Rabu, 27 Juni 2012

PRODUKSI UJARAN



1.      PODUKSI UJARAN

Saencan ngabahas produksi ujaran, urang flash back heula kana bahasan tindak ujaran, sangkan urang bisa paham kana istilah-istilah nu aya.
            Numutkeun Austin (dina Leech terjemahan Oka 1993: 306), sakumaha dikutip ku Nur Aini aya tilu jenis tindakan ujar nya éta: (1) tindak lokusi (locuitionary act), (2) tindak ilokusi (ilocuitionary act), jeung (3) tindak perlokusi (perlocuitionary act).
Salasahiji wangenan production/produksi nya éta kagiatan atawa proses nyieun hiji hal sacara alami (Hornby, A.S. Oxford Advanced Learner’s Dictionary. 2000.p.1051.). menurut Soenjono Dardjowidjojo, produksi kalimah merlukeun prosés psikologis pikeun “ngaramu” unsur-unsur nu bakal diucapkeun dina urutan nu wajar jeung koordinasi nu pas jeung neurobiology manusa (2010.p.115).

1.1  Keterangan Umum Pengungkapan Pikiran (Production atawa Expression)
            Nu dimaksud ngébréhkeun pikiran di dieu nya éta kamampuhan hiji jalma pikeun ngébréhkeun pikiranna ngaliwatan alat vocal atawa tulisan. Umumna psikolinguistik leuwih nyoko kana pamahaman daripada ébréhan pikiran hiji jalma. Alesanna, yén para ahli leuwih gampang pikeun nalungtik pamahaman (ti sudut pangregep) daripada ébréhan pikiran (ti sudut panyatur) sabab ékspérimén-ékspérimén bisa méré hasil (output) nu relative gampang pikeun diukur ku pakakas-pakakas di laboratorium nu canggih.
Tapi, jiga nu geus diébréhkeun di luhur, aya ogé sababaraha ékspérimén nu rélatif saeutik nu dijieun ku para panalungtik pikeun mutolaah kamampuhan nyarita. Loba ahli psikolinguistik nu boga pamadegan yén hiji “pemroses bahasa” (language processor) bisa dipaké kalayan éféktif pikeun nalungtik sacara langsung kamampuh nyarita hiji jalma. Tina sababaraha eksperimen éta, lolobana nya éta dina “nyarita” jeung saeutik dina “ngarang”. Kusabab téori-téori ngeunaan ébréhan lisan bisa dipaké pikeun rékaman (cassette recorder), ari pikeun nalungtik “ngarang” kudu dipaké téknik-téknik nu leuwih hésé, ogé ngalibetkeun aktivitas-aktivitas mekanis kawas otot-otot mana ti leungeun,  pergelangan tangan jeung ramo nu digawé, intensitasna baraha, jrrd. Iwal ti éta, nyarita nya éta aktivitas nu leuwih spontan daripada ngarang, kusabab pola-pola temporalna leuwih ngagambarkeun prosés-prosés linguistik ébréhan pikiran hiji jalma.
            Dina ngaproduksi ujaran, kadang urang ngarasa loba hal nu mangaruhan tindak ujaran. Hal ieu sering teu dipikaharti, kusabab posisi urang salaku panyatur, nu dina komunikasi téh merlukeun perencanaan mental.
            Aya sababaraha aspék dina prosés ieu. Aspék kahiji aya pakaitna jeung pangaweruh interlocutor (jalma nu diajak nyarita). Hiji kalimah teu miboga ma’na keur pangregep, mun sakabéh informasi nu aya di jerona téh informasi anyar.
Aspék kadua nya éta yén dina komunikasi unggal “peserta” miboga prinsipel kooperatif. Salian ti éta, urang ge dituntut pikeun merhatikeun aspék-aspék pragmatic tina omongan-omongan urang. Sedengkeun bahan pertimbangan dina ngalakukeun perencanaan dina produksi nyarita numutkeun Clark & Clark (1977.p.225,226) nya éta: (1) pangaweruh pangregep; (2) prinsip gawe bareng; (3) prinsip kanyataan; (4) kontéks social; (5) ayana perangkat linguistik
Yule nétélakeun, sakumaha dikutip Subuki, “Pragmatik mangrupa (1) bidang nu medar ma’na panyatur; (2) bidang nu medar ma’na numutkeun kontéksna; (3) bidang nu salian ti medar ma’na nu diucapkeun, leuwih nyoko medar ma’na nu dikomunikasikeun atawa “terkomunikasikan” ku panyatur; jeung (4) bidang nu medar bentuk ekspresi numutkeun jarak social nu ngawatesanan partisipan nu kalibet dina hiji paguneman.

1.2. Léngkah Umum dina Ngaproduksi Omongan
Bock & Levelt (dina Soenjono. 2010. P.117) ngabagi prosés produksi omongan kana 4 tahapan. (1) pesan (message), di mana pesan nu bakal ditepikeun diprosés; (2) fungsional, dimana wangun léksikal dipilih tuluy dibéré peran jeung fungsi sintaksis; (3) posisional, dimana konstituen diwangun jeung afiksasi dilakukeun; (4) fonologi, dimana struktur fonologi omongan éta diwujudkeun.
1.      Dina tingkat pesan (message), panyatur ngumpulkeun nosi-nosi tina ma’na nu rék ditepikeun. Sakumaha ieu conto:
Noni keur ngahuapan anakna
Nosi-nosi nu aya dina benak pembicaraan nya éta: (a) ayana hiji jalma; (b) jalma ieu téh awéwé; (c) manéhna geus kawin; (d) manéhna geus boga anak; (e) manéhna keur ngalakukeun hiji hal; (f) hiji hal éta nya éta ngahuapan anakna
2.      Dina tingkat fungsional, nu diprosés aya dua hal. Kahiji, milih wangun leksikal nu saluyu jeung pesan nu rék ditepikeun jeung informasi gramatikal pikeun masing-masing nu manéhna kenal, awéwé nu dukamsud téh Noni, jeung kecap ieu nya éta ngaran hiji awéwé; hiji hal nu dilakukeun diwakilan ku verba dasar huap; antara argument Noni jeung anakna, Noni nya éta palaku ngalakukeun hiji hal sedengkeun anakna nya éta resipienna.
3.      Dina tingkat pemrosésan posisional, diruntuykeun wangun léksikal pikeun ujaran nu bakal dikedalkeun. Prosés ngaruntuykeun ieu lain dumasar kana leunjeuran linear tapi hiji beungkeutan ma’na nu hierarkhis. Dina conto éta, kecap  keur patali jeung anak, jeung lain kana Noni atawa ngahuapan. Hierarki konstituen ieu nu jadu dadasar diagram pohon.
Sanggeus ngaruntuykeun réngsé, diprosés afiksasi nu relevan. Dina basa Indo-Eropa kawas Basa Inggris, verba ngahuapan (to feed) pikeun kalimah éta kudu meunangkeun afiks infleksional –ing (feeding). Pikeun basa Indonesia, verba dasar huap kudu ditambah jeung suffix –i (disagédéngeun perfiks meN- sacara opsional).
4.      Hasil tina pemrosésan posisional ieu “dikirim” ka tingkat fonologi keur diwujudkeun dina wangun sora. Prosés fonologis ieu teu basajan sabab aya pakaitna ogé jeung prosés biologis neurologis.
           
2.      RINCIAN PRODUKSI UJARAN
  Masih numutkeun Clark & Clark, kagiatan nyarita dibagi jadi dua, nya éta Planning/perencanaan jeung eksekusi/pelaksanaan (1977.p.224). Kahiji, si panyatur ngarencanakeun naon nu bakal diomongkeunna dumasar kumaha manéhna hayang ngarobah mental state pangregepna. Tuluy, rencana éta diteruskeun ka tahap eksekusi, omongan bagian-bagian, kekecapan, frasa-frasa, jeung kalimah-kalimah nu ngahasilkeun perencanaan. Hal ieu ngawengku rencana artikulasi jeung kumaha ngaartikulasikeunna.
Clark & Clark ngadéfinisikeun prosedur ieu, sakumaha dikutip Djarwowodjodjo, sakumaha di handap ieu:
a.       Wacana
Perencanaan b. Kalimah
c.       Konstituen

Produksi
a.       Program artikulasi
Pelaksanaan
b.      Artikulasi

2.1. Proses Perencanaan jeung Eksekusi Nyarita
            Sacara gurat badag prosés perencanaan jeung éksékusi nyarita nya éta:
1.      Discourse plans/ perencanaan wacana.
                        Léngkah kahiji si pangregep nya éta nangtukeun paguneman nu kumaha nu bakal dilakukeun. Unggal jenis paguneman miboga struktur nu béda, jeung manéhna kudu ngarencanakeun omongan mana nu saluyu jeung kondisi éta jeung unggal omongan kudu nepikeun pesan nu bener.
2.      Perencanaan kalimah
Si panyatur kudu milih kalimah jeung pesan nu pas nu bakal dipaké saluyu jeung niat jeung wacana nu dipikahayang.
3.                  Perencanaan konstituen
Nalika si panyatur geus netepkeun karakteristik umum hiji kalimah, manéhna geus bisa mulai ngarencanakeun konstituenna. Panaytur kudu milih kecap, frasa atawa idiom nu pas pikeun nempatan unggal konstituen jeung diteundeun dina susunan nu pas.
4.                  Program artikulatori
Nalika kecap dipilih, kecap éta diwangun jadi hiji “program artikulatori” dina memori “buffer/ penyangga” nu bisa diringkes kabéh kecap konstituen nu sakaligus direncanakeun. Hal ieu miboga representasi bagian-bagian fonetik tekanan/stress jeung pola intonasi nu dieksekusi dina léngkah satuluyna
5.                  Artikulasi
Léngkah terahir nya éta ngaéksékusi eusi program artikulatori. Hal ieu dilakukeun ku mekanisme kucara nambahkeun runtuyan jeung ketepatan program artikulatori, ngarahkeun otot-otot artikulatori naon  kudu dilakukeun satuluyna. Léngkah ieu ngahasilkeun sora nu bisa didéngé, nya éta paguneman nu dipikahayang.


Hal nu kudu diperhatikeun nya éta kasalahan pamahaman ngeunaan nyarita téh ngan mangrupa kabalikan tina prosés ngaregepkeun. Hubungan prosés diantara dua éta nya éta dina nyarita, ma’na dirobah jadi sora jeung dina ngadéngé sora dirobah jadi ma’na. Bebedana, dina ihwal sora, nyarita merlukeun aktivasi motorik organ-organ nyarita. Sedengkeun ngaregepkeun mah mangrupa analisa tanda-tanda nyarita. Dua aktivitas ieu ngalibetkeun organ-organ nu béda. Dina hal ma’na, nalika nyarita si panyatur dimimitian ku nita rék mangaruhan si pangregep jeung ngarobah niat éta jadi rencana pengucapan. Sedengkeun nalika ngaregepkeun, si pangaregep nyaho rencana si panyatur jeung nyindekkeun niat si panyatur éta.

2.2. Perencanaan Produksi Wacana
Umumna wacana dibagi jadi 2: (a) dialog jeung (b) monolog (Soenjono. 2010.p.120 jeung Clark & Clark. 1977.p.227). Dina dialog, si panyatur kudu nyaluyukeun obrolanna jeung obrolan batur nu séjén. Sedengkeun dina monolog, si panyatur kudu ngarencanakeun sakabéh wacana tanpa ayana campur leungeun ti nu séjén. Jadi bébéda utama antara dialog jeung monolog téh dina aya henteuna interaksi antara panyatur jeung pangregep.
2.2.1.      Wacana dialog
Aya opat unsur dina monolog: (1) personalia/personel (2) latar bersama/ common ground (3) perbuatan bersama/ join action (4) kontribusi (H. Clarrk dina Soenjono. 2010. P. 212-125).
2.2.1.1. Personalia
Dina unsur ieu minimal kudu aya dua paartisipan, nya éta panyatur jeung interlucator (jalma nu diajak nyarita). Aya ogé side participant (jalma nu milu dina obrolan éta). Ogé bystander (partisipan nu miboga aksés kana naon nu keur diobrolkeun panyatur jeung interlucator jeung kehadiranna diakui). Terakhir eavesdroppers (pangregep. Jalma nu miboga aksés ogé dina éta paguneman tapi ayana teu diaku).


2.2.1.2 Latar Bersama
Ieu konsép nyoko kana sawangan nu maca jeung jalma anu diajak nyarita ngabogaan prasuposisi jeung pangaweruh anu sarua ngeunan wacana anu dicaritakeun. Kasaruaan ieu anu dingaranan common ground/latar bersama.
2.2.1.3 Perbuatan Bersama
Boh panyatur, boh interlokutorna ngalakukeun hiji hal anu dina dasarna ngabogaan aturan anu dipikawanoh ku babarengan. Misalna, hiji paguneman anu ngabogaan tilu unsur struktur: Bubuka, eusi, jeung panutup anu masing-masing ngabogaan aturan séwang-séwangan. Conto: Kalimah “Hai, Mr. Kasmudin” bakal dijawab “Hai juga Mr. Mas’ud. Apa kabar?” jeung saterusna. Kalimah dina unggal unsur jeung antara unsur éta sorangan ngabogaan patali ma’na. Lantaran ayana conditional relevance (relevansi kondisional), ku kituna bakal muncul dua ujaran tina dua pamaca atawa leuwih anu ngabogaan patali semantik anu disebut adjacency pair (pasangan dampingan)
2.2.1.4 Kontribusi
Kontribusi ngabogaan dua tahap: (1) Presentasi, panyatur nepikeun hiji hal pikeun dipikapaham ku interlocutor, (2) Pamahaman (acceptance), interlocutor geus maham naon n u ditepikeun ku panyatur.
Prosés pikeun nyumponan latar bersama disebut grounding. Grounding tumuwuh sacara akumulatif, nya éta mekar (bisa robah) ti hiji kalimah k kalimah séjén, gumantung eusi paguneman
2.2.2 Wacana Monolog.
Monolog ngabogaan aturan anu béda jeung dialog. Aya opat factor anu ngabogaan peran, nya éta: (1) Tina segi informasi anu bakal ditepikeun, jalma bakal milih naon nu pantes jeung teu pantes pikeun diasupkeun dina paguneman. (2) Panyatur ogé kudu mikir deui sapenting naon éta informasi ditepikeunna. Faktor séjénna nya éta (3) Runtuyan penyajian, jeung nu terahir (4) Hubungan antara hiji unsur jeung unsur séjén. Kaopat paktor ieu bakal ngawujudkeun wacana monolog anu koheren, salaras yina segi ma’na.
2.3. Perencanaan Produksi Kalimah
Dina tahap ieu, aya tilu kategori anu perlu diprosés, nya éta: (a) Propositional content (b) Illocutionary content (c) Thematic structure (Clark & Clark. 1977. p. 237 jeung Soenjono. 2010. p. 129)
2.3.1 Prpositional Content
Inti tina kalimah aya dina proposisina, anu mangrupa unit ma’na anu ngarefleksikan ide-ide anu bakal ditepikeun ku si panyatur. Deskripsi ngeunaan hiji apartement misalna, sigana bisa dipasing-pasing siga ieu runtuyan:
Anda memasuki pintu
Pintunya berada di depan
Tempat tudurnya berada disebelah kiri pintu masuk
Dan sebagainya
            Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun: (1) Pemilahan peristiwa atawa kaayaan. (2) Perencanaan kalimah bisa dipangaruhan ku kodrat basa. Conto dina basa Sunda, nalika si panyatur nanya ka jalma anu dianggap leuwih kolot, Bapa badé angkat kamana? Béda jeung lamun jalma nu ditanyana dianggap sarua/saumur atawa leuwih ngora, Manéh rék indit kamana? (3) Umumna jalma nurutan cara nepikeun anu paling basajan, iwal aya alesan pikeun ngalakukeun hal séjén, misalna: lantaran sherriff umumna lalaki, jadi lamun aya sherriff awewe jalma pasti ngomong the sherriff here is not a man lain the sherriff here is a woman. (3) umumna manusa nitih tolak pamadegan tina sisi positif ka sisi negatif, saperti how tall is your new boyfriend? Lain how short is your new boyfriend?
2.3.2 illocutionary content 
Dina ngarencanakeun hiji kalimah, panyatur kudu megatkeun muatan ilokusionerna. Nya eta ma’na nu bakal ditepikeun eta bakal diwujudkeun dina kalimah saperti naon. Di dieu peran tindak ujaran timbul (Soenjono, 2010:131).
Conto proposisi : john will be here. Ieu proposisi bisa dijieun dina loba tindak ujaran
Udin rék kadieu. (hiji pernyataan)
Udin rék kadieu? (hiji patalékan)
Udin rék kadieu! (hiji peringatan)
Jrrd.
Pilihan mangrupa hal anu penting dina éta wacana. Ieu tindak ujaran bisa dijieun kucara anu béda ogé.
2.3.3 Themtic Structure
Ieu konsép patalina jeung ayana penentuan rupaning unsur dina kaitanna jeung fungsi gramatikal atawa semantik dina kalimah. Masalah nu kudu direngsekeun ku panyatur nya eta piihan ma’na nu kuduna dipilih pikeun tujuan satuluyna. Misalna :
Pa samsul maledog eta anjing (aktif)
Eta anjing dibaledog ku pa samsul (pasif)
Sanajan katingalina sarua, dua kalimah diluhur teh beda. Kalimah nu kahiji panyatur boga anggapan yen pa samsul miboga informasi heubeul jeung informasi anyar nu keur ditepikeun nya eta maledog eta anjing. Sedengkeun kalimah nu kadua eta anjing nu keur dibaledog ku pa samsul.  
2.4   Perencanaan produksi konstituen
Dina ieu tahap kecap nu ma’nana saluyu bakal dipilih tepat saperti nu dipikahayang. Rea hal anu aya di dieu. Misalna, hiji referen miboga “landihan” leuwih ti hiji. Ir. Soekarno, bisa ditunjuk salaku (a) presiden kahiji RI, (b) proklamator bangsa, (c) pendiri partai nasionalis indonesia (d) penentang gigih penjajahan belanda (e) penggemar wanita, (f) ayah dari megawati jeung sajabana.
Faktor séjén diantarana nu boga peran penting nya eta konteks kalimah. Contona:
Kamari Asri anyar meuli sapatu
eta sapatu warnana kayas

Lamun panyatur nyebutkeun hal saperti sapatu (jiga kalimah nu kahiji) tuluy panyatur bakal nyoko ka sapatu nu sarua eta, maka nyokona kana barang nu geus disebutkeun samemehna. Eta kudu ditandaan ku urang (jiga kalimah nu kadua). Lamun kecap eta diganti jadi hiji hal, misalna hiji hal sapatu warna kayas. Jeung lain sapatu eta, ku kituna panyatur henteu keur ngobrol ngeunaan sapatu nu anyar dibeulu ku asri.  
Lamun nu diacu nya eta bagean wajibna tina sapatu, (misalna sol, tali) ku kituna nu dipakena lain eta tapi saperti dina kecap ieu :
Solna geus lecet
Talina geus kotor
Milih kecap oge sok ditangtukeun ku prinsipel kaayaan/distinguishability principle
Conto : (clark & clark, 1977 : 251 jeung soenjono, 2010 : 135)

3.      NGÉBRÉHKEUN PIKIRAN SACARA LISAN
            Dina ékspérimén-ékspérimén nu diayakeun ku para ahli psikolinguistik pikeun néangan jawaban tina naon ciri-ciri ébréhan pikiran sacara lisan, aya sababaraha pertanyaan nu ditanyakeun nya éta:
Sajauh mana, dina ngébréhkeun pikiran sacara lisan atawa nyarita, ciri-ciri sintaksis jeung semantic hiji kalimah ditangtukeun saencan kalimah diucapkeun?
Apa wangun hiji klausa dianggeuskeun saencan klausa éta diucapkeun atawa aya sababaraha bagian ti éta klausa diwangun sambil diucapkeun?
Kumaha perencanaan hiji kalimah dina nyarita?
“Nyarita” dipelajari kucara tilu metode, nya éta
Panalungtikan-panalungtikan nyarita nu menyimpang (kurang bener);
Panalungtikan-panalungtikan jeung réspondén nu normal atawa séhat pikiranna; jeung
Dijieunna programming nu dibantuan ku program computer (artificial intelligence).

Sistem nyarita nu menyimpang (kurang bener). Sistem nyarita hiji jalma bisa teu berfungsi sakumaha kuduna (teu lancar) kusabab sababaraha factor. Sakabéh sora ucap éta aya kahenteu-lancaran, jeung ieu bervariasi ti panyatur nu hiji jeung panyatur nu séjén; tina kontéks nu hiji jueng kontéks nu séjén. Ieu masih dianggap hal nu wajar, jeung lamun teu kaliwat ékstrim kasalahan (penyimpangan) sora ucap éta, moal nyababkeun problem dina pamahaman ti pihak pangregep atawa lawan nyarita. Tipe-tipe nu paling umum dina “kasalahan” atawa teu lancarna nya éta: keraguan, jeda, pembetulan, awal nu salah, pengulangan, kegagapan (stuttering) jeung létah nu “keseleo”. Hal-hal éta masih dianggap hal nu wajar jeung bisa ditarima ku lawan nyarita, sabab ngan saeutik atawa teu sama sekali ngaganggu komunikasi. Kasalahan-kalasahan nu geus disebutkeun tadi mangrupa ciri-ciri “wacana otentik”, nya éta nu dipaké ku para panyatur nu teu nyiapkeun topik obrolan saméméhna, atawa kusabab pikiranna teu dupuserkeun kana topic obrolan salila nyarita. Nu leuwih sérius nya éta mun teu lancar nyarita kusabab “poho basa” (aphasia).
Masih dina topic kasalahan dina nyarita, tadi geus disebutkeun kasalahan keragu-raguan­ jeung jeda, kajeun teuing ieu lain kasalahan dina harti nu sabenernakusabab ieu ciri-ciri basa nu oténtik. Tapi mun ditilik tina sudut psikolinguistik, ieu mangrupa tanda-tanda ayana “kesaratan beban” (overloading) nya éta didorong ku perasaan nu was-was (contona nyanghareupan ujian atawa papanggih jeung jalma nu dipikasieun) atawa kusabab kurang ngawasaan matéri nu bakal diobrolkeun ku panyatur. Dua gejala éta bisa disababkeun panyatur kaganggu perhatianna ku hiji hal nu nyababkeun konsentrasina buyar.  
Kasalahan-kasalahan kawas “pembetulan”, “permulaan nu salah”, “gagap” jeung létah nu “keseleo”, tilu-tiluna téh gejala nu bisaana aya dina komunikasi. Nu nayababkeunna rupa-rupa, nya éta kapangaruhan teuing ku perasaan aféktif nepi ka pikiran jeung ucapan teu kasambung sacara bener; héséna dina ngucapkeun kekecapan nu teu sering didéngé; jeung kurang ngawasaan topic.
Panalungtikan jeung responden nu sehat pikiranna. Lamun dina pamahaman atawa persepsi sora ucap informasi éta diolah jadi “representasi” dina pikiran atawa hiji “model mental” ti akayaan hiji dunya nu sabenerna atawa dunya jieunan (imajinasi), ku kituna dina ngébréhkeun pikiran (= nyarita) éta prosés nu sabalikna kajadian

Hiji teori umum tina nyarita nu sok disebut ku ahli psikolinguistik nya éta yén nyarita téh diatur ku tujuan-tujuan umum panyatur, nu nunjukkeun topik-topik nu bakal diébréhkeun ku éta panyatur. Salasahiji aspék tina kaparigelan nyarita nya éta ngagunakeun/ ngamangpaatkeun situasi jeung kontéks sangkan naon diomongkeun éta wajar jeung bisa ditarima ku alwan nyaritana (panyatur). Dumasar kontéks éta, jeung hal nu bakal ditepikeun, saurang panyatur ngagunakeun pangaweruh semantic jeung pragmatikna pikeun milih wangun-wangun basa nu bisa ngébréhkeun ma’na nu dimaksud ku panyatur. Umumna, ahli psikolinguistik miboga asumsi yén aya basa mental nu miheulaan ma’na-ma’na nu diébréhkeun dina wangun-wangun basa. Ieu disebut ku Fodor (1976) nu dilaporkeun Garret (1970) “basa pikiran” (language of thought) atawa mentalese. Basa ieu, numutkeun Fodor, nya éta deukeut jeung “basa alamiah”, jeung miboga loba unsur-unsur semesta pikeun panyatur-panyatur rupa-rupa basa.
Pancén nu terahir tina sistem kognitif tina ébréhan ieu nya éta ngolah ma’na harfiah nu geus dipilih panyatur éta jadi kecap, frasa, kalimah atawa saperangkat kalimah. Pikeun ngahontal tujuan ieu bagian sistem kognitif make aturan-aturan sintaksis jeung fonologi tina basa, ogé kandaga kecap basa. Iwal ti éta, unsure - unsur sintaksis jeung semantic ge kudu dimangpaatkeun pikeun milih kekecapan pikeun ngébréhkeun ma’na-ma’na nu husus.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar