Kamis, 25 November 2010

sinopsis Wawacan Carios Munda


Kacaritakeun aya hiji mualap nua asalna ti nagri Cina, ngaranna téh Liem Siang. Sanggeus asup islam ngaranna diganti jadi Munada. Manéhna boga hutang urut lélang sagedé 300 rispis ka nagara. Ngomongna mah, duit beunang manéhna dagang kuda jeung munding téh euweuh. Malahan mah cenah kalahka manéhna nu nombokan pajarna téh.
Padahal mah sidik wadul da manéhna mah resep pisan kana judi jeung maén awéwé. Kacaturkeun aya AsiIstén Residén Bandung ngaranna Tuan Nagel, manéhna téh urang Éropa. Tuan Nagel teu bisa hirup nyorangan, nya atuh ku bapati téh diinjeuman selirna hiji. Mun peuting téh éta selir di imah Tuan Nagel, mun pabeubeurang nya atuh balik ka imah bupati. Lila-lila mah éta selir téh hamil, tuluy anakna diaku ku bupati sarta si selir téa dibéré duit minangka hadiah ku Tuan Nagel.
Tuan Nagel mangmayarkeun hutang Munada sabab ngarasa yén Munada téh salasahiji rakyatna nu kudu dibantuan. Pikeun mulangkeun duit ka Taun Nagel, Munada dibéré munding sagenep-genep pikeun dijual tuluy duitna disetorkeun deui ka Tuan Nagel. Jadi Munada mah ukur mangjualkeun hungkul.
Tapi da dasar si Munada ngaranna ogé. Geus dipangmayarkeun hutang katut dendana, geus ti béré munding sagenep-genep, da angger wé teu mulang tarima. Munada mah teu sadar diri sarta teu jujur. Teu bisa nyekel amanah sanajan éta amanah téh ti jelema nu percaya ka manéhna.
Témpona ditagih ku Tuan Nagel, Munada sasadu yén munding nu titah dijual téh tacan payu kénéh, padahal aslina mah geus kamana boa. Tah duit meunang ngajual munding téh geus beak deui waé dipaké judi jeung maén awéwé. Tungtungna mah perihal éta téh kanyahoan ku Tuan Nagel. Munada meunang panggilan ti panggilan ti Tuan Nagel, barang nepungan téh Munada langsung disiksa nepi barengepna tuluy diasupkeun ka panjara.
Tuan Nagel ngarasa teu genah ka Munada sabab geus kaburung napsu nyiksa Munada. Tuluy Tuan Nagel nitah salasahiji sipir pikeun ngubaran sakabéh tatu nu aya na awak Munada tapak siksaan manéhna. Sanggeus tilu bulan di pangbérokan, Munada geus bisa mulang sabab geus dibebaskeun ku Tuan Nagel.
Ari Munada dasar jalam teu nyaho diuntung, manéhna ngadon boga dendam ka Tuan Nagel anu geus nulungan jeung méré kapercayaan ka manéhna. Gedé pisan kaambek Munada ka Tuan Nagel, Munada hayang ngabales kabéh siksaan ti Tuan Nagel ka manéhna. Padahal sidik yén Tuan Nagel téh nyaah ka manéhna salaku rahayatna. Sanggeus kaluar ti pangbérokan, manéhna nepangan Demang Biskal. Munada nyaritakeun kanyeri haténa lantaran Tuan Nagel. Demang Biskal asa dikomporan kitu carana mah, sabab da puguh manéhna gé teu ngajén ka Tuan Nagel téh, nu aya mah nya cua wé.
Éta jalma duaan geus sapuk rék males dendam ka Tuan Nagel. Malahan mah Tuan Nagel téh rék diala patina, nya éta dipaéhan téa. Salian ti nu duaan, aya ogé sapuluh urang séjénna nu bakal mantuan migawé rencana manéhna.
Siasatna nya éta ngaliwatan perkara kahuruan. Munada ngahaja meuli imah, ari duitna nya éta ti Demang Biskal. Subuh-subuh tanggal 30 Désémber taun 1842 éta imah téh ngahaj diduruk ku Munada jeung batur-baturna. Kabéhanana make baju sarwa hideung jeung satengah beungeutna diruruban ke kaén hideung ogé sangkan batur pahili jeung moal aya nu ngenalan.
Sajeroning aya kahuruan, tuan Naggel datang ka lokasi, tapi di tengah jalan geus dipegat mantén. Penjaga Tuan Nagel nya éta Upas Baron beunang tilu kali dikadék. Ari Tuan Nagel mah ngan benang ku sakali kadékan. Upas Baron geus payah pisan nepika teu bisa deui nulungan dununganana. Sanggeus upas Baron geus teu daya upaya, Tuan Nagel dikadék deui tilu kali nepika payahna.
Target séjén nu rék diala patina nya éta Dén Wiranatakusumah, tapi target nu ieu mah lolos kulantaran tanaga Upasna téh bedas pisan. Ari Dén Wiranatakusumah mah mangrupa target Demang Biskal nu pernah cicing dipangbérokan alatan Dén Wiranatakusumah.
Sanggeus kajadian éta munada buru-buru indit ka imah Demang Biskal. Tapi manéhna bingung kudu nyumput dimana sabab bakal kagaladah nyumput dimana waé ogé. Kasapukanna mah nya éta Munada rék nyumput dina jero peti. Demang Biskal masih kénéh ngemu kakeuheul sabab Dén Wiranatakusumah na teu beung dikadék ku manéhna.
Saacan panganggeusan, Tuan Nagel sempet diubaran heula tina tatuna. Pikeun ngubaranna ogé nepika ngadatangkeun dokter ti Batawi. Tapi da tau Taun Nagel téh geus parna pisan. Dokter geus yakin yén Tuan Nagel téh moal bisa dtulungan deui. Saacan maot, Tuan Nagel téh ngomong yén nu rék ngala patina téh nya éta Munada.
Teu sakara-kara, Munada langsung jadi buronan. Kabéh pada néangan Munada.geus saminggu Munada téh dina jero peti. Awakna geus leuleus nepi ka miceun sagala di dinya. Munada ngarasa geus teu kuat deui, ku kituna munada ménta dipaéhan ka Demang Biskal. Dikobul ku Demang Biskal téh, Munada dipeuncit tuluy layonna dipalidkeun di Cikapundung.   
Demang Biskal ngarasa leuwih lega sabab Munada mah pegat nyawana. Sangeus ngarasa lega kitu, Demang Biskal api-api miluan néangan Munada ka Majalaya da aya ibar yén Munada téh kabur ka Majalaya. Satepina di Majalaya, Demang Biskal nyieun loba karusakan. Loba jalma nu beunang pitenah ti manéhna ngeunaan Munada, nepika aya nu dibui.
Jaksa Purwakarta ngaran Surialaga curiga ningali peta Demang Biskal.tuluy manéhna ngusulkeun ka kanjeng Dalem pikeun nyaliksik saha Demang Biskal téh jeung aya hubungan naon manéhna jeung Munada. Ku Kanjeng Dalem téh dijalanan. Cara pikeun meunangkeun informasi ngeunaan Demang Biskal, Surialaga make cara ngedeukeutan pamajikan Demang Biskal nu tétéla jalma pangdeukeutna jeung Demang Biskal.
Surialaga api-api bogoh ka pamajikan Demang Biskal, Surialaga teu kendat-kendat ngolo pamajikan Demang Biskal sangkan daék nyaritakeun kumaha peta salakina jeung boga hubungan naon jeung Munada. Lila-lila mah pamajikan Demang Biskal téh kagoda ogé. Derekdek wé éta awéwé téh nyaritakeun sagala hal ngeunaan salakina sarta Munada. Ti mimiti Munada kaluar ti bui nepika layon Munada anu dipalidkeun di Cikapundung.
Geus kitu mah, Surialaga langsung bébéja ka Kanjeng Dalem. Harita téh Demang Biskal keur euweuh di imah, caritana mah keur lalampahan néangan Munada téa. Demang Biskal dibéré yén manéhna kudu geura balik. Di patengahan jalan, manéhna sadar yén rasiah manéhna geus mimiti kabongkar pangna manéhna dititah balik ogé. Sababaraha kali manéhna téh rék kabur, tapi da teu hasil. Keukeuh wé beunang ditéwak.
Demang Biskal teu bisa mungkir deui tina kasalahanana, manéhna kabuktian salah. Demang Biskal dihukum buang ka Surabaya salila 20 taun. Jalma-jalma nu tiheula mantuan manéhna ogé sarua kabagéan hukum buang 20 tau. Tapi aya nu dibuang ka Surabaya sarua jeung manéhna, aya ogé nu ka Makasar, Ambon, Ternate, jrrd.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar