Rabu, 07 Desember 2011

Asal Kecap Galuh


Galuh asalna tina kecap Sansekerta anu hartina sarupa batu permata. Kecap Galuh bisa ogé digunakeun pikeun sesebutan ratu anu can kawin (raja putri). Sejarawan W.J. van der Meulen nyawang yén kecap galuh asalna tina kecap sakaloh anu hartina asalna tina walungan. Aya ogé sawangan anu nyebutkeun yén kecap galuh asalna tina kecap galeuh hartina inti atawa bagian tengah kai anu paling teuas.
               Galuh mémang pernah jadi hiji karajaan. Ngan carita ngeunaan Karajaan Galuh, utamana dina bagian awal, pinuh ku mitos, sabab carita éta asalana tina sumber sekunder mangrupa naskah anu ditulis jauh sanggeus Karajaan Galuh leungit, Wawacan Sajarah Galuh diantarana nyaritakeun yén karajaan Galuh lokasina di Lakbok sarta mimitina diparéntah ku Ratu Galuh. Sanggeus banjir badag anu kaalaman ku Nabi Nuh surut, pusat Karajaan Galuh pindah ka Karangkamulyan sarta ngaran karajaanna ganti jadi Bojonggaluh. Dicaritakeun ogé putra Ratu galuh, nya éta Ciung Wanara paséa jeung Hariang Banga. Kajadian paséa éta ditungtungan ku mufakat yén kakawasaan Pulo Jawa bakal dibagi dua.
               Ciung Wanara ngawasa di Pajajaran, Hariang Banga ngawasa Majapahit. Salila can aya sumber jeung fakta anu kuat anu ngadukung, carita saperti kitu disebut mitos.
               Carita ngeunaan Karajaan galuh anu bisa dipercaya nya éta berita dina sumber primer mangrupa prasasti, naskah sajaman (ditulis dina jamanna atawa teu jauh tina kajadian anu dicaritakeunana), jeung sumber lain nu akurat. Numutkeun sumber-sumber, Galuh mangrupa ngaran hiji daérah di Jawa Barat. Dina Peta Pulo Jawa, kecap galuh digunakeun sabagé ngaran sababaraha tempat, saperti Galuh (Purbalingga), Rajagaluh (Majalengka), Sirah Galuh (Cilacap), Galuh Timur (Bumiayu), Segaluh jeung Walungan Begaluh (Leksono), Samigaluh (Purworejo), jeung Hujung Galuh di Jawa Timur. Sanggeus Karajaan tarumanagara (abad ka-5 – abad ke-7) bubar, di daérah Jawa Barat ngadeg Karajaan Sunda (abad ka-8 – abad ka-16). Poseur karajaanana pundah-pindah, ti Galuh pindah ka Pakuan Pajajaran/Bogor (± abad ka-11 – abad ka-13), tuluy pindah ka Kawali (abad ka-14). Satuluyna poseur karajaan pindah deui ka Pakuan Pajajaran nepi ka nelah Karajaan Pajajaran.
               Ngaran karajaan biasana sok jadi robah maké ngaran poseur karajaanana (ibu kota). Ku kituna teu anéh lamun Karajaan Sunda anu puseurna di Galuh, disebutna Karajaan Galuh. Ceur perkiraan poseur Galuh waktu harita nya éta di Imbanagara ayeuna. Raja anu kawentar anu ngawasa di Galuh nya éta Sanjaya. Nalika puseur karajaan di Kawali (abad ka-14) diparéntah ku Prabu Maharaja (di kalangan masarakat mah disebutna Maharaja Kawali). Dina mangsa pamaréntahan éta raja agama Islam asup ka Kawali ti Cirebon antara taun 1528 – 1530.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar