Rabu, 22 Desember 2010

Surat keur 2009

Langit katiga nu jadi wawakil
Mertahankeun hal anu mucekil
Kiwari asa kabeungbeuratan
Matak juuh kana panon
Laun laun ngeclak ipis
Na rek dibawa kamana
Kasakten geus teu guna
raga teu walakaya

Bandung,21 Desember 2010
ku: Gumilar

HANJAKAL

Gedong sigrong jiga istana
Pembantu loba
Banda kari menta
Hayang naon geus nyampak di meja
Hirup asa teu hirup
Asa euweuh kanikmatan
Kuring teu butuh harta
Kuring teu butuh banda
Kabutuh kuring mung anjeun ma
Tapi asa ngajul bulan ku asiwung
Ema  teh geus ninggalkeun kuring
 Ayeuna Kahayang kuring mung hiji
Hayang balik deui jiga baheula

bandung,13 juli 2010
ku: Gumilar

Jumat, 03 Desember 2010

Reng rengan Pajabat Lewat

sok asa hoream ari nungarana papanggih jeung iring-iringan pajabat liwat teh sok asa aing nu boga jalan, teuing pedah naon jeung teuing naon nu jadi tujuanana, buktina wae poe ayeuna, poe sabtu ping 4 Desember 2010. kuring geus dua kali papnggih jeung eta reng-rengan mobil pajabat anu beda ambahan gawe na. nu hiji mah pajabat TNI, nu hiji deui mah teuing teu apal duka pajabat nanahaon. basa pa amprok eta reng-rengan teh kuring geus ngarti yen kuring kudu nyisi ka gigir da sieun di tabrak sakapeung mah kuring sok mikir naha kunaon kitu kuring kudu nyisi tapi da geuning kudu kitu bustosna da lamun henteu nyisi teh kuring sieun katabrak ku eta reng-rengan .sabada eta reng rengan liwat kaciri ku kuring mobil jeung motor nu aya dijalan nu aya di satukangeun eta rombongan teh asa pahibut. katenjo ku kuring jalan teh asa jadi macet, kabeh klakson ting sarada.tapi eta rombongan mah eweh tanggung jawabna. naha eta rombongan teh rusuh atawa kumaha kuring teu nyaho. tapi da kumaha nya, lamun ceuk kuring mah urang kabeh oge miboga hak nu sarua kana eta fasilitas teh,naha bet kuring nu kudu ngelehan meni embung ngantri eta sakadang pejabat teh.naha apa pedah kalungguhan na nu jadi beda teh? atawa kumaha nya. da gening polisi ge meni embung ngabela ka rahayat nu lain pejabat ge.malahan eta polisi nitah ka pangguna jalan nu salain rombongan titah ka gigir nitah miheulakeun eta rmbongan.padahal kan urang kabeh oge miboga kapentingan anu lewih penting tibatan eta sakadang pajabat teh uy. cacakan pajabt handap nu liwat,komo lamun eta rengrengan presiden lewat mereun jalan teh sagala diblokir. cenah ngadenge mah alesannamah patalina jeung kaamanan. naha kaamanan teh pikeun pejabat hungkul? apanan kuring kabeh oge butuh kana kaamanan teh euy. naha saha nu salah ieu teh?. nu dipihareup ku kuring mah kabeh sarua ulah aya pabeda beda kitu. tapi lamun ambulace mah kuring nga maklum da eta mah patalina jeung nyawa manusa.sakali deu ka pamarentah sim kuring meredih sangkan kaadilan di terapkeun ti samodel hal leutik tadi,sabab hal leutik bisa jadi badag balukarna.

