Jumat, 09 Desember 2011

Galuh Masa Pamaréntahan Hindia - Belanda


Ahir Désémber 1799 kakawasaan Kompeni nepi kana ahir akibat VOC bangkrut. Kakawasaan di Nusantara dicekel ku Hindia Belanda anu dimimitian ku pamaréntahan Gupernur Jéndral H.W. Daendels (1808–1811). Dina pamaréntahan Hindia Belanda, Galuh tetep aya di wilayah administratif Cirebon.
         Dina ahir pamaréntahan Daendels, Bupati Imbanagara satuluyna dijabat ku Jayengpati Kertanegara, ngarangkep salaku Bupati Cibatu (Ciamis). Sanggeus pension, manéhna diganti ku Tumenggung Natanagara. Nu ngagantina nya éta Pangéran Sutajaya anu asalna ti Cirebon. Lantaran sok paséa baé jeung patihna, Pangéran Sutajaya balik deui ka Cirebon. Jabatan Bupati Imbanagara dicekel deui ku putra Galuh, nya éta Wiradikusuma, sarta ngaran kabupatén ditetepkeun jadi Kabupatén Galuh. Taun 1815 Bupati Wiradikusuma mindahkeun poseur kabupatén ti Imbanagara ka Ciamis.
         Dina mangsa pamaréntahan Bupati Galuh saterusna, nya éta Adipati Adikusumah (1819 – 1839), putra Bupati Wiradikusuma, Kawali jeung Panjalu diasupkeun ka wilayah Kabupatén Galuh. Bupati Adipati Adikusumah nikah ka putrid Jayengpati (Bupati Cibatu). Tina perkawinan éta lahir hiji anak lalaki anu ngaranna Kusumadinata. Anjeuna anu satuluyna ngagantikeun bapana jadi Bupati Galuh (1839 – 1886) kalawan boga gelar Tumenggung Kusumadinata. Saterusna manéhna ganti ngaran jadi Radén Adipati Aria Kusumadiningrat. Anjeuna mangrupa Bupati Galuh anu kawentar ku julukan “Kangjeng Prebu”.
         Mimiti taun 1853, Bupati R.A.A. Kusumadiningrat cicing di Karaton Selagangga anu dilengkepan ku masjid jeung balong air mancur. Taun 1872 diburuan karaton dibangun tempat pamndian anu disebut Jambansari. Pamandian éta sok dipaké ku warga masarakat kalawan maksud “ngala berkah” ti “Kangjeng Prebu”. Antara taun 1859 – 1877, diwangun sababaraha gedung di poseur kabupatén (Cianis). Gedung-gedung nu dimaksud nya éta gedung kabupatén anu agréng (dilokasi gedung DPRD ayeuna), Masjid Agung, Kantor Asistén Résidén (Gedung Kabupatén Ayeuna), tangsi militér, panjara, kantor telepon, imah kontrolir, jrrd.
         “Bupati R.A.A. Kusumadiningrat gedé pisan jasana dina ngamajukeun kahirupan rahayat kabupatén Galuh. Jasa-jasana diantarana nyieun sababaraha irigasi,muka lahan sawah, ngadegkeun tilu pabrik panggilingan kopi, muka perkebunan kalapa, ngabangun jalan antara Kawali – Panjalu, ngadegkeun “Sakola Sunda” di Ciamis (1862) jeung di Kawali (1876). Lantaran jasa-jasana, anjeuna meunang panghormatan ti Pamaréntah Hindia Belanda mangrupa Songsong Konéng (paying kebesaran warna konéng emas) taun 1874 sarta Ridder in de Order van den Nederlandschen Leeuw (Bintang Leo) taun 1878.
         Jabatan Bupati Galuh saterusna diwariskeun ka putrana, nya éta R.A.A. Kusumasubrata (1886 – 1914). Dina mangsa pamaréntahan bupati nu ieu, mulai taun 1911 Ciamis diliwatan ku jalan karéta api jalur Bandung – Cilacap via Ciawi – Malangbong _ Tasikmalaya. Dina mangsa Pamaréntahan Bupati galuh saterusna nya éta Bupati R.T.A. Sastrawinata (1914 – 1935), Kabupatén Galuh dileupaskeun ti wilayah administratif Cirebon sarta asup ka wilayah Karésidénan Priangan (taun 1915). Ngaran Kabupatén dirobah jadi Kabupatén Ciamis. Antara taun 1926 – 1942, Ciamis asup ka jero Afdeeling Priangan Timur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar