Selasa, 09 November 2010

metode pangajaran maca

1. Métodé pangajaran Maca

Krida laksana (2001 : 135) netelakeun yen maca teh ngagali informasi tina teks boh tulisan atawa gambar nu mangrupa kaparigeulan pikeun paham kana basa tulisan sarta bentuk urutan lambang-lambang grafis jeung parobahana jadi wicara anu ngabogaan makna tina bentuk pamahaman maca jero hate atawa maca anu di bedaskeun.

Prosés maca ngawengku sababaraha aspék diantarana: kognitif,afektif,soial.sarta linguistik.Rusyana(1984:313) nétélakeun yén Tujuan pangajaran maca mangrupa rumusan tina paripolah anu geus di tetepkeun saméméhna anu kudu katempo tina diri siswa salaku akibat tina sastra mangrupa bagian tina prosés pendidikan,oge ngapresiasi ajén-inajén anu aya dina karya sastra nya éta ngawanohkeun jeung pamahaman hadé kana ajén sastra,jeung kanikmatan anu geus timbul akibatna tina prosés ngaprésiasi.

Maca miboga metodé anu disaluyukeun jeung fungsi sarta tujuan maca, salah sahiji contona nya éta maca anungabogaan tujuan jeung fungsi pikeun diajar (study). Maksudna nya éta maca pikeun mahaman eusi buku sacara gembleng sahingga pamahaman sacara konperhénsip tina eusi buku anau dibaca bakal kahontal.Maca pekeun kaperluan diajar(study),dipihareup pamaca anu efisién sarta éféktif perlu ngayakeun persiapan anu tangtu sarta nyaho kana métode-métode anu éféktif sarta éfisién.

Salah sahijina téhnik sarta métode anu sok dipaké nya éta SQ3R(survey,question,read,recite,review):

a) Survey: survéy hiji bacaan.

b) Question: ngajukeun patalékananu bisa ngabing-bing dina kagiatan maca.

c) Read: maca eusi bacaan.

d) Recite: nyaritakeun eusi bacaan ku bahasa sorangan.

e) Review:ngulang deui bahan bacaan anu satuluyn bakal di saruakeun antara anu geus dicaritakeun jeung eusi bahan bacaan.

Métodé anu geus disebutkeun diluhur bisa dijadikeun stratégi pikeun lumangsungna kagiatan maca.

2. Model Close Reading

Tarigan (1993:33)nétélakeun yén close reading atawa maca taliti nya éta cara sarta upaya pikeun ngahontal mapahaman sautuhna tina hiji bacaan. Model kieu mangrupa aspék penting dina kamekaran pangaweruh siswa,pikeun kaperluan pangaweruh ka tingkat anu leuwih luhur. Pikeun lumangsungna model ieu,kudu di rojong ku kaparigeulan,diantarana

1. survéi anu gancang dina merhatikeun atawa nempo organisasi dina pamarekan umum

2. maca sacara taliti sarta maca ulang unggal paragrap pikeun manggihan kecap-kecap anu penting.

3. manggih hubungan tina unggal paragrap sakabéh tulisan atwa artikél.

Aya sababaraha tujuan anu rék di hontal ku cara maca taliti diantawisna :

1. nginget sarta paham kana idé-idé pangarang

2. nganalisis para tokoh

3. paham kana konsép-konsép anu khusus

4. ngagambarkeun hubngan-hubungan

5. néangan pola-pola

6. nganalisis gaya (Tarigan: 33)

Maca ngabogaan hubungan anu penting pisan jeung pangajaran, ku kituna ngliwatan modél close reding dipiharep kudu bisa:

a) néangan informasi ngaliwatan daftar eusi sarta sumber-sumber anu liana

b) milih informasi anu saluyu jeung kabutuhan

c) nyusun sarta nginget kana informasi kucara nulis deui catetan ngeunaan eusi gurat badagna argumenana

d) nangtukeun pentingna ilistrasi-ilustrasi grafik

e) ngilu kana pituduh sarta léngkah-léngakah anu aya

f) nyaluyukeun gaya sarta gancangna maca kana tujuan anu rék dihontal tina hakékat bahan bacaan.

3. Tehnik jeung métode dina maca

a) Survéy(survei), survéi hiji bahan bacaan,contona dina panalungtikan,nu kudu di survéi nu ngarana judul,sub judul bab utama.tuluy maca sakils paragrap,merhatikeun gambar-gambar,grafik atawa diagramanu bisa ngabantu kana ngamahaman eusi na.

b) Question( tanya) nya éta siswa bisa taliti jeung ati-ati dina ngalaksanakeun kagiatan maca lamun saupama kagiatan maca pikeun ngajawab atawa ngajeungkeun patalékan tina hal-hal anu geus dibaca, contona naon temana?,eusina ngeunaan naon?,saha palakuna?,kumaha konflikna?jst

c) Read(maca),léngkah satuluyna nya éta maca sacara taliti per paragrap sabab dina unggal paragrap mangrupa kamekaran tina hiji pikiran pokok.siswa kudu bisa nyaho kana pikiran-pikiran pokok supaya bisa kapanggih eusi pikiran si pangarang

d) Recite(nyaritakeun deui eusi bacaan ku basa sorangan ),dina kagiatan ieu siswa nempo deui catetan-catetan anu geus dijieun sarta nginget deui ide-ide utama tina bacaan nu geus dibaca.tuluy jawab panalékan anu geus di jieun,maké basa sorangan.

e) Review(ngulang eusi bacaan),dina kagiatan ieu siswa mariksa ulang,lain maca ulang tapi nempo judul,gambar,diagram,kaasup panalékan.

Dipihareup léngkah ieu bisa ngingetkeun kana eusi bahan anu geus dibaca.

4.Sumber panakungtikan

Sumber panalungtikan nyaeta tina skripsi:

Wasta: dwi nuryanti wulandari

Judul skripsi: model,close reading dina pangajaran maca carpon basa sunda

Taun : 2007

Morfologi

Kecap

Kecap nya éta wangun katatabasaan pangleutikna.kecap mangrupa wangun bagian kalimah anu di cirian ku ayana randegan, ogé nu mibanda harti. Ku kituna LBSS(1983) nétélakeun yén kecap téh nya éta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.

kecap téh nya éta wangun bébas anu lain frasa: biasana disebut ogé wangun

bébas anu teu diwangun ku dua, atawa leuwih, wangun bébas anupangleutikna (Bloomfield 1961)

Kecap nya éta morfém atawa kombinasi morfém anu mangrupa wangun pangleutikna tur bisa diucapkeun jadi wangun bébas;wangun basa nu bisa madeg mandiri, diwangun ku hiji atawa gabungan sababaraha morfém.( Kridalaksana 1982).

Sipat kecap

1. Kecap bisa diwangun ku hiji morfém bébas wungkul

2. Kecap bisa diwangun ku hiji morfém bébas ditambah ku sakurangkurangna

hiji morfém kauger

3. Kecap bisa diwangun ku morfém dasar anu dirajék

4. Kecap bisa diwngun ku hiji morfém jeung hiji morfém (bébas/kauger)

Kecap sifat(Adjektiva)

Numutkeun Alam Sutawidjaya (1984) kecap sifat nya éta sajumlah kecapbanu sakurang-kurangna mibanda ciri:

a. Bisa di tempelkeun dina wangun babandingan/dipiheulaan morfém lewih jeung konfiks pang….na.

b. Biasana bisa maké inténsifiér pisan jeung pohara +-na.

Numutkeun Karna Yudibrata(1981) nétélakeun yén kecap sifat nya éta ajumlah kecap anu bisa dipake ngawangun babandingan, contona: alus pisan, pang badagna.

Numutkeun Maman Sumantri (1984) nétélakeun yén kecap sifat téh nya éta anu miboga ciri:

a. bisa dirarangkénan pang - - - an

b. bisa ngawangun frasa maké kecap pisan jeung kacida

Numutkeun R. Momon Wirakusumah (1969) nétélakeun yén kecap sifat téh nya éta kecap anu nerangkeun kecap barang, kumaha rupana (bangun/warna), rasana, ambeuna, bakatna, kaayaanana, contona: bodas, pait, jéngkoleun.

Numutkeun Kecap A. Tisnawerdaya (1975) nétélakeun yén kecap sifat Kecap Sipat (kaayaan) nya éta kecap paranti nerangkeun kaayaan barang atawa ciri barang, saperti, hideung, bodo, pinter.

ciri kecap sifat

kecap sifat miboga ciri nya éta:

1. bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani

2. bisa di tuturkeun ku kecap kacida,pisan,jeung naker

3. bisa di rarngkenan ku Pang….-na

4. bisa ngawangun frasa Pohara……-na

analisis folklore nu aya dina seminar "Wanoja, Sastra,jeung Tata krama Sunda"

1. Analisis Folklor Wanoja Dina Sastra Sunda Ti Bihari Tepi Ka Kiwari

Dina pedaran anu ka 1 nu judulna “Wanoja Dina Sastra Sunda ti Bihari Tepi Ka kiwari” aya sababaraha nu kaasup folklor. Dina pedaran ieu aya sababaraha nu kaasup folklor lisan contona: wanoja dina carita pantun jeung wanoja dina dongeng.

1.1. Dina Carita pantun

Carita pantun kaasup kana folklor lisan sabab eta jenis (genre)kaasup kana folklor lisan jeung sumebar eta carita pantun téh ku cara lisan.

Dina carita pantun aya tokoh –tokoh anu méré ajén palsapah kahirupan, anu bisa dipaké pikeun tuntunan urang sadaya salaku urang sunda nu hirup dina jaman modern méh teu leungit ajen kasundaanna ,contona baé karakter Putri Purbasari dina Carita Pantun Lutung Kasarung, dina carita ieu karakter purbasari mere papatah ka urang sadaya yén dina ngalakonan hiji hirup téh teu gampang,teu langsung instan,tapi kudu ngalakonana nu ngarana prosés. Putri purbasari geus ngabuktoskeun yén ku kasabarannana anjeuna meunangkeun anu leuwih tibatan anu embung ngaliwatan prosés nya éta Purba larang. Hal-hal samodel kitu anu leutik kacida,tapi bisa jadi bangbaluh anu badag pisan dina kahirupan sapopoe di zaman ayeuna.

Jadi sakabeh nu ngarana Carita Pantun pasti kaasup folklor sabab geus nyumponan kana sifat folklor nya éta anonim,naha geus nyumponan sifat anonim,sabab Carita Pantun nepi ka ayeuna eweuh nu apal saha nu geus ngarang eta Carita Pantun.

1.2. Dina dongeng

Dongeng nya éta carita pondok kolektif kasusastraan lisan,tapi dijaman kiwari dongeng ngan dipaké pikeun hiburan. Dina dongeng loba nu nyampak folklor-folklor,contona waé dina dongen “nyi pohaci” dina dongeng éta ngagambarkeun asal muasalna paré nu kaluarna tina kuburan nyi pohaci atawa dewi sri, lamun kaayeunakeun mah nepi ka kaluar papatah pikeun r budak nu sok nyésakeun daharna atawa teu béak, nya éta “lamun sangu na teu béak ke dewi sri na nangis”hal éta kaasup folklor lisan. Ungkara éta miboga arti anu hade atawa tujuan atikan nu hadé pikeun barudak di jaman kiwari nu ilaharna sok rada hésé kana meakeun kadaharan.

Sacara gembleng na dongeng téh kaasup kana folklore sabab miboga sifat anonim(teu apal saha nu ngarangna eta dongeng téh),terus dongeng oge miboga sababaraha fersi contona wae dongeng nyi pohaci atawa dewei pare,aya sababaraha persi nu béda,dongeng oge miboga logika sorangan nu sakapeung teu logis.hal-hal eta nu ngajadikeun yén dongeng téh kaasup kana folklor.

1.3. Dina Naskah- Naskah Sunda

Dina nu ditepikeun ku pawicara ngeunaan naskah-naskah sunda loba pisan nu kaasup kana folklor.dina naskah bujangga manic disebutkeun:

tohaan/ na Ajung Larang / 5v/

sakean kilat bancana

ngaleke ebreh na cangkeng,

cugenang tuang pinareup

Putri Ajun larang mere seupaheun,pakean,jeung bungbuahan ka bujangga manik. Nu nu nganterkeunana jompong larang. Bujangga Manik napsirkeun éta paméré tur nyebutkeun éta téh piteuhadeun. Bujangga Manik nyalahkeun indungna anu teu asak jeujeuhan. Lantaran Bujangga Manik mah hayang diajar bagbagan agama,putri téh ditampik tur babawaanna dipulangkeun deui. Naskah ieu méré gambaran pikeun kumaha ngototna Bujangga Manik hayang diajar agama nepi ka nyalahkeun indung,jadi naskah ieu ngagambarkeun meunang nyarek kolotn lamun éta kolot ngajak kana teu balég,teu balég di dieu lewih ka kaluar tina norma-nprma Agama. Kaciri pisan sifat folklorna nu mana carita Bujangga Manik nyumponan kana sifat –sifat folklor nu diantarana: kegunaan jeung standar.

Naskah-naskah sunda kaasup kana jenis folklore lisan.

2. Analisis Folklor Kamotekaran Wanoja Dina Kasusastraan Sunda

Dina hirup kumbuh sapopoé jaman karajaan té kawilang handap pisan,contona waé kalungguhan selir anu bisa di pake atawa di injeum ku pajabat pamarentaah alam harita. Dina prodak-prodak sastra oge nu mangrupa novel,carpon,jeung loba deui loba nu nyebutkeu kalungguhan wanoja masih kénéh éléh ku kaum jajaka,tapi sabada kamerdékaan kalungguhan wanija dina karya sastra kawilang ampir satata jeung kaum jajaka,contona waé dina proses kurung karang geus loba pangarang-pangarang awéwé.loba pisan gerakan gerakan peminisme nu ngahasilkeun kalungguhan wanoja di jaman kiwari jadi naék.

Dina pedaran “wanoja Dina Kasusastraan Sunda” aya sababaraha folklore nu nyampak nya éta dina jero isi caritaannana nu sok loba make babasan jeung paribasa,terus aya oge ajen filosofis tina wangunan imah nua aya dina novel.

Nu kaasup kana folklore lisan dina karya sastra nya éta:

a. Babasan jeung paribasa(indung tunggul rahayu bapa tangga darajat)

b. Carpon

c. Novel

d. Uga

Nu kaasup kana folklor séténgah lisan dina pedaran kasusastraan nya éta:

a. Kaulinan barudak dina novel dongeng enteng ti pasantren

b. Kapercayaan dina novel burak siluman

Nu kaasup kana folklor tulisan dina kasusastraan nya éta:

a. kadaharan –kadaharan tradisional nu aya dina novel anu nepi ka ayeuna can apal saha nu mimiti nyieun kadaharan éta.

Hal-hal éta kabéh kaasup kana folklor, boh sacara lisan tulisan atawa satengah lisan, hal-hal éta nu méré gambaran hirup kumbuh urang sunda jaman baheula anu di aplikasikeun kana bentuk karya sastra. Nu tangtuna mere manfaat kana kahirupan jaman ayeuna.

Dina nu ditepikeun ku panyaji ka dua ogé anjuna macakeun rajah atawa sok disebut ngarajah. Dina proses ngarajah eta kaasup kana folklor lisan. naha rajah kaasup kana folklore, sabab éta rajah nyumponan kana sifat –sifat folklor nu diantarana aya nu disebut anonim. Anonim nya éta eweuh nu nyaho saha nu mimiti eta nu ngarang kékécapan dina rajah téh.

3. Analisis folklor dina pedaran Tatakrama Sunda dina kahirupan Ayeuna

Dina pedaran Tatakrama Sunda aya sababaraha poin anu bisa di kategorikeun kana folklor,dina Tatakrama Sunda sok aya nu disebut “pamali” kécap pamali ieu lewih identik kana kapercayaan masarakat urang Sunda jaman baheula anu masih di paké ku masarakat urang sunda jaman ayeuna.kécap “pamali’ biasana sok leuwih dihargaan ku masarakat sunda.

Conto-conto pamali :

a. Tong sok cicing dinana lawang panto,pamali bisi nongtot jodo. Ungkara éta miboga ajén social anu hartina ulah cicing di lawang panto bisi nongtot jodo,padahal mah harti nu sabenernamah tong cicing di lawang panto bisi ngahalangan anu rék liwat.

naha urang sunda baheula make kecap pamali,sabab kecap pamali dina hirup kumbuh urang sunda harita kawilang dihargaan jeung pantrangan pikeun di reumpak. Lamun aya nu wani ngareumpak kana nu ngarana pamali bakal aya kajadian nu sabenerna nu disebutkeun ku pamali tadi. Sabenerna hal eta lewih condong kana kapercayaan.

Aya sababaraha kawih anu di pedar pikeun selingan anu judulna” Turunan Kudu Diurus Ulah Jadi Manusa Nu Lalemah’


IV/;4/9

Kudu sieun ku pangéran

Lamun boga ahli waris

Aranjeun kudu hariwang

Kudu risi ku gimir,

Bisina ahliwaris,

Barudak jeung anak incu

Turunan jadi lemah,

Kalantar lahir jeung batin.

Geura taqwa papatahan maranéhna

IV/;4/10

Saéstuna dolim pisan

Jelema nu wani-wani

Wani ngadahar hartana,

Hartana budak yatim,

Jalma kitu téh dolim

Anu kalakuan kitu,

Seuneu nu didaharna,

Beuteung bangkiang ku geni,

Saterusna diasupkeun ka naraka


Dina kawih éta kaasup kana folklor lisan sabab di jaman bihari mah kakawihan téh teu di pagelarankeun,sabab kakawihan di jaman bihari dipake dina hirup huripna manusa jaman bihari, contona waé pupuh,pupuh dipaké ku urang sunda bihari mah pikeun tamba késél,jadi eta kawih the kaasup kana folklore lisan.

Dina pedaran Tatakrama Sunda oge di pedar ngeunaan babasan paribasa “ngindung ka usum ngabapa ka jaman” nu ngandung harti hirup kudu saluyu jeung kaayaan tapi tong leupas tina ajén-ajén kasundaan jeung agamis. Hal éta kaasup kana folklor lisan.

carita pantun Kembang panyarikan

Sinopsis / Tingkesan Carita

Kasebut aya hiji raja nu ngarana Radén Aria Aliman Senjaya Guru Déwata nu jadi raja di nagara Gangsal Wayang, nu boga patih dua ngarana Aria Munding Jamparing jeung Pangéran Kunten Manglayang. Radén Aria Aliman Senjaya Guru Déwata gé boga opat pramésuri, nu diantarana nya éta Kajaksan Sari Badaya, Nyi Sarasah Wayang, Nyi Sarasah Kembang, jeung Nyi Endang Tapa. Hiji peuting baginda ngimpi papanggih jeung putri nu geulis kacida, nu ngarana Nyi Sumur Bandung, adina Prabu Rangga Kancana ti nagara Kuta Kancanan. Baginda nepi ka gering mikiran impénan éta. Tapi sakabéh patih jeung prajurit nu aya didinya teu sanggupeun narima tugas ti Baginda pikeun mawa Nyi Sumur Bandung, da karajaan éta mah penjagaanana ketat pisan.

Baginda tuluy ngayakeun pésta, ngarepkeun aya nu datang tuluy bisa mantuan Baginda pikeun meunangkeun Nyi Sumur Bandung. Baginda nitah léngsér sangkan méré nyaho rahayat pikeun ngayakeun pésta éta, tuluy léngsér ngaduruk menyan tujuh rancah.

Haseup menyan téh nepi ka nagara Kutana Gancang, kaangseu ku Ratu Kembang Panyarikan, nu boga adi nu geulis ngarana Nyi Payung Agung Gelang Gading. Jempol sukuna kekedutan tilu kali, Baginda yakin yén ieu téh tanda. Tuluy Ratu Kembang Panyarikan nanyakeun ka adina. Ku adina téh dijawab ˝ ieu téh mangrupa pertanda, kakanda kudu ngabdi ka putra raja (pajajaran) nu ngumbara ka belah kulon. Tapi, kakanda kudu jangji, mun geus panggih jeung raja éta, kakanda kudu ngajadikeun adinda jadi pramésuri éta raja.˝ Ku Kembang Panyarikan tuluy disanggupan, terus manéhna indit.

Sanggeus nepi ka nagara Gangsal Wayang, Ratu Kembang Panyarikan ménta papanggih jeung Radén Aria Aloman Senjaya Guru Déwata. Mimitina panggih jeung Pramésuri nu kahiji Kajaksan Sari Badaya kalayan suka cita pédah Kembang Panyarikan nyanggupan kahayang Baginda. Manéhna gé dijangjikeun dibéré posisi nu penting di karajaan.

Kembang Panyarikan tuluy indit néangan nagara Kuta Kancana, sanggeus kapanggih, émang ketat penjagaanna téh. Terus Kembang panyarikan maké ajian halimun méh teu katinggalieun ku nu jaraga. Sanggeus lolos tuluy manéhna nepungan Nyi Sumur Bandung. Manéhna bisa ngabujuk Nyi Sumur Bandung pikeun nyarita ka manéhna. Nyi Sumur Bandung gé pernah ngimpi panggih jeung lalaki nu kasép. Tapi, pas diajak nepungan éta lalaki, Nyi Sumur Bandung embungeun, manéhna teu yakin yén lalaki nu panggih dina impiana téh éta. Tuluy, Nyi Sumur Bandung nyieun tékték. Lamun tékték ieu asup kana kakandungan Baginda, éta téh jodona. Lamun henteu, beraarti lain jodona.

Kembang Panyarikan tuluy balik deui ka nagara Gangsal Wayang, tuluy ngalaksanakeun paréntah Nyi Sumur Bandung. Kusabab manéhna teu yakin bakal meunangkeun jangji ti Kajaksan Sari Badaya, manéhna nanyakeun deui naon nu bakal dipimilik ku manéhna lamun bisa meunangkeun Nyi Sumur Bandung bari ngabalikkeun caritaan Nyi Sumur Bandung mun tékték asup ka kakandungan baginda éta pertanda lain jodona, padahal mah sabalikna. Sanggeus nyaho yén manéhna bakal diangkat jadi wakil raja lamun bisa meunangkeun Nyi Sumur Bandung, manéhna indit deui ka nagara Kuta Kancana pikeun mawa Nyi Sumur Bandung tapi, manéhna kanyahoan. Tuluy Nyi Sumur Bandung disumputkeun dina ayunan, nu talina ditalikeun di méga malang. Kembang Panyarikan tuluy nyamar jadi jalma nu gering terus rék ngaleupaskeun talina. Tapi, manéhna katéwak ku Rangga Kancana, manéhna ngaku gering jeung teu nyaho yén éta téh tali ayunan. Tuluy manéhna niupkeun ajian sirep méh sakabéh nu aya didinya salaré. Saterusna Nyi Sumur Bandung téh dibawa ka nagara Gangsal Wayang tur daékeun jadi pramésuri nu kalima.

Baginda kacida bungaheunana, tuluy rék méré anugrah ka kembang Panyarikan. Tapi, manéhna nolak sabab ngarasa tugasna can anggeus, da bisi Rangga Kencana datang rék mawa Nyi Sumur Bandung deui. Ari pék téh Rangga Kancana datang tuluy gelut jeung Kembang Panyarikan. Kakuatan maranéhanana téh saimbang. Tapi, ahirna mah Rangga Kancana téh éléh tuluy ngabdi ka Radén Aria Aliman Senjaya Guru Déwata. Rangga Kencana diangkat jadi patih di Gangsal Wayang. Jadi Baginda boga patih lima : Ratu Kembang Panyarikan, Munding Jamparing, Pangeran Kunten Manglayang, jeung Rangga Kancana. Sarta boga pramésuri lima : Kajaksan Sari Badaya, Nyi Sarasih Wayang, Nyi Sarasih Kembang, Nyi Endang Tapa, jeung Nyi Sumur Bandung.

Sanggeus lila ngabdi di Gangsal Wayang, Kembang Panyarikan inget ka adina, tuluy ménta ijin ka Baginda pikeun balik ka nagrina pikeun mawa adina. Nepi ka nagrina, kasampak adina téh ambek ka manéhna sabab poho kana jangjina nu rék ngajadikeun adina pramésuri lamun geus panggih jeung éta raja. Kusabab ningali adina murka, Kembang Panyarikan saré saminggu lilana. Sanggeus ambekna eureun, Kembang Panyarikan hudang deui, tuluy ngajak adina ka Gangsal Wayang.

Nepi di mega malang, Payung Agung teu daékeun nuluykeun perjalanan da éra teu mawa nanaon. Manéhna hayang mawa manuk puyuh nu pamatukna emas jeung sukuna selaka, anjung-anjung wesi jimat nu eusina munding buluna hiris, kuda buluna landak, domba buluna songkét, kali cangkat jangjangna wayang, jeung papatong nu jangjangan emas. Lamun euweuh éta, manéhna moal indit. Ahirna Kembang Panyarikan nedunan paménta Payung Agung. Salian ti meunang nu dipikahayang ku adina, Kembang Panyarikan gé meunang putri nu gareulis pikeun persembahkeuneun ka baginda. Sanggeus kitu, pramésuri baginda nambahan tilu : Payung Ageung Gelang Gading, Nyi Tanjunglarang, jeung Panggung Wayang.

Kasebut ogé Pangéran Kuda Gagana, ratu siluman laut nu karék anggeus tapa. Manéhna nagih jangji ka Nyi Sumur Bandung nu baheula pernah dilamar ku manéhna. Tuluy manéhna ngajak Nyi Sumur Bandung milu jeung manéhna. Nyi Sumur Bandung ngahayukeun ka Pangéran Kuda Gagana. Béja dibawana Nyi Sumur Bandung nepi ka ceuli Kembang Panyarikan. Tuluy Kembang Panyarikan ngudag Pangéran Kuda Gagana. Tapi, dina perang Kembang Panyarikan éléh, manéhna dialungkeun ka Pusering Sagara. Didinya Kembang Panyarikan panggih jeung hiji jalma nu umurna sarua jeung manéhna, tapi nyebut manéhna Bapak. Jalma éta téh ngaranna Gagak Nabrang, anak sulungna.

Kusabab dibantuan ku Gagak Nabrang, Ratu Kembang Panyarikan bisa ngéléhkeun Kuda Gagana. Terus meunangkeun deui Nyi Sumur Bandung jeung Puyuh ajimat nu leupas. Tidinya di Gangsal Wayang téh aya prémasuri nu gareulis jeung patih nu sarakti.