Utama, Kawali, jeung Panjalu dileungitkeun. Daérah éta kabéh jadi Kabupatén Galuh. Ku kituna, Kabupatén Galuh boga wilayah anu kacida legana, nya éta ti Cijolang nepi ka basisir kidul ti Citanduy nepi ka perbatasan Sukapura.
Sanggeus Adipati Jayanagara maot, kalungguhana salaku bupati digantikeun ku Anggapraja. Tapi teu lila kalungguhan diserahkeun ka adina Angganaya. Sagigireun éta, daérah Utama dihijikeun jeung Bojonglopang, dipindahkeun ka Karawang sarta jadi cikal bakal bupati Karawang.
Taun 1645 sanggeus Sultan Agung maot, Amangkurat I putra Sultan Agung balik deui ngalakukeun réorganisasi wilayah Priangan. Wilayah éta dibagi jadi sababaraha daérah ajeg (satahap kabupatén), diantarana Sumedang, Bandung, Parakanmuncang, Sukapura, Imbanagara, Kawasén, Galuh, jeung Banjar.

Asal Kecap Galuh


Galuh asalna tina kecap Sansekerta anu hartina sarupa batu permata. Kecap Galuh bisa ogé digunakeun pikeun sesebutan ratu anu can kawin (raja putri). Sejarawan W.J. van der Meulen nyawang yén kecap galuh asalna tina kecap sakaloh anu hartina asalna tina walungan. Aya ogé sawangan anu nyebutkeun yén kecap galuh asalna tina kecap galeuh hartina inti atawa bagian tengah kai anu paling teuas.
               Galuh mémang pernah jadi hiji karajaan. Ngan carita ngeunaan Karajaan Galuh, utamana dina bagian awal, pinuh ku mitos, sabab carita éta asalana tina sumber sekunder mangrupa naskah anu ditulis jauh sanggeus Karajaan Galuh leungit, Wawacan Sajarah Galuh diantarana nyaritakeun yén karajaan Galuh lokasina di Lakbok sarta mimitina diparéntah ku Ratu Galuh. Sanggeus banjir badag anu kaalaman ku Nabi Nuh surut, pusat Karajaan Galuh pindah ka Karangkamulyan sarta ngaran karajaanna ganti jadi Bojonggaluh. Dicaritakeun ogé putra Ratu galuh, nya éta Ciung Wanara paséa jeung Hariang Banga. Kajadian paséa éta ditungtungan ku mufakat yén kakawasaan Pulo Jawa bakal dibagi dua.
               Ciung Wanara ngawasa di Pajajaran, Hariang Banga ngawasa Majapahit. Salila can aya sumber jeung fakta anu kuat anu ngadukung, carita saperti kitu disebut mitos.
               Carita ngeunaan Karajaan galuh anu bisa dipercaya nya éta berita dina sumber primer mangrupa prasasti, naskah sajaman (ditulis dina jamanna atawa teu jauh tina kajadian anu dicaritakeunana), jeung sumber lain nu akurat. Numutkeun sumber-sumber, Galuh mangrupa ngaran hiji daérah di Jawa Barat. Dina Peta Pulo Jawa, kecap galuh digunakeun sabagé ngaran sababaraha tempat, saperti Galuh (Purbalingga), Rajagaluh (Majalengka), Sirah Galuh (Cilacap), Galuh Timur (Bumiayu), Segaluh jeung Walungan Begaluh (Leksono), Samigaluh (Purworejo), jeung Hujung Galuh di Jawa Timur. Sanggeus Karajaan tarumanagara (abad ka-5 – abad ke-7) bubar, di daérah Jawa Barat ngadeg Karajaan Sunda (abad ka-8 – abad ka-16). Poseur karajaanana pundah-pindah, ti Galuh pindah ka Pakuan Pajajaran/Bogor (± abad ka-11 – abad ka-13), tuluy pindah ka Kawali (abad ka-14). Satuluyna poseur karajaan pindah deui ka Pakuan Pajajaran nepi ka nelah Karajaan Pajajaran.
               Ngaran karajaan biasana sok jadi robah maké ngaran poseur karajaanana (ibu kota). Ku kituna teu anéh lamun Karajaan Sunda anu puseurna di Galuh, disebutna Karajaan Galuh. Ceur perkiraan poseur Galuh waktu harita nya éta di Imbanagara ayeuna. Raja anu kawentar anu ngawasa di Galuh nya éta Sanjaya. Nalika puseur karajaan di Kawali (abad ka-14) diparéntah ku Prabu Maharaja (di kalangan masarakat mah disebutna Maharaja Kawali). Dina mangsa pamaréntahan éta raja agama Islam asup ka Kawali ti Cirebon antara taun 1528 – 1530.

Sajarah Galuh Ciamis


Daérah Galuh anu ayeuna ngaranna Ciamis miboga lalampahan sajarah anu kacida panjangna. Hal éta kabukti tina periodisasi anu diliwatanana, nya éta masa pra-sejarah, masa karajaan (abad ka-8 – abad ka-16), masa kakawasaan Mataram, kakawasaan Kompeni, jeung Walanda/Hindia Belanada (ahir abad ka-16 – awal tahun 1942), masa pendudukan Jepang (awal taun 1942 – 15 Agustus 1945), jeung masa kamerdékaan (17 Agustus – sekarang). Lalampahan sajarah Galuh anu panjang nepi ka kiwari can kapanggih sacara komperhénsip, malah sababaraha bagian sajarah Galuh masih ”poék”. Lian ti éta, sajarah Galuh masa karajaan masih loba anu pacampur jeung mitos atawa legenda, balukarna carita ngeunaan Galuh masa karajaan ogé aya sababaraha vérsi.
               Alesan can ayana tulisan sajarah Galuh sacara komperhénsip dipangaruhan ku sababaraha faktor. Nu kahiji, Pémda Kabupatén Ciamis kurang mere perhatian kana sajarah daérahna sorangan. Kadua, kurangna sejarawan anu boga minat pikeun ngungkap sajarah Galuh, alesanna sabab ngabutuhkeun biaya anu gedé pikeun néangan jeung nalungtik sumberna.
Masing geus aya ogé hasil panalungtikan sajarah Galuh, tapi ngan saukur gurat badagna ngeunaan aspék atawa kurun waktu anu tangtu.
               Sajarah teu saukur boga fungsi informatif, tapi ogé boga fungsi édukatif, malah sabenerna ngabogaan fungsi pragmatik, hususna pikeun pemda anu aya di éta tempat. Hal éta lantaran sajarah mangrupa  hiji prosés kausalitas anu sinambung. Kahirupan kiwari mangrupa hasil tina kahirupan bihari, sarta kahirupan kahareup ditangtukeun ku sikep urang dina ngeusian kahirupan ayeuna. Ku kituna urang kudu pinter diajar tina sajarah, sabab sajarah mangrupa ”obor bebeneran” supaya urang teu “pareumeun obor”.