Kamis, 26 Mei 2011

SBI?!


“Sekolah Bertarap Internasional”(SBI) mangrupa jenjang sakola nu aya di Indonesia nu ngagunakeun standar mutu internasional. Proses diajar nu di gunakeun ku sakola SBI lewih nyoko kana ngembangkeun daya kreasi,inovasi jeung exsperimentasi pikeun ngarangsang ide-ide anyar nu can pernah aya.
                Konsep dasar SBI nya éta dina proses diajarna ngagunakeun panganteur B.inggris, sarana prasarana nu kudu nyumponan kana kabutuhannana. Dina konsepna sakalo SBI, pamarentah kudu ngaluarkeun dana anu kawilang teu saeutik. Teu saeutik para ahli nyebut sakola SBI nya éta konsepan sakola anu gagal.
                Numutkeun bapa Satria Darma( ketua umum ikatan Guru Indonesia) “ Program SBI itu salah konsep. Buruk dalam pelaksanaanya dan 90% pasti gagal. Di luar Negri konsep sekolah ini gagal dan ditinggalkan”. Aya sababaraha alesan naha sakola SBI kudu di bubarkeun. Hal anu ka hiji nya éta ngarusak bahasa. Naha ngarusak bahasa? Sabab asa teu mungkinguru kudu diajar B.Inggris dina waktu opat nepi ka lima poe. Guru bakalan ngarasa beurat pisan komo bari kudu mahaman sakabeh materi jaba kudu bisa nyajikeun pelajaran dina B.Inggris. kukituna muncul kamungkinan mun jiga kieu materi nu ditepikeun bakalan ngaco sabab  si guru teu faseh nerangkeun dina B.Inggris. sabab sabab dina B.Inggris lamun slah sa hurf oge geus beda hartina téh. Jadi aya kamungkinan murid teu lulus UN sabab materi na salah nepikeun.
                Di sisi nu séjén, numutkeun riset hiywel coleman ti university leed uk nu di muat dina salah sahiji media elctronik. Netelakeun yén ngagunakeun B.Inggris dina proses diajar bakalan ngarusak kompetensi bahasa Indonesia.sabenerna titik lemah SBI aya dina ngagunakeun bahasa panganteurna nu ngagunakeun B.Inggris. di nagara-nagara lain konsep sakolaSBI, tapi bahasa panganteurna ngagunakeun Bahasa Nasional. Contonas jepang,cina,korea. Soksanajan make panganteur Bahasa Nasional , kualitas murid na aya dina taraf Dunia.
                Konsep sakola SBI oge geus ngarempak  Undang –Undang 1945, oge Undang-Undang pasal 33 nomer 20 taun 2003 ngeunaan sistem pendidikan Nasional jeung  ogé ngareumpak pasal 29 Undang-Undang nomer 24 taun 2009 ngeunaanbendera, lambang,jeung lagu kebangsaan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar