Kamis, 26 Mei 2011

kagiatan nga HUMA


Jinis Huma
 Numutkeun fungsi, letak jeung lokasi,ogé tina tingkatan adat na, dibagi jadi 5 jenis nya éta : huma sérang,huma puun,huma tangtu,huma tuladan,jeung huma panamping.
Huma sérang nya éta huma anu tempatna di daerah  nu tangtu jeung paré na khusus dipaké pikeun upacar-upacara kapuunan. Huma puun, nya éta nu tempat garapannana di khususkeun ku puun,jeung di paké pikeun jaminan kahirupan puun jeung kulawargana salila eta jalma nyandang jabatan puun. Huma tangtu nya éta tempat ngahuma di daerah tangtu nu dipake pikeun garapan masyarakat anu aya di daerah nu tangtu(kanékés jero). Huma tuladan nya éta lahan huma nu aya di daerah panamping jeung paré na dipaké pikeun kaperluaan upacara adat panamping. Huma panamping nya éta tempat ngahuma nu dareh garapanna aya di daerah panamping jeung di garap ku masyarakat daerah panamping.
Cara Ngagarapna
Ngagarap taneuh ku cara nghuma  merlukeun tahap garapan jeung upacara adat anu luwih lila mun di bandingkeun jeung sistem sawah mah,sabab sistem huma mangrupakeun ngagarap taneuh sacara tradisional nu geus aya lila ti jaman pra islam sistim huma dikenal ku masarakat sunda.
                Di masyarakat kanekes masih kénéh make hitungn bintang pikeun nghuma na. Conto na waé lamun tanggal kidang,turun kujang. Hal éta nandakeun lamu bintang kijang mimiti muncunghul,éta waktuna pikeun ngamimitian nga huma. Kujang minangka alat tatanen nu miboga guna pikeun ngagombak tatangkalan. Saacn di pake kujang na kudu di doaan heuila ku puun.
                Kagiatan nga huma miboga tahapan proses ngagarap huma nya éta ngliwatan 9 tahapan nya éta: narawas,nyacar,nukuh,ngaduruk,ngaseuk,ngirab sawan,ngored,dibuat,ngunjal atawa ngangkut.
                Dina narawas,patani datang ka tempat nu rek di jieun taneuh huma. Terus netepkeun taneuh mana waé nu bakal dijadikeun kagiatan nga huma oge méré tanda sangkan eta taneuh teu di pake ku batur. Dina kagiatan nyacar nya éta kagiatan ngagombak taneuh nu bakal di paké pikeun humaeun sangkan eta taneuh bisa katojo langsung ku panon poé. Tapi numutkeun papatah kanékés mah teu meunang atawa haram pikeun  nuare tangkal anapon eta tangkal téh leutik atawa gedé. Jadi mun di kanékés mah kagiatan nyacar na téh nya éta ku cara nyingkahkeun hungkul tatangkalan nana paya bisa asup panon poé hungkul teu kudu di tuaran. Jadi kukituna nga huma di daerah kanékés mah teu ngarusak alam sabudeureunana. Justru malahanmah numuwuhkeun nilai konservasi alam. Kagiatan nukuh, nya éta ngagaringkeun jujukutan ,atawa dahan-dahan peunggas anu laleutik pikeuun di tumpukeun terus di di duruk. Kagiatan éta diaranan ngaduruk.
                Ngaseuk nya éta kagiatan ngaliangan dina taneuh huma kalayan di béré jarak anu sarua. Alat nu di paké nya éta ngarana aseuk nu dijieuna tina kai anu lempeng anu ukuranna kurang leuwih 150 cm, gedé na eta kai kurang leuwih sagedé sakepeul leungeun. Liang –liang leutik tadi miboga guna pikeun tempat melak binih paré nu saterusna di tutup ku taneuh nu aya di sbudeureunana. Melak paré éta dibéré ngaran muuhan. Aya kabiasaan di sunda nya éta lamun ngaseuk ku lalaki, berarti muuhan na ku awéwé.
                Kagiatan ngirab sawan nya éta kagiatan mersihan huma tina sagala nu mangaruhan kana gancang tumuwuhna paré, biasana mah kalakay-kalakay jeung dahn dahan tatangkalan.
                Biasana mun paré geus rada jarangkung biasana di sabuderuna ogé loba nu kalaluar biasana jukut-jukut nu ngaganggu, tah nu kitu dialana téh sok di kored. Ngored ogé miboga tujuan pikeun ngagemburkeun taneuh sangkan bisa subur.
                Saenggeus paré mimiti mear konéng ciciren yén eta paré geus asak, diala ku cara maké pakakas nu ngarana étem. Ngala pare disebut dibuat tah kagiatn na téh ngarana panen téa.

SBI?!


“Sekolah Bertarap Internasional”(SBI) mangrupa jenjang sakola nu aya di Indonesia nu ngagunakeun standar mutu internasional. Proses diajar nu di gunakeun ku sakola SBI lewih nyoko kana ngembangkeun daya kreasi,inovasi jeung exsperimentasi pikeun ngarangsang ide-ide anyar nu can pernah aya.
                Konsep dasar SBI nya éta dina proses diajarna ngagunakeun panganteur B.inggris, sarana prasarana nu kudu nyumponan kana kabutuhannana. Dina konsepna sakalo SBI, pamarentah kudu ngaluarkeun dana anu kawilang teu saeutik. Teu saeutik para ahli nyebut sakola SBI nya éta konsepan sakola anu gagal.
                Numutkeun bapa Satria Darma( ketua umum ikatan Guru Indonesia) “ Program SBI itu salah konsep. Buruk dalam pelaksanaanya dan 90% pasti gagal. Di luar Negri konsep sekolah ini gagal dan ditinggalkan”. Aya sababaraha alesan naha sakola SBI kudu di bubarkeun. Hal anu ka hiji nya éta ngarusak bahasa. Naha ngarusak bahasa? Sabab asa teu mungkinguru kudu diajar B.Inggris dina waktu opat nepi ka lima poe. Guru bakalan ngarasa beurat pisan komo bari kudu mahaman sakabeh materi jaba kudu bisa nyajikeun pelajaran dina B.Inggris. kukituna muncul kamungkinan mun jiga kieu materi nu ditepikeun bakalan ngaco sabab  si guru teu faseh nerangkeun dina B.Inggris. sabab sabab dina B.Inggris lamun slah sa hurf oge geus beda hartina téh. Jadi aya kamungkinan murid teu lulus UN sabab materi na salah nepikeun.
                Di sisi nu séjén, numutkeun riset hiywel coleman ti university leed uk nu di muat dina salah sahiji media elctronik. Netelakeun yén ngagunakeun B.Inggris dina proses diajar bakalan ngarusak kompetensi bahasa Indonesia.sabenerna titik lemah SBI aya dina ngagunakeun bahasa panganteurna nu ngagunakeun B.Inggris. di nagara-nagara lain konsep sakolaSBI, tapi bahasa panganteurna ngagunakeun Bahasa Nasional. Contonas jepang,cina,korea. Soksanajan make panganteur Bahasa Nasional , kualitas murid na aya dina taraf Dunia.
                Konsep sakola SBI oge geus ngarempak  Undang –Undang 1945, oge Undang-Undang pasal 33 nomer 20 taun 2003 ngeunaan sistem pendidikan Nasional jeung  ogé ngareumpak pasal 29 Undang-Undang nomer 24 taun 2009 ngeunaanbendera, lambang,jeung lagu kebangsaan

Kamis, 03 Februari 2011

Nu mangaruhan sora basa

A.     Proses Asimilasi
Proses asimilasi nya éta proses nu mangaruhan sora nu teu mangaruhan kana identitas fonem jeung kawatesanan dina asimilasi fonetis hungkul. Numutkeun arah pangaruh sorana,proses asimilasi dibédakeun jadi dua :
a.       Asimilasi Progresif
b.      Asimilasi Regresif
B.     Artikulasi penyerta
Proses nu mangaruhan sora nu di sababkeun ku artikulasi. Ieu debedakeun jadi lima:
a.       Labialisasi,nya éta ngabuleudkeun biwir dina artikulasi primer sahingga kadenge sora semi-vokal[W] dina sora utama éta.misalnya,sora [t] dina kecap tujuan kadangu sora [tw].
b.      Retrofleksi,nya éta di tarikna ujung letah ka jero dina artikulasi primer,sahingga kadenge sora [r] dina sora utama. Misalna, [kr] tina sora [k] dina kecap kardus.
c.       Palatalisasi, nya éta ngantelkeun letah kana lalangit teuas dina artikulasi primer. Misalna sora [p] dina kecap piara kadenge jiga [py].
d.      Velarisasi, nya éta ngantelkeun ujung letah kana lalangit hipu dina artikulasi primer. Misalna,sora [m] dina kecap mahluk kadenge jiga [mx].
e.       Glotalisasi,nya éta proses nu ngahambatan dina glottis atawa nutup pas artikulasi primer di ucapkeun, vocal dina bahasa Indonesia sering di glotalisasi,misalna, sora [o] dina kecap obat kadenge jiga [?o].
C.     Pangaruh Sora kusabab distribusi
Pangaruh sora kusabab distribusi nu nimbulkeun proses-proses di handap:
a.       Aspirasi, nya éta pangucapan sora di rojong ku hembusan kaluarna udara kucara kuat kadengena sora [h]. misalna,konsonan letup nyora [b,d,j,g] kadenge na jiga [bh,dh,jh,gh].
b.       Pelepasan, nya éta pangucapan sora hambat letup nu sakuduna di hambat,tapi henteu di hambat jeung bareng sora sa anggeusna di ucapkeun.pelepasan di bedakeun jadi tili nya éta:
        - Lepas tajam atau lepas penuh
- Lepas nasal
- Lepas sampingan
- Pemgafrikatan.
            D. Kehomorganan
                 Kehomorganan nya éta konsonan nu miboga sifat khusus.aya dua jenis kehomorganan,nya éta:
a. Kehomorganan penuh
b. Kehomorganan sebagian
            TRANSKRIPSI SORA BASA
                     Transkripsi nya éta panulisan tuturan atawa parobahan teks ku tujuan jang nyarankeun lafal sora, fonem,morfem atawa tulisan sarua jeung ejaan nu dipake dina hiji basa nu jadi sasaranna. Transkripsi dibedakeun jadi:
a.       Transkripsi fonetis, nya éta panulisan parobahan numutkeun sora,tanda […]
b.      Transkripsi fonemis, nya éta basa numutkeun fonem. Tanda /…/
c.       Transkripsi fonemis, nya éta panulisan pangubahan numutkeun morfem. Tanda {…}
d.      Transkripsi otrografis, nya éta panulisan parobahan numutkeun huruf atawa ejaan basa nu jadi tujuanna. Tanda <…>

Transliterasi nya éta gantina huruf tina abjad nu hiji ka abjad nu liana tanpa ngahiraukeun lafal sora nu aya patalina.misalna,trasliterasi ti aksara jawa di alihkeun ka huruf abjad laten.
Sumber: fonologi bahasa Indonesia, PENULIS : DRS. H. AKHLAN HUSEN ,DRS. YAYAT SUDARYAT, M. Hum.

