1.
PODUKSI UJARAN
Saencan
ngabahas produksi ujaran, urang flash back heula kana bahasan tindak ujaran,
sangkan urang bisa paham kana istilah-istilah nu aya.
Numutkeun
Austin (dina Leech terjemahan Oka 1993: 306), sakumaha dikutip ku Nur Aini aya
tilu jenis tindakan ujar nya éta: (1) tindak lokusi (locuitionary act), (2)
tindak ilokusi (ilocuitionary act), jeung (3) tindak perlokusi (perlocuitionary
act).
Salasahiji
wangenan production/produksi nya éta kagiatan atawa proses nyieun hiji hal
sacara alami (Hornby, A.S. Oxford Advanced Learner’s Dictionary. 2000.p.1051.).
menurut Soenjono Dardjowidjojo, produksi kalimah merlukeun prosés psikologis
pikeun “ngaramu” unsur-unsur nu bakal diucapkeun dina urutan nu wajar jeung
koordinasi nu pas jeung neurobiology manusa (2010.p.115).
1.1
Keterangan Umum
Pengungkapan Pikiran (Production atawa Expression)
Nu dimaksud
ngébréhkeun pikiran di dieu nya éta kamampuhan hiji jalma pikeun ngébréhkeun
pikiranna ngaliwatan alat vocal atawa tulisan. Umumna psikolinguistik leuwih
nyoko kana pamahaman daripada ébréhan pikiran hiji jalma. Alesanna, yén para
ahli leuwih gampang pikeun nalungtik pamahaman (ti sudut pangregep) daripada
ébréhan pikiran (ti sudut panyatur) sabab ékspérimén-ékspérimén bisa méré hasil
(output) nu relative gampang pikeun diukur ku pakakas-pakakas di laboratorium
nu canggih.
Tapi, jiga
nu geus diébréhkeun di luhur, aya ogé sababaraha ékspérimén nu rélatif saeutik
nu dijieun ku para panalungtik pikeun mutolaah kamampuhan nyarita. Loba ahli
psikolinguistik nu boga pamadegan yén hiji “pemroses bahasa” (language
processor) bisa dipaké kalayan éféktif pikeun nalungtik sacara langsung
kamampuh nyarita hiji jalma. Tina sababaraha eksperimen éta, lolobana nya éta
dina “nyarita” jeung saeutik dina “ngarang”. Kusabab téori-téori ngeunaan ébréhan
lisan bisa dipaké pikeun rékaman (cassette recorder), ari pikeun nalungtik
“ngarang” kudu dipaké téknik-téknik nu leuwih hésé, ogé ngalibetkeun
aktivitas-aktivitas mekanis kawas otot-otot mana ti leungeun, pergelangan
tangan jeung ramo nu digawé, intensitasna baraha, jrrd. Iwal ti éta,
nyarita nya éta aktivitas nu leuwih spontan daripada ngarang, kusabab pola-pola
temporalna leuwih ngagambarkeun prosés-prosés linguistik ébréhan pikiran hiji
jalma.
Dina
ngaproduksi ujaran, kadang urang ngarasa loba hal nu mangaruhan tindak ujaran.
Hal ieu sering teu dipikaharti, kusabab posisi urang salaku panyatur, nu dina
komunikasi téh merlukeun perencanaan mental.
Aya
sababaraha aspék dina prosés ieu. Aspék kahiji aya pakaitna jeung pangaweruh
interlocutor (jalma nu diajak nyarita). Hiji kalimah teu miboga ma’na keur
pangregep, mun sakabéh informasi nu aya di jerona téh informasi anyar.
Aspék kadua
nya éta yén dina komunikasi unggal “peserta” miboga prinsipel kooperatif.
Salian ti éta, urang ge dituntut pikeun merhatikeun aspék-aspék pragmatic tina
omongan-omongan urang. Sedengkeun bahan pertimbangan dina ngalakukeun
perencanaan dina produksi nyarita numutkeun Clark & Clark (1977.p.225,226)
nya éta: (1) pangaweruh pangregep; (2) prinsip gawe bareng; (3) prinsip kanyataan;
(4) kontéks social; (5) ayana perangkat linguistik
Yule
nétélakeun, sakumaha dikutip Subuki, “Pragmatik mangrupa (1) bidang nu medar
ma’na panyatur; (2) bidang nu medar ma’na numutkeun kontéksna; (3) bidang nu
salian ti medar ma’na nu diucapkeun, leuwih nyoko medar ma’na nu
dikomunikasikeun atawa “terkomunikasikan” ku panyatur; jeung (4) bidang nu
medar bentuk ekspresi numutkeun jarak social nu ngawatesanan partisipan nu
kalibet dina hiji paguneman.
