Kamis, 26 Mei 2011

kagiatan nga HUMA


Jinis Huma
 Numutkeun fungsi, letak jeung lokasi,ogé tina tingkatan adat na, dibagi jadi 5 jenis nya éta : huma sérang,huma puun,huma tangtu,huma tuladan,jeung huma panamping.
Huma sérang nya éta huma anu tempatna di daerah  nu tangtu jeung paré na khusus dipaké pikeun upacar-upacara kapuunan. Huma puun, nya éta nu tempat garapannana di khususkeun ku puun,jeung di paké pikeun jaminan kahirupan puun jeung kulawargana salila eta jalma nyandang jabatan puun. Huma tangtu nya éta tempat ngahuma di daerah tangtu nu dipake pikeun garapan masyarakat anu aya di daerah nu tangtu(kanékés jero). Huma tuladan nya éta lahan huma nu aya di daerah panamping jeung paré na dipaké pikeun kaperluaan upacara adat panamping. Huma panamping nya éta tempat ngahuma nu dareh garapanna aya di daerah panamping jeung di garap ku masyarakat daerah panamping.
Cara Ngagarapna
Ngagarap taneuh ku cara nghuma  merlukeun tahap garapan jeung upacara adat anu luwih lila mun di bandingkeun jeung sistem sawah mah,sabab sistem huma mangrupakeun ngagarap taneuh sacara tradisional nu geus aya lila ti jaman pra islam sistim huma dikenal ku masarakat sunda.
                Di masyarakat kanekes masih kénéh make hitungn bintang pikeun nghuma na. Conto na waé lamun tanggal kidang,turun kujang. Hal éta nandakeun lamu bintang kijang mimiti muncunghul,éta waktuna pikeun ngamimitian nga huma. Kujang minangka alat tatanen nu miboga guna pikeun ngagombak tatangkalan. Saacn di pake kujang na kudu di doaan heuila ku puun.
                Kagiatan nga huma miboga tahapan proses ngagarap huma nya éta ngliwatan 9 tahapan nya éta: narawas,nyacar,nukuh,ngaduruk,ngaseuk,ngirab sawan,ngored,dibuat,ngunjal atawa ngangkut.
                Dina narawas,patani datang ka tempat nu rek di jieun taneuh huma. Terus netepkeun taneuh mana waé nu bakal dijadikeun kagiatan nga huma oge méré tanda sangkan eta taneuh teu di pake ku batur. Dina kagiatan nyacar nya éta kagiatan ngagombak taneuh nu bakal di paké pikeun humaeun sangkan eta taneuh bisa katojo langsung ku panon poé. Tapi numutkeun papatah kanékés mah teu meunang atawa haram pikeun  nuare tangkal anapon eta tangkal téh leutik atawa gedé. Jadi mun di kanékés mah kagiatan nyacar na téh nya éta ku cara nyingkahkeun hungkul tatangkalan nana paya bisa asup panon poé hungkul teu kudu di tuaran. Jadi kukituna nga huma di daerah kanékés mah teu ngarusak alam sabudeureunana. Justru malahanmah numuwuhkeun nilai konservasi alam. Kagiatan nukuh, nya éta ngagaringkeun jujukutan ,atawa dahan-dahan peunggas anu laleutik pikeuun di tumpukeun terus di di duruk. Kagiatan éta diaranan ngaduruk.
                Ngaseuk nya éta kagiatan ngaliangan dina taneuh huma kalayan di béré jarak anu sarua. Alat nu di paké nya éta ngarana aseuk nu dijieuna tina kai anu lempeng anu ukuranna kurang leuwih 150 cm, gedé na eta kai kurang leuwih sagedé sakepeul leungeun. Liang –liang leutik tadi miboga guna pikeun tempat melak binih paré nu saterusna di tutup ku taneuh nu aya di sbudeureunana. Melak paré éta dibéré ngaran muuhan. Aya kabiasaan di sunda nya éta lamun ngaseuk ku lalaki, berarti muuhan na ku awéwé.
                Kagiatan ngirab sawan nya éta kagiatan mersihan huma tina sagala nu mangaruhan kana gancang tumuwuhna paré, biasana mah kalakay-kalakay jeung dahn dahan tatangkalan.
                Biasana mun paré geus rada jarangkung biasana di sabuderuna ogé loba nu kalaluar biasana jukut-jukut nu ngaganggu, tah nu kitu dialana téh sok di kored. Ngored ogé miboga tujuan pikeun ngagemburkeun taneuh sangkan bisa subur.
                Saenggeus paré mimiti mear konéng ciciren yén eta paré geus asak, diala ku cara maké pakakas nu ngarana étem. Ngala pare disebut dibuat tah kagiatn na téh ngarana panen téa.

SBI?!


“Sekolah Bertarap Internasional”(SBI) mangrupa jenjang sakola nu aya di Indonesia nu ngagunakeun standar mutu internasional. Proses diajar nu di gunakeun ku sakola SBI lewih nyoko kana ngembangkeun daya kreasi,inovasi jeung exsperimentasi pikeun ngarangsang ide-ide anyar nu can pernah aya.
                Konsep dasar SBI nya éta dina proses diajarna ngagunakeun panganteur B.inggris, sarana prasarana nu kudu nyumponan kana kabutuhannana. Dina konsepna sakalo SBI, pamarentah kudu ngaluarkeun dana anu kawilang teu saeutik. Teu saeutik para ahli nyebut sakola SBI nya éta konsepan sakola anu gagal.
                Numutkeun bapa Satria Darma( ketua umum ikatan Guru Indonesia) “ Program SBI itu salah konsep. Buruk dalam pelaksanaanya dan 90% pasti gagal. Di luar Negri konsep sekolah ini gagal dan ditinggalkan”. Aya sababaraha alesan naha sakola SBI kudu di bubarkeun. Hal anu ka hiji nya éta ngarusak bahasa. Naha ngarusak bahasa? Sabab asa teu mungkinguru kudu diajar B.Inggris dina waktu opat nepi ka lima poe. Guru bakalan ngarasa beurat pisan komo bari kudu mahaman sakabeh materi jaba kudu bisa nyajikeun pelajaran dina B.Inggris. kukituna muncul kamungkinan mun jiga kieu materi nu ditepikeun bakalan ngaco sabab  si guru teu faseh nerangkeun dina B.Inggris. sabab sabab dina B.Inggris lamun slah sa hurf oge geus beda hartina téh. Jadi aya kamungkinan murid teu lulus UN sabab materi na salah nepikeun.
                Di sisi nu séjén, numutkeun riset hiywel coleman ti university leed uk nu di muat dina salah sahiji media elctronik. Netelakeun yén ngagunakeun B.Inggris dina proses diajar bakalan ngarusak kompetensi bahasa Indonesia.sabenerna titik lemah SBI aya dina ngagunakeun bahasa panganteurna nu ngagunakeun B.Inggris. di nagara-nagara lain konsep sakolaSBI, tapi bahasa panganteurna ngagunakeun Bahasa Nasional. Contonas jepang,cina,korea. Soksanajan make panganteur Bahasa Nasional , kualitas murid na aya dina taraf Dunia.
                Konsep sakola SBI oge geus ngarempak  Undang –Undang 1945, oge Undang-Undang pasal 33 nomer 20 taun 2003 ngeunaan sistem pendidikan Nasional jeung  ogé ngareumpak pasal 29 Undang-Undang nomer 24 taun 2009 ngeunaanbendera, lambang,jeung lagu kebangsaan