Kamis, 25 November 2010

sinopsis Wawacan Carios Munda


Kacaritakeun aya hiji mualap nua asalna ti nagri Cina, ngaranna téh Liem Siang. Sanggeus asup islam ngaranna diganti jadi Munada. Manéhna boga hutang urut lélang sagedé 300 rispis ka nagara. Ngomongna mah, duit beunang manéhna dagang kuda jeung munding téh euweuh. Malahan mah cenah kalahka manéhna nu nombokan pajarna téh.
Padahal mah sidik wadul da manéhna mah resep pisan kana judi jeung maén awéwé. Kacaturkeun aya AsiIstén Residén Bandung ngaranna Tuan Nagel, manéhna téh urang Éropa. Tuan Nagel teu bisa hirup nyorangan, nya atuh ku bapati téh diinjeuman selirna hiji. Mun peuting téh éta selir di imah Tuan Nagel, mun pabeubeurang nya atuh balik ka imah bupati. Lila-lila mah éta selir téh hamil, tuluy anakna diaku ku bupati sarta si selir téa dibéré duit minangka hadiah ku Tuan Nagel.
Tuan Nagel mangmayarkeun hutang Munada sabab ngarasa yén Munada téh salasahiji rakyatna nu kudu dibantuan. Pikeun mulangkeun duit ka Taun Nagel, Munada dibéré munding sagenep-genep pikeun dijual tuluy duitna disetorkeun deui ka Tuan Nagel. Jadi Munada mah ukur mangjualkeun hungkul.
Tapi da dasar si Munada ngaranna ogé. Geus dipangmayarkeun hutang katut dendana, geus ti béré munding sagenep-genep, da angger wé teu mulang tarima. Munada mah teu sadar diri sarta teu jujur. Teu bisa nyekel amanah sanajan éta amanah téh ti jelema nu percaya ka manéhna.
Témpona ditagih ku Tuan Nagel, Munada sasadu yén munding nu titah dijual téh tacan payu kénéh, padahal aslina mah geus kamana boa. Tah duit meunang ngajual munding téh geus beak deui waé dipaké judi jeung maén awéwé. Tungtungna mah perihal éta téh kanyahoan ku Tuan Nagel. Munada meunang panggilan ti panggilan ti Tuan Nagel, barang nepungan téh Munada langsung disiksa nepi barengepna tuluy diasupkeun ka panjara.
Tuan Nagel ngarasa teu genah ka Munada sabab geus kaburung napsu nyiksa Munada. Tuluy Tuan Nagel nitah salasahiji sipir pikeun ngubaran sakabéh tatu nu aya na awak Munada tapak siksaan manéhna. Sanggeus tilu bulan di pangbérokan, Munada geus bisa mulang sabab geus dibebaskeun ku Tuan Nagel.
Ari Munada dasar jalam teu nyaho diuntung, manéhna ngadon boga dendam ka Tuan Nagel anu geus nulungan jeung méré kapercayaan ka manéhna. Gedé pisan kaambek Munada ka Tuan Nagel, Munada hayang ngabales kabéh siksaan ti Tuan Nagel ka manéhna. Padahal sidik yén Tuan Nagel téh nyaah ka manéhna salaku rahayatna. Sanggeus kaluar ti pangbérokan, manéhna nepangan Demang Biskal. Munada nyaritakeun kanyeri haténa lantaran Tuan Nagel. Demang Biskal asa dikomporan kitu carana mah, sabab da puguh manéhna gé teu ngajén ka Tuan Nagel téh, nu aya mah nya cua wé.
Éta jalma duaan geus sapuk rék males dendam ka Tuan Nagel. Malahan mah Tuan Nagel téh rék diala patina, nya éta dipaéhan téa. Salian ti nu duaan, aya ogé sapuluh urang séjénna nu bakal mantuan migawé rencana manéhna.
Siasatna nya éta ngaliwatan perkara kahuruan. Munada ngahaja meuli imah, ari duitna nya éta ti Demang Biskal. Subuh-subuh tanggal 30 Désémber taun 1842 éta imah téh ngahaj diduruk ku Munada jeung batur-baturna. Kabéhanana make baju sarwa hideung jeung satengah beungeutna diruruban ke kaén hideung ogé sangkan batur pahili jeung moal aya nu ngenalan.
Sajeroning aya kahuruan, tuan Naggel datang ka lokasi, tapi di tengah jalan geus dipegat mantén. Penjaga Tuan Nagel nya éta Upas Baron beunang tilu kali dikadék. Ari Tuan Nagel mah ngan benang ku sakali kadékan. Upas Baron geus payah pisan nepika teu bisa deui nulungan dununganana. Sanggeus upas Baron geus teu daya upaya, Tuan Nagel dikadék deui tilu kali nepika payahna.
Target séjén nu rék diala patina nya éta Dén Wiranatakusumah, tapi target nu ieu mah lolos kulantaran tanaga Upasna téh bedas pisan. Ari Dén Wiranatakusumah mah mangrupa target Demang Biskal nu pernah cicing dipangbérokan alatan Dén Wiranatakusumah.
Sanggeus kajadian éta munada buru-buru indit ka imah Demang Biskal. Tapi manéhna bingung kudu nyumput dimana sabab bakal kagaladah nyumput dimana waé ogé. Kasapukanna mah nya éta Munada rék nyumput dina jero peti. Demang Biskal masih kénéh ngemu kakeuheul sabab Dén Wiranatakusumah na teu beung dikadék ku manéhna.
Saacan panganggeusan, Tuan Nagel sempet diubaran heula tina tatuna. Pikeun ngubaranna ogé nepika ngadatangkeun dokter ti Batawi. Tapi da tau Taun Nagel téh geus parna pisan. Dokter geus yakin yén Tuan Nagel téh moal bisa dtulungan deui. Saacan maot, Tuan Nagel téh ngomong yén nu rék ngala patina téh nya éta Munada.
Teu sakara-kara, Munada langsung jadi buronan. Kabéh pada néangan Munada.geus saminggu Munada téh dina jero peti. Awakna geus leuleus nepi ka miceun sagala di dinya. Munada ngarasa geus teu kuat deui, ku kituna munada ménta dipaéhan ka Demang Biskal. Dikobul ku Demang Biskal téh, Munada dipeuncit tuluy layonna dipalidkeun di Cikapundung.   
Demang Biskal ngarasa leuwih lega sabab Munada mah pegat nyawana. Sangeus ngarasa lega kitu, Demang Biskal api-api miluan néangan Munada ka Majalaya da aya ibar yén Munada téh kabur ka Majalaya. Satepina di Majalaya, Demang Biskal nyieun loba karusakan. Loba jalma nu beunang pitenah ti manéhna ngeunaan Munada, nepika aya nu dibui.
Jaksa Purwakarta ngaran Surialaga curiga ningali peta Demang Biskal.tuluy manéhna ngusulkeun ka kanjeng Dalem pikeun nyaliksik saha Demang Biskal téh jeung aya hubungan naon manéhna jeung Munada. Ku Kanjeng Dalem téh dijalanan. Cara pikeun meunangkeun informasi ngeunaan Demang Biskal, Surialaga make cara ngedeukeutan pamajikan Demang Biskal nu tétéla jalma pangdeukeutna jeung Demang Biskal.
Surialaga api-api bogoh ka pamajikan Demang Biskal, Surialaga teu kendat-kendat ngolo pamajikan Demang Biskal sangkan daék nyaritakeun kumaha peta salakina jeung boga hubungan naon jeung Munada. Lila-lila mah pamajikan Demang Biskal téh kagoda ogé. Derekdek wé éta awéwé téh nyaritakeun sagala hal ngeunaan salakina sarta Munada. Ti mimiti Munada kaluar ti bui nepika layon Munada anu dipalidkeun di Cikapundung.
Geus kitu mah, Surialaga langsung bébéja ka Kanjeng Dalem. Harita téh Demang Biskal keur euweuh di imah, caritana mah keur lalampahan néangan Munada téa. Demang Biskal dibéré yén manéhna kudu geura balik. Di patengahan jalan, manéhna sadar yén rasiah manéhna geus mimiti kabongkar pangna manéhna dititah balik ogé. Sababaraha kali manéhna téh rék kabur, tapi da teu hasil. Keukeuh wé beunang ditéwak.
Demang Biskal teu bisa mungkir deui tina kasalahanana, manéhna kabuktian salah. Demang Biskal dihukum buang ka Surabaya salila 20 taun. Jalma-jalma nu tiheula mantuan manéhna ogé sarua kabagéan hukum buang 20 tau. Tapi aya nu dibuang ka Surabaya sarua jeung manéhna, aya ogé nu ka Makasar, Ambon, Ternate, jrrd.

Sabtu, 20 November 2010

sakola standar internasional jeung sumpah pamuda

geus teu kawilang loba na sakola nu make standar internasional. nu dijero na kabeh guru na kudu make bahasa inggris pikeun pangantar pangajaranana atawa nu sok disebut bahasa asing tea. kabeh kurikulum nu dipake nya eta make standar luar negri. tapi bangsa urang na sorangan teu ngajenan kana sumpah pamuda nu diantara isina aya "berbahasa satu bahasa Indonesia" naha ieu th patukang tonggong sareng hal eta atanapi ieu selogan teh mung dianggap hereuy hungkul. naha eta standar Internasional teu meunang make bahasa indonesia???? kamarana atuh bangsa urang teh euy. nu mikacinta kana basa na sorangan. poe basa indung geus teu loba nu mere nyaho komo nepi ka make basa indung sorangan dina kahirupan sapopoe mah.

Selasa, 09 November 2010

ngaregepkeun sora manusa

2.1 Hakikat ngaregepkeun

Ngaregepkeun nya éta hiji proses kagiatan ngaregepkeun lambing-lambang lisan ku cara mere ajen,mahaman,apresiasi,jeung interpretasi jang meunangkeun informasi,nangkep isi atawa pesen sarta mahaman kana makna komunikasi nu geus di tepikeun ku pawicara atawa sumber ku cara ngaliwatan bahasa lisan. Ku cara ngaregepkeun manusa bisa nyangkem informasi atawa pangaweruh nu di regepkeunana. Ngaregepkeun oge bisa ngalancarkeun pangaweruh dina ngomong jeung nulis.beuki alus ngaregepkeunana hiji manusa maka bisa leuwih alus oge daya serap informasi atawa pangaweruh nu di regepkeunana.

2.2 Ngaregepkeun intensif

Lamun ngaregepkeun sacar ekstensif mah lewih diarahkeun kana kagiatan ngaregepkeun sacara bebas jeung lewih umum sarta teu perlu aya dina bimbingan guru, lamun ngaregepkeun intensif mah lewih diarahkeun kana kagiatan anu lewih jauh jeung di awasi,di control kana hiji hal nu di tangtukeun.

2.3 Hakekat Manusa

Dina hakekatna manusa téh nya éta mahluk social,mahluk anu ngabutuhkeun komunikasi antar manusa,kusabab éta manusa teu bisa leupas ti dua pakakas manusa nu guna pisan dina komunikasi antar manusa,diantarana nya éta pakakas ucap jeung pakakas pang rungu.

2.4 Babagian sora manusa

Sora manusa di golongkeun ka sababaraha jenis jeung golongan nya éta dumasar kana:

a. Jenis klamin

b. Umur

c. Kapribadian

2.5 Sora manusa

a. Sora nu keur teurab

b. Sora nu keur leumpang

c. Sora orok ceurik

d. Sora anu hitut

e. Sora nu keur ngagorowok

f. Sora budak leutik seuri

g. Sora nu kucewa

h. Sora nu keur mandi

i. Sora nu seuri

j. Sora nu mere semangat

k. Sora nu nguliat

l. Sora anu ngalelewe

m. Sora anu nyium pipi

n. Sora nu nitah tong gandeng

o. Sora nu di teunggeul

p. Sora anu Utah

q. Sora kagum

r. Sora ngadeheman

s. Sora anu kacapean

t. Sora jantung

u. Sora awewe ngajerit

v. Sora nu keur nyanyi

linguistik

2.1 Sajarah Elmuning Basa

Sajarah élmuning basa nyéta widang élmu anu nerangkeun élmu ngeunaan basa ti jaman ka jaman.

Galuring linguistik téh gurat badagna mah aya tilu tahap mangsa, nyaéta :

Mangsa bihari,mangsa kamari,mangsa kiwari.

2.2 Linguistik Mangsa Bihari

Linguistik mangsa bihari di cirian ku ayana tahap mangsa:

a. Yunani jeung India

b. Romawi

c. Panengah

d. Rénaisansi

2.2.1 Ulikan Basa Mangsa Yunani jeung India

Mangsa yunani (500-100 SM) tokohna:

a. Socrates (460-399 SM) lambing kudu luyu jeung acuan

b. Plato (429-347 SM)

c. Aris toteles (384-322 SM) patalina lambing jeung acuan konvensional

d. Kaum stoik (400 SM)

e. Kaum Alexandrian(100 SM) nu nyawang basa dumasar kana filsafat jeung semantic

Di zaman ieu para linguis mertahankeun antara fisis jeung nomos, analogi jeung anomaly.

Ø Ulikan Basa Mangsa Romawi

Dina mangsa ieu ngawanohkeun perkara warna kecap.tokohna:

a. Varo(116-27 SM) dina bukuna De lingua latina(25 jilid) medar fonologi,morfologi,jeung sintaksis basa latén

b. Priscia anu judul bukuna Institusional grammaticae(18 jilid morfologi,2 jilid sintaksis).