etika jeung moral


2.1              Etika jeung moral
         Etika asal kecapna tina ethics(b.yunani:ethos) anu hartina nya éta adaptasi kabiasaan.hiji reflekssi kritis jeung rasional ngeunaan nilai,ajaran.
Moralitas nya éta system moral (tradisi kapercayaan dina agama jeung kapercayaan)system nilai ieu aya dina ajaran,diwariskeun turun timurun jang pituduh anu kongkrit manusa dina ngajalankeun kahirupan.
Jadi lamun moralitas mah ajaranna,tah mun étika mah elmu (ngeunaan moralitas)
2.1.1        Fungsi Ĕtika
Mere orientasi kritis jeung rasional dina merangan pluralism moral,nu diakibatkeun ku:
a.       Ayana pabentar pamahaman moral
b.      Ayana glombang modemisasi
c.       Munculna ideology-ideologi anyar
2.1.2        Étika jeung tatakrama
Étika téh  minangka nu ruket patalina jeung tata karma.tatakrama hiji jalma atawa hiji bangsa kacida kapangaruhan ku étika anu dianutna.dina gurat badagna,etika nu mangaruhan tata karma (étikét) téh nya éta:
a.       Étika teologis(religi)
b.      Étika filosofis
c.       Étika social
Tilu sumber éta téh dina kanyataanana mangaruhan pisan kana étikét(tatakrama )hiji jalma atawa hiji bangsa sakapeung kalawan gampang bias katangar bédana,tapi mindengnamah galo ngawujud dina hiji tingkah laku anu hésé di pasing-pasingna deui,da geus campur téa
2.1.3        Etika jeung Agama
Agama nu ngadasaran diri dina wakyu sedengkeun dina rasio manusa nu iman manggihan orientasi dasar kahirupan dina agamana. Etika nu mantuan mere orientasi rasional kana iman:
a.       Ngajaga interpretasi nu beda-beda kana jaran moral nu di ebrehkeun dina wahyu.
b.      Mantuan mecahkeun hiji masalah-masalah moral nu anyar kaluar nu teu cara langsung di ebrehkeun dina wahyu.
2.2              Nilai
Nilai dina umumna  hiji hal anu alus,anu dianngap aya hargaan,nu miboga harti.nilai di piheulaan ku fakta nu berkaitan jeung subyek,nilai miboga sifat praktis jeung pragmatis,jeung nilai oge ngan bias di tenjo lamun aya obyek.
2.2.1        Nilai Moral
Aya sababaraha hiji nilai pang luhurna nya éta:
a.       Nu patalina jeung tanggung jawab
b.      Nu raket patalina jeung hate
c.       Ngawajibkeun sacara mutlak
d.      Perlu di larapkeun dina nilai-nilai(umum)
2.3              Norma
Norma dina umumna kaidah nu mertimbangkeun hasil nilai.ngandung aksi jeung pahala.norma prilaku di bagi dua nya éta khusus jeung umum.
2.3.1        Norma Moral
Mulai dipake lamun teu bias di tapsirkeun.nentukeun hade gorengna kalakuan di tempo tina sudut etis. Norma moral mangrupa norma nu pangluhurna,teu bias di ganti lamun jadi lewih saeutik jalma nu ngahayatanna,bias bentuk positif atawa negative
2.3.1.1     sifat-sifat khas Norma Moral
  miboga sifat mutlak.tanggapan jeung praktek étis nu beda-beda dina sababaraha kabudayaan bias nimbulkeun relativisme moral.tapi relativisme ieu teu tahan uji kusabab sababarahakonsekuensidi handap:
a.       teu ngaku kana bedana mutu etis antawia sababaraha kabudayaan
b.      tolak ukur panalitian etis kana prilaku manusa ngan dumasar kana kaedah –kaedah moral(budaya,kabiasaan)manusa eta.
c.       Teu mungkin kajadian dina kamajuan dina bidang moral
2.3.1.2     Objektivitas Norma Moral
a.       Ayana sifat subjektivitas norma moral
b.      Nilai jeung norma moral teu di tangtukeun sakahayang sorangan
c.       Bias di lakukeun diskusi atawa dialog negeunaan norma-norma moral
d.      Objektivitas norma henteu ngahapus kabebasan

2.3.1.3     Universalitas Norma Moral
a.       absolute jadi kudu universal,kapake tuluy dimana-mana
b.      meunang tantangan ti etika situasi
c.       etika situasi dina bentuk ekstrim teu tahan uji
2.3.2        Kaitan Norma jeung Nilai
a.       kaitan mangrupa ekspresi nilai
b.      norma mangrupa palindung niali
c.       norma ngan arti kusabab aya nilai di sagedengeunnana
d.      norma bias oge nyumputkeun atawa ngabubarkeun nilai
2.4.1 Hak jeung Kawajiban
 Wangenan hak nya éta hiji klaim nu sah tur bener,wewenang sacara etis.minangka hiji panggilan ka jalma lian.
2.4.2 papasingan hak
              a. hak legal :minangka hak anu di dasran ku hokum
              b. hak moral: minangka  hak  nu di dasaran ku prinsip etis
   duanana silih kakaitan.
c.hak khusus: minangka anu kaluar tina hiji relasi atawa fungsi khusus
d. hak umum: di pimilik manusa tanpa sarat nanaon(hak aqzasi)
e. hak negative: hak ngalakukeun atawa miboga naonaon oge ku cara teu meunang hahalang
f. hak positif : miboga hak yen manusa mere sasuatu ka diri kuring
g. hak individu: di pimilik ku individu(pikeun Nagara).jeung kudu di hargaan ku nagara
h. hak social: di pimilik minangka anggahota masyarakat jeung anggota masyarakat sejen.

Rabu, 02 Februari 2011

pileuleuyan ema sumedang

sumedang nu matak waas
cimalaka tungtung jugjugan
lebah pengkolan cadas pangeran
nu ngagurat dina hate
matak waas ka sumedang
pileuleuyan ema
katampi sagala kanyaah anjeun
pamugi sing kagentosan

kaadilan

kersaning gusti nu maha suci
ku aosan Bismillahirohmanirohim
nu baheula pa gegeye
ayeuna geus lawas tilas
mugia ditepungkeun deui
cag geura miang
geura tanjeurkeun kaadilan