1.2. Léngkah Umum
dina Ngaproduksi Omongan
Bock & Levelt
(dina Soenjono. 2010. P.117) ngabagi prosés produksi omongan kana 4 tahapan.
(1) pesan (message), di mana pesan nu bakal ditepikeun diprosés; (2)
fungsional, dimana wangun léksikal dipilih tuluy dibéré peran jeung fungsi
sintaksis; (3) posisional, dimana konstituen diwangun jeung afiksasi
dilakukeun; (4) fonologi, dimana struktur fonologi omongan éta diwujudkeun.
1.
Dina tingkat pesan
(message), panyatur ngumpulkeun nosi-nosi
tina ma’na nu rék ditepikeun. Sakumaha ieu conto:
Noni keur ngahuapan anakna
Nosi-nosi nu aya dina benak
pembicaraan nya éta: (a) ayana hiji jalma; (b) jalma ieu téh awéwé; (c)
manéhna geus kawin; (d) manéhna geus boga anak; (e) manéhna keur ngalakukeun
hiji hal; (f) hiji hal éta nya éta ngahuapan anakna
2.
Dina tingkat fungsional, nu diprosés aya dua hal. Kahiji,
milih wangun leksikal nu saluyu jeung pesan nu rék ditepikeun jeung informasi
gramatikal pikeun masing-masing nu manéhna kenal, awéwé nu dukamsud téh Noni,
jeung kecap ieu nya éta ngaran hiji awéwé; hiji hal nu dilakukeun diwakilan ku
verba dasar huap; antara argument
Noni jeung anakna, Noni nya éta palaku ngalakukeun hiji hal sedengkeun anakna
nya éta resipienna.
3.
Dina tingkat pemrosésan posisional, diruntuykeun wangun léksikal pikeun ujaran
nu bakal dikedalkeun. Prosés ngaruntuykeun ieu lain dumasar kana leunjeuran
linear tapi hiji beungkeutan ma’na nu hierarkhis. Dina conto éta, kecap keur
patali jeung anak, jeung lain kana Noni atawa ngahuapan. Hierarki konstituen ieu nu jadu dadasar diagram pohon.
Sanggeus ngaruntuykeun réngsé, diprosés
afiksasi nu relevan. Dina basa Indo-Eropa kawas Basa Inggris, verba ngahuapan (to feed) pikeun kalimah éta
kudu meunangkeun afiks infleksional –ing
(feeding). Pikeun basa Indonesia, verba dasar huap kudu ditambah jeung suffix –i
(disagédéngeun perfiks meN-
sacara opsional).
4.
Hasil tina pemrosésan posisional ieu
“dikirim” ka tingkat fonologi keur diwujudkeun dina wangun sora. Prosés
fonologis ieu teu basajan sabab aya pakaitna ogé jeung prosés biologis
neurologis.
2. RINCIAN
PRODUKSI UJARAN
Masih numutkeun Clark &
Clark, kagiatan nyarita dibagi jadi dua, nya éta Planning/perencanaan jeung
eksekusi/pelaksanaan (1977.p.224). Kahiji, si
panyatur ngarencanakeun naon nu bakal diomongkeunna dumasar kumaha manéhna
hayang ngarobah mental state pangregepna. Tuluy, rencana éta diteruskeun ka
tahap eksekusi, omongan bagian-bagian, kekecapan, frasa-frasa, jeung
kalimah-kalimah nu ngahasilkeun perencanaan. Hal ieu ngawengku rencana
artikulasi jeung kumaha ngaartikulasikeunna.
Clark &
Clark ngadéfinisikeun prosedur ieu, sakumaha dikutip Djarwowodjodjo, sakumaha
di handap ieu:
a.
Wacana
Perencanaan
b. Kalimah
c.
Konstituen
Produksi
a.
Program artikulasi
Pelaksanaan
b.
Artikulasi
2.1. Proses Perencanaan jeung Eksekusi Nyarita
Sacara gurat badag prosés
perencanaan jeung éksékusi nyarita nya éta:
1.
Discourse plans/ perencanaan wacana.
Léngkah kahiji si pangregep nya éta nangtukeun
paguneman nu kumaha nu bakal dilakukeun. Unggal jenis paguneman miboga struktur
nu béda, jeung manéhna kudu ngarencanakeun omongan mana nu saluyu jeung kondisi
éta jeung unggal omongan kudu nepikeun pesan nu bener.
2.
Perencanaan kalimah
Si panyatur kudu milih kalimah jeung pesan nu pas nu bakal dipaké saluyu jeung niat jeung
wacana nu dipikahayang.
3.
Perencanaan konstituen
Nalika si panyatur geus netepkeun
karakteristik umum hiji kalimah, manéhna geus bisa mulai ngarencanakeun
konstituenna. Panaytur kudu milih kecap, frasa atawa idiom nu pas pikeun
nempatan unggal konstituen jeung diteundeun dina susunan nu pas.
4.
Program artikulatori
Nalika kecap dipilih, kecap éta
diwangun jadi hiji “program artikulatori” dina memori “buffer/ penyangga” nu bisa
diringkes kabéh kecap konstituen nu sakaligus direncanakeun. Hal ieu miboga
representasi bagian-bagian fonetik tekanan/stress jeung pola intonasi nu
dieksekusi dina léngkah satuluyna
5.
Artikulasi
Léngkah terahir nya éta
ngaéksékusi eusi program artikulatori. Hal ieu dilakukeun ku mekanisme kucara
nambahkeun runtuyan jeung ketepatan program artikulatori, ngarahkeun otot-otot
artikulatori naon kudu dilakukeun
satuluyna. Léngkah ieu ngahasilkeun sora nu bisa didéngé, nya éta paguneman nu
dipikahayang.
Hal nu kudu
diperhatikeun nya éta kasalahan pamahaman ngeunaan nyarita téh ngan mangrupa
kabalikan tina prosés ngaregepkeun. Hubungan prosés diantara dua éta nya éta
dina nyarita, ma’na dirobah jadi sora jeung dina ngadéngé sora dirobah jadi
ma’na. Bebedana, dina ihwal sora, nyarita merlukeun aktivasi motorik
organ-organ nyarita. Sedengkeun ngaregepkeun mah mangrupa analisa tanda-tanda
nyarita. Dua aktivitas ieu ngalibetkeun organ-organ nu béda. Dina hal ma’na,
nalika nyarita si panyatur dimimitian ku nita rék mangaruhan si pangregep jeung
ngarobah niat éta jadi rencana pengucapan. Sedengkeun nalika ngaregepkeun, si
pangaregep nyaho rencana si panyatur jeung nyindekkeun niat si panyatur éta.
2.2. Perencanaan
Produksi Wacana
Umumna wacana
dibagi jadi 2: (a) dialog jeung (b) monolog (Soenjono. 2010.p.120 jeung Clark
& Clark. 1977.p.227). Dina dialog, si panyatur kudu nyaluyukeun obrolanna
jeung obrolan batur nu séjén. Sedengkeun dina monolog, si panyatur kudu
ngarencanakeun sakabéh wacana tanpa ayana campur leungeun ti nu séjén. Jadi
bébéda utama antara dialog jeung monolog téh dina aya henteuna interaksi antara
panyatur jeung pangregep.
2.2.1.
Wacana dialog
Aya opat unsur dina
monolog: (1) personalia/personel (2) latar bersama/ common ground (3) perbuatan
bersama/ join action (4) kontribusi (H. Clarrk dina Soenjono. 2010. P.
212-125).
2.2.1.1. Personalia
Dina unsur ieu minimal kudu aya dua paartisipan, nya éta
panyatur jeung interlucator (jalma nu diajak nyarita). Aya ogé side participant
(jalma nu milu dina obrolan éta). Ogé bystander (partisipan nu miboga aksés
kana naon nu keur diobrolkeun panyatur jeung interlucator jeung kehadiranna diakui). Terakhir
eavesdroppers (pangregep. Jalma nu miboga aksés ogé dina éta paguneman tapi
ayana teu diaku).
2.2.1.2 Latar Bersama
Ieu konsép nyoko kana sawangan nu maca
jeung jalma anu diajak nyarita ngabogaan prasuposisi jeung pangaweruh anu sarua
ngeunan wacana anu dicaritakeun. Kasaruaan ieu anu dingaranan common
ground/latar bersama.
2.2.1.3 Perbuatan Bersama
Boh panyatur, boh interlokutorna
ngalakukeun hiji hal anu dina dasarna ngabogaan aturan anu dipikawanoh ku
babarengan. Misalna, hiji paguneman anu ngabogaan tilu unsur struktur: Bubuka,
eusi, jeung panutup anu masing-masing ngabogaan aturan séwang-séwangan. Conto:
Kalimah “Hai, Mr. Kasmudin” bakal dijawab “Hai juga Mr. Mas’ud. Apa kabar?”
jeung saterusna. Kalimah dina unggal unsur jeung antara unsur éta sorangan
ngabogaan patali ma’na. Lantaran ayana conditional relevance (relevansi
kondisional), ku kituna bakal muncul dua ujaran tina dua pamaca atawa leuwih
anu ngabogaan patali semantik anu disebut adjacency pair (pasangan dampingan)
2.2.1.4 Kontribusi
Kontribusi ngabogaan dua tahap: (1)
Presentasi, panyatur nepikeun hiji hal pikeun dipikapaham ku interlocutor, (2)
Pamahaman (acceptance), interlocutor geus maham naon n u ditepikeun ku
panyatur.
Prosés pikeun nyumponan latar bersama
disebut grounding. Grounding tumuwuh sacara akumulatif, nya éta mekar (bisa
robah) ti hiji kalimah k kalimah séjén, gumantung eusi paguneman
2.2.2 Wacana Monolog.
Monolog ngabogaan aturan anu béda jeung dialog. Aya opat factor anu
ngabogaan peran, nya éta: (1) Tina segi informasi anu bakal ditepikeun, jalma
bakal milih naon nu pantes jeung teu pantes pikeun diasupkeun dina paguneman.
(2) Panyatur ogé kudu mikir deui sapenting naon éta informasi ditepikeunna.
Faktor séjénna nya éta (3) Runtuyan penyajian, jeung nu terahir (4) Hubungan
antara hiji unsur jeung unsur séjén. Kaopat paktor ieu bakal ngawujudkeun
wacana monolog anu koheren, salaras yina segi ma’na.
2.3.
Perencanaan Produksi Kalimah
Dina tahap ieu, aya tilu kategori anu perlu diprosés, nya éta: (a)
Propositional content (b) Illocutionary content (c) Thematic structure (Clark
& Clark. 1977. p. 237 jeung Soenjono. 2010. p. 129)
2.3.1 Prpositional Content
Inti tina kalimah aya dina proposisina, anu mangrupa unit
ma’na anu ngarefleksikan ide-ide anu bakal ditepikeun ku si panyatur. Deskripsi
ngeunaan hiji apartement misalna, sigana bisa dipasing-pasing siga ieu
runtuyan:
Anda memasuki pintu
Pintunya berada di depan
Tempat tudurnya berada disebelah kiri pintu masuk
Dan sebagainya
Aya sababaraha hal anu
perlu diperhatikeun: (1) Pemilahan peristiwa atawa kaayaan. (2) Perencanaan
kalimah bisa dipangaruhan ku kodrat basa. Conto dina basa Sunda, nalika si
panyatur nanya ka jalma anu dianggap leuwih kolot, Bapa badé angkat kamana?
Béda jeung lamun jalma nu ditanyana dianggap sarua/saumur atawa leuwih ngora,
Manéh rék indit kamana? (3) Umumna jalma nurutan cara nepikeun anu paling
basajan, iwal aya alesan pikeun ngalakukeun hal séjén, misalna: lantaran
sherriff umumna lalaki, jadi lamun aya sherriff awewe jalma pasti ngomong the
sherriff here is not a man lain the sherriff here is a woman. (3) umumna manusa
nitih tolak pamadegan tina sisi positif ka sisi negatif, saperti how tall is
your new boyfriend? Lain how short is your new boyfriend?
2.3.2 illocutionary content
Dina ngarencanakeun hiji kalimah, panyatur kudu megatkeun muatan
ilokusionerna. Nya eta ma’na nu bakal ditepikeun eta bakal diwujudkeun dina
kalimah saperti naon. Di dieu peran tindak ujaran timbul (Soenjono, 2010:131).
Conto proposisi : john will be here. Ieu proposisi bisa dijieun dina loba
tindak ujaran
Udin rék
kadieu. (hiji pernyataan)
Udin rék kadieu? (hiji patalékan)
Udin rék kadieu! (hiji peringatan)
Jrrd.
Pilihan mangrupa hal anu penting dina éta wacana. Ieu tindak ujaran bisa
dijieun kucara anu béda ogé.
2.3.3 Themtic Structure
Ieu konsép patalina jeung ayana penentuan rupaning unsur dina kaitanna
jeung fungsi gramatikal atawa semantik dina kalimah. Masalah nu kudu
direngsekeun ku panyatur nya eta piihan ma’na nu kuduna dipilih pikeun tujuan
satuluyna. Misalna :
Pa samsul maledog eta anjing (aktif)
Eta anjing dibaledog ku pa samsul (pasif)
Sanajan katingalina sarua, dua kalimah diluhur teh beda. Kalimah nu kahiji
panyatur boga anggapan yen pa samsul miboga informasi heubeul jeung informasi
anyar nu keur ditepikeun nya eta maledog eta anjing. Sedengkeun kalimah nu
kadua eta anjing nu keur dibaledog ku pa samsul.
2.4
Perencanaan produksi konstituen
Dina ieu tahap kecap nu ma’nana saluyu bakal dipilih tepat saperti nu
dipikahayang. Rea hal anu aya di dieu. Misalna, hiji referen miboga “landihan”
leuwih ti hiji. Ir. Soekarno, bisa ditunjuk salaku (a) presiden kahiji RI, (b)
proklamator bangsa, (c) pendiri partai nasionalis indonesia (d) penentang gigih
penjajahan belanda (e) penggemar wanita, (f) ayah dari megawati jeung sajabana.
Faktor séjén diantarana nu boga peran penting nya
eta konteks kalimah. Contona:
Kamari Asri anyar meuli sapatu
eta sapatu warnana kayas
Lamun panyatur nyebutkeun hal saperti sapatu (jiga kalimah nu kahiji) tuluy
panyatur bakal nyoko ka sapatu nu sarua eta, maka nyokona kana barang nu geus
disebutkeun samemehna. Eta kudu ditandaan ku urang (jiga kalimah nu kadua).
Lamun kecap eta diganti jadi hiji hal, misalna hiji hal sapatu warna kayas.
Jeung lain sapatu eta, ku kituna panyatur henteu keur ngobrol ngeunaan sapatu
nu anyar dibeulu ku asri.
Lamun nu diacu nya eta bagean wajibna tina sapatu, (misalna sol, tali) ku
kituna nu dipakena lain eta tapi saperti dina kecap ieu :
Solna geus lecet
Talina geus kotor
Milih kecap oge sok ditangtukeun ku prinsipel kaayaan/distinguishability
principle
Conto : (clark & clark, 1977 : 251 jeung soenjono, 2010 : 135)
3.
NGÉBRÉHKEUN PIKIRAN
SACARA LISAN
Dina ékspérimén-ékspérimén nu
diayakeun ku para ahli psikolinguistik pikeun néangan jawaban tina naon
ciri-ciri ébréhan pikiran sacara lisan, aya sababaraha pertanyaan nu
ditanyakeun nya éta:
Sajauh mana, dina
ngébréhkeun pikiran sacara lisan atawa nyarita, ciri-ciri sintaksis jeung
semantic hiji kalimah ditangtukeun saencan kalimah diucapkeun?
Apa wangun hiji
klausa dianggeuskeun saencan klausa éta diucapkeun atawa aya sababaraha bagian
ti éta klausa diwangun sambil diucapkeun?
Kumaha perencanaan
hiji kalimah dina nyarita?
“Nyarita” dipelajari kucara tilu metode, nya éta
Panalungtikan-panalungtikan
nyarita nu menyimpang (kurang bener);
Panalungtikan-panalungtikan
jeung réspondén nu normal atawa séhat pikiranna; jeung
Dijieunna
programming nu dibantuan ku program computer (artificial intelligence).
Sistem nyarita nu menyimpang (kurang bener). Sistem
nyarita hiji jalma bisa teu berfungsi sakumaha kuduna (teu lancar) kusabab
sababaraha factor. Sakabéh sora ucap éta aya kahenteu-lancaran, jeung ieu
bervariasi ti panyatur nu hiji jeung panyatur nu séjén; tina kontéks nu hiji
jueng kontéks nu séjén. Ieu masih dianggap hal nu wajar, jeung lamun teu
kaliwat ékstrim kasalahan (penyimpangan)
sora ucap éta, moal nyababkeun problem dina pamahaman ti pihak pangregep atawa
lawan nyarita. Tipe-tipe nu paling umum dina “kasalahan” atawa teu lancarna nya
éta: keraguan, jeda, pembetulan, awal nu salah, pengulangan, kegagapan
(stuttering) jeung létah nu “keseleo”. Hal-hal éta masih dianggap hal nu wajar
jeung bisa ditarima ku lawan nyarita, sabab ngan saeutik atawa teu sama sekali
ngaganggu komunikasi. Kasalahan-kalasahan nu geus disebutkeun tadi mangrupa
ciri-ciri “wacana otentik”, nya éta nu dipaké ku para panyatur nu teu nyiapkeun
topik obrolan saméméhna, atawa kusabab pikiranna teu dupuserkeun kana topic
obrolan salila nyarita. Nu leuwih sérius nya éta mun teu lancar nyarita kusabab
“poho basa” (aphasia).
Masih dina topic kasalahan dina
nyarita, tadi geus disebutkeun kasalahan keragu-raguan
jeung jeda, kajeun teuing ieu
lain kasalahan dina harti nu sabenernakusabab ieu ciri-ciri basa nu oténtik.
Tapi mun ditilik tina sudut psikolinguistik, ieu mangrupa tanda-tanda ayana
“kesaratan beban” (overloading) nya éta didorong ku perasaan nu was-was (contona nyanghareupan ujian
atawa papanggih jeung jalma nu dipikasieun) atawa kusabab kurang ngawasaan
matéri nu bakal diobrolkeun ku panyatur. Dua gejala éta bisa disababkeun
panyatur kaganggu perhatianna ku hiji hal nu nyababkeun konsentrasina buyar.
Kasalahan-kasalahan kawas
“pembetulan”, “permulaan nu salah”, “gagap” jeung létah nu “keseleo”,
tilu-tiluna téh gejala nu bisaana aya dina komunikasi. Nu nayababkeunna
rupa-rupa, nya éta kapangaruhan teuing ku perasaan aféktif nepi ka pikiran
jeung ucapan teu kasambung sacara bener; héséna dina ngucapkeun kekecapan nu
teu sering didéngé; jeung kurang ngawasaan topic.
Panalungtikan jeung responden nu
sehat pikiranna. Lamun dina pamahaman atawa persepsi sora ucap informasi éta
diolah jadi “representasi” dina pikiran atawa hiji “model mental” ti akayaan
hiji dunya nu sabenerna atawa dunya jieunan (imajinasi), ku kituna dina
ngébréhkeun pikiran (= nyarita) éta prosés nu sabalikna kajadian
Hiji teori umum tina nyarita nu
sok disebut ku ahli psikolinguistik nya éta yén nyarita téh diatur ku
tujuan-tujuan umum panyatur, nu nunjukkeun topik-topik nu bakal diébréhkeun ku
éta panyatur. Salasahiji aspék tina kaparigelan nyarita nya éta ngagunakeun/
ngamangpaatkeun situasi jeung kontéks sangkan naon diomongkeun éta wajar jeung
bisa ditarima ku alwan nyaritana (panyatur). Dumasar kontéks éta, jeung hal nu
bakal ditepikeun, saurang panyatur ngagunakeun pangaweruh semantic jeung
pragmatikna pikeun milih wangun-wangun basa nu bisa ngébréhkeun ma’na nu
dimaksud ku panyatur. Umumna, ahli psikolinguistik miboga asumsi yén aya basa
mental nu miheulaan ma’na-ma’na nu diébréhkeun dina wangun-wangun basa. Ieu
disebut ku Fodor (1976) nu dilaporkeun Garret (1970) “basa pikiran” (language
of thought) atawa mentalese. Basa
ieu, numutkeun Fodor, nya éta deukeut jeung “basa alamiah”, jeung miboga loba
unsur-unsur semesta pikeun panyatur-panyatur rupa-rupa basa.
Pancén nu terahir tina
sistem kognitif tina ébréhan ieu nya éta ngolah ma’na harfiah nu geus dipilih
panyatur éta jadi kecap, frasa, kalimah atawa saperangkat kalimah. Pikeun
ngahontal tujuan ieu bagian sistem kognitif make aturan-aturan sintaksis jeung fonologi
tina basa, ogé kandaga kecap basa. Iwal ti éta, unsure - unsur sintaksis jeung
semantic ge kudu dimangpaatkeun pikeun milih kekecapan pikeun ngébréhkeun
ma’na-ma’na nu husus.