Fonologi ngulik 2 perkara nyaéta:

1. Literae “ Huruf”: figrae “huruf”

Potestas “ajen sora”

2. Vok “sora” : vok articulate “fonem”

Vok marticulata “intonasi”

Vok literata “segmental”

Vok literata “supaség menta

2.2.2 Ulikan Basa Mangsa Panengah

Medar sababaraha hal :

1. Kaum Modistae, dina mangsa kaum ieu berkembang etimologi

2. Tata Bahasa Spekulativa, numutkeun tata basa ieu, kata henteu sacara langsung ngawakilan alam jeung benda anu ditunjuk, tapi ngawakilan ku cara modus, substansi, aksi, kualitas, jrrd.

3. Petrus Hispanus, dina bukuna Summutae Logicales :

a. Ngasupkeun psikologi dina basa.

b. Ngabedakeun nomen jadi substantivum jeung adjectivum.

c. Ngabedakeun partes orationes jadi categorimatek (sakabeh bentuk anu bisa jadi subjek atawa predikat) jeung syntategorematik (sakabeh bentuk tutur lainna).

2.2.3 Ulikan Basa Mangsa Rénaisansi

Dianggap abad pangbaladah pamikiran abad modern jeung majuna sagala macem basa.

Ø Bahasa Ibrani

Aya sababaraha tokoh diantarana Royer Bacon, Reuchlin, N. Clenard. Reuchlin ngagolongkeun kata sarua jeung lingustik arab.8

Ulama Islam ulah narjemahkeun basa arab, tapi ngan ukur nafsirkeun. Dua aliran linguistik arab, Basra jeung Kufah. Basra (nganut konsep analogi jeung yunan), sahingga ngacu kana kereguleran jeung kesistatisan basa. sedengkeun Kufah (nganut konsep anomali), ngacu kana karagaman basa. Tokoh arab Sibawaihi, dina bukuna Al Ayn, ngabagi kata jadi : ismun (nomen), fi’lun (verbum), harfun (partikel) Basa Eropa, sarta basa diluar eropa, lingua franca (basa antarbangsa) digunakeun pikeun kagiatan politik, perdagangan, jrrd.

2.3 Linguistik Mangsa Kamari

Dina mangsa ieu awal di tataranana papasingan basa sacara tiplogis jeung génétis. mangsa transisi antara tata basa tradisional jeung linguistic modern.Aya tilu tahap entragan saperti dieceskeun dihandap ieu.

2.3.1 Entragan 1 (1830-1860)

Muncul Frans Bopp (1791-1867) nu ngabandingkeun basa-basa.sansakerta,yunani,latin,Persia jeung jerman.

Tokoh lian nyaeta Frederich von Schlegel (1772-1829) ngabagi basa jadi:

1.basa fleksi

2.basa aglutinasi

3.basa tanpa adegan gramati

4.basa isolative

5.basa inkorporatif

2.3.2 Entragan 2 (1861-1880)

Mangsa ieu kawentar aya”Tiori Cagak-Rangkadak”(Stambaum Theory) ti August Schleicher (1821-1868)anu medar sungapan basa-basa nu sakocoran.Teori ieu make teori babandingan filologis buhun nu diwanohkeun ku G.Curtius (1820-1885).Hasilna mangrup pedaran patalina kelas-kelas basa katut tipe-tipe social pamakena ti Max Muller (1823-1900).

2.3.3 Entragan 3 (1800-ahir abad ka 19)

Ieu mangsa dicirian ku munculna kelompok tata basawan ngora anu nelah junggrammatiker atawa “NeoGrammarian” nu nganggap yen soara-sora basa the barobah nurutkeun aturan nu tangtu.

Inohong utama tina ieu mangsa nyaeta Karel Brugmann (1848-1919) jeung B.Delbruck anu medar fonologi,morfologi jeung sintaksis

2.4 Linguistik mangsa kiwari (awal abad 20-)

Linguistik bangsa kiwari mekar mimiti awal abad 20.Ditaratas ku Ferdinand de Saussure (1857-1913) ti Swis,anu ngwanohkeun basa minangka system semiotik .

Nema Aliran Praha nu diluluguan ku N.Trubetzkoj jeung Roman Jakobson,nu ngawanohkeun perkara Fonologi fungsional.

Di Kopenhagen Louis Hjmslev (1899-1965) ngawanohkeun tatabasa Glosematik.

Linguistik Amerika ngawanohkeun aliran structural.dimimitian ku Edward Sapir jeung Leonard Bloomfeildian.

Linguistik London ditaratas ku Malinowsky nu ngawanohkeun phatic communion.

2.5 Kanda Elmuning Basa

ALIRAN LINGUISTIK SWISS

Dina taun 1872 Shmdt ngaragukeun teori –teori nu ges aya.nyaeta teori ngeunaan teori komparatif,terus dina abad ka 20 basa ngajar di Universitas Swiss nétélakeun yen panalungtikan bahasa dina abad XIX kurang pas atawa disebut ngabélot.ieu nyimpulkeun gagasanna jadi strukturalismé. Dina Bukuna nu judulna Cours de Linguistique Generale,manehna nyoba ngabatasan studi bahasa dina panalungtikan aspek kasejarahan, manehna netelakeun tilu gagasan anu sipatna Umum nyaéta:

1. Yén studi basa nu ilmiah téh sifatna Sinkronik

2. Yén fakta-fakta basa téh aya

3. Yén manehna hayang nentukeun métodé-métodé jang ngaidentifikasikeun jeung ngomongkeun fakta basa éta.

Sinkronik mangrupa studi nu di lakukeun dina hiji waktu tertentu henteu ngahubungkeun jeung sajarah. Hal eta bisa di sébut studi sinkronik sabab:

1. Basa téh mangrupa kanyataan sosial

2. Basa téh mangrupa sistem tanda

3. Bisa dipariksa bentuk maknana dina hiji waktu.

Prinsip-prinsip nu diperlukeun jang ngadeukeutan masalah-masalah nu leuwih khusus ngeunaan linguistic statu atawa ngajelaskeun statu basa nyaeta:

1. Disangsikeun sakali diakronik bisa diajar teukudu di piheulaan ku studi sinkronik

2. Hiji sistem bisa robah sacara sorangan sabab ku ayana sistem anyar

3. Lamun linguistik struktural diaktronik di tarima,studi sinkronik sorangan kaciri aya di dimensi anu béda

4. Basa terus robah,soksanajan nu maké teu nyadar robah jiga nu karandapannana jang milih gaya basa di antara pamakéan nu aya sacara sinkronik.

Language nyaeta bagéan sosial bahasa,di luar pamakean sorangan,nu teu bisa nyiptakeun atawangarobahna. Language eta sorangan miboga sifat abstrak. Numutkeun De saussure langue mangrupa objek nu sifatna kongktit,tanda –tanda nu mangrupa sistem ngabentuk language lain abstraki tapi barang anu nyata nu cicing di jero otak jeung bisa diwakilkeun sacara tungtas.sedengkeun parole nyaeta aspek sorangan basa,sakumaha dimanifestasikeun dina kanyataan psiko-fisikologi jeung sosial tindak-tandak basa sacara khusus,parole miboga sifat konkrit

Numutkeun G. Trade jeung E. Durkheim langue disaruakeun jeung Fait Social (Kanyataan Sosial) Durkheim ( mangrupa fenomena psiko- social) nu aya dina kasadaran kolektif kelompok social, di luar individu nu di bebanan kahese,sedeng parole sarua jeung unsur saurangan.

Sistem tanda miboga dua sifat pokok tanda nyaéta arbiter jeung signifiant- na miboga sifat linier. Dua hal nu patalina dina kalinieran nyaéta:

1. Hubungan unsur-unsur kalimat,urutan-urutana aya dina untayan

2. Untayan atawa unsur-unsurna beunang hal kadua

Roman Jacobson netelakeun teu nampung konsepsi fonem mangrupa nu di wangun ku ciri-ciri – ciri nu beda nu aya sacara simultan.prinsip sistem tanda kudu konkrit,kudu dibatasan,miboga nilai relative jeung teu bisa dipisahkeun tina sistem nu ngarangkumna.sistem tanda éta bisa dibagi jadi dua nyéta signifiant (bentuk) jeung signifie (isi=harti)

Asal mulana teori sintagmatik jeung paradigmatik di piheulaan jeung dua konsep nu munculna,nyaéta in praestia ( hubungan sintagmatik jeung miheulaan jeung milu hiji kalimat) jeung in absentia hubungan asosiasi jeung unsur nu lian.mimitina De Saussure netelakeun sintagmatik jeung asosiatif,nepi teori ieu ngembang, terus konsep diluhur robah jadi sintagmatik ( amanat) jeung paradigmatik( kode)