Rabu, 27 Juni 2012

KRITIK SASTRA ALIRAN MERLYN


1.Sajarah Kritik Sastra Aliran Merlyn
Merlyn mangrupa ngaran majalah di Walanda 1962-1966, ngaran éta téh sabenerna ngaran salah saurang rési ti Legenda Raja Arthur. Merlyn jadi kakoncara sabab nafsirkeun puisi jeung novel-novel Walanda sacara egosentrik. Pamarekan Merlyn ngawakilan pamarekan anu museurkeun panitén kana karya sastrana sorangan. Puseur sawangan ieu kelompok nya éta situasi pamaca lain situasi nu nulis (pangarangna). Numutkeun para Merlynis karya sastra merenahna dideukeutan ku analisa struktural. Salah sahiji tokoh aliran Merlyn nya éta Oversteegen, nu jadi redaktur Merlyn.

2.Konsép Kritik Sastra Aliran Merlyn
Kritik sastra aliran Merlyn mangrupa aliran kritik sastra anu museurkeun panitén kana karya sastrana sorangan. Puseur sawangan ieu kelompok nya éta situasi pamaca lain situasi pangarangna. Numutkeun para Merlynis karya sastra merenahna dideukeutan ku analisis struktural.
Numutkeun Hawks dina Isnendes (2010 : 91), strukturalisme nya éta cara mikir ngeunaan dunya anu dipatalikeun jeung persépsi ogé déskripsi struktur. Hakékatna ieu dunya téh disusun tina hubungan-hubungan batan barang-barang anu aya dijerona. Sedengkeun Jean Peaget nétélakeun yén dina wangenan struktur ngawengku tilu gagasan poko. Kahiji gagasan anu gembleng, hartina unggal unsur nyaluyukeun manéh jeung pakakas kaédah intrinsik nu nangtukeun sakumna unsur jeung bagéan-bagéanna. Kadua gagasan transformasi, hartina struktur nyanggupan prosedur transformasi nu tuluy-tumuluy ngawangun bahan-bahan anyar. Katilu gagasan mandiri, hartina struktur téh teu butuheun ku hal-hal disaluareun dirina pikeun mertahankeun prosedur transformasi téa.
Struktur dina aliran Merlyn leuwih neueulkeun kana wengkuan sémiotik. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Merlynis anu museurkeun panitén kana karya sastra anu diwangun ku runtuyan tanda-tanda sarta teu dipatalikeun jeung hal-hal disaluareunna. Dina enas-enasna, sémiotik mangrupa wangun kamekaran tina strukturalisme, ieu hal luyu jeung pamadegan Junus dina Pradopo (2010 : 118). Junus ogé nétélakeun, yén strukturalisme teu bisa dipisahkeun tina sémiotik. Alesanna nya éta saperti nu geus ditétélakeun diluhur yén karya sastra mangrupa struktur tanda-tanda anu miboga ma’na.
Sacara umum kapunjulan tina ieu aliran nya éta:
1.      Kamandang-kamandangna dumasar kana ukuran nu bisa dicék kalawan ilmiah;
2.      Pangajén Merlynis didukung ku analisis jeung tafsiran;
3.      Para Merlynis di Walanda dianggap boga peran (jasa) dina nafsirkeun jeung méré ma’na kana puisi jeung novél.
Sedengkeun kahéngkéranana, nya éta kritéria nu dipaké dina méré wangenan niléy (ajén) teu gampil nalika diterapkeun dina prakték analisa. Kitu deui, maranéhna sorangan héséeun nalika kudu ngébréhkeun kesatuan jeung konsisténsi dina karya sastra. Lian ti éta kahéngkéran ieu aliran nya éta dina perkara tafsiran analisis anu heureut. Dina Merlyn analisis tafsiran teu bisa dipatalikeun jeung hal-hal saluareun karya sastra, kayaning pangarang, kaayaan sosial nalika éta karya dijieun, jste.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar