Rabu, 07 Desember 2011

Galuh dina Kakawasaan Mataram


Nalika masa kakawasaan Mataram, daérah-daérah di Priangan anu asalna karajaan robah jadi kabupatén. Galuh aya dina kakawasaan Mataram  antara taun 1595 – 1705. Galuh beunang ku kakawasaan Mataram, nalika Mataram diparéntah ku Sutawijaya alias Panembahan Sénopati (1586 – 1601). Ku pangawasa Mataram, galuh diasupkeun ka wilayah administratif Cirebon. Sanggeus Prabu Cipta Sanghiang di Galuh maot, anjeuna diganti ku anakna Ujang Ngekel anu boga gelar Prabu Galuh Cipta Permana (1610 – 1618), di Garatengah (daérah Cinéam, ayeuna asup ka wilayah Kabupatén Tasikmalaya). Prabu Galuh Cipta Permana anu geus asup Islam (asalna agama Hindu) nikah jeung putrid Maharaja Kawali anu ngaranna Tanduran di Anjung. Salian Garatengah, di wilayah galuh aya pusat-pusat kakawasaan, dipupuhuan ku saurang anu boga kalungguhan sabagé bupati dina harti raja leutik. Puseur –puseur kakawasaanna nya éta Cibatu, Utama (Ciancang), Kertabumi (Bojong Lopang), jeung Imbanagara.
Mataram ngawasa Galuh tuluy Sumedang Larang (1620) dina usaha ngajadikeun Priangan sabagé daérah pertahanan di Beulah kulon dina nyanghareupan serangan pasukan Banten jeung Kompeni anu ayana di Batavia. Kakawasaan Mataram di Galuh kaciri pisan nalika Mataram diparéntah ku Sultan Agung (1613 – 1645) nalika Galuh diparéntah ku Dipati Panaékan (1618-1625), putra Prabu Galuh Cipta Permana, salaku Bupati Wedana. Pangawasa Mataram ka Galuh jeung Sumedang Larang sikepna béda. Galuh dikawasa ku Mataram kalawan maké
Cara kekerasan, sabab Galuh ngalawan heula ka Mataram. Sabalikna Sumedang Larang mah nyerahkeun diri, lantaran aya hubungan kulawarga antara Radén Aria Suriadiwangsa pangawasa Sumedang Larang jeung pangawasa Mataram.
Taun 1628 Mataram ngarencanakeun rék nyerang Kompeni di Batavia sarta ménta tulung ka para pupuhu daérah di Priangan. Éta rencana nimbulkeun pacogrégan antara para pupuhu daérah di Priangan. Adipati Panaékan paséa jeung adi iparna, nya éta Dipati Kertabumi, Bupati Bojonglopang, putra Prabu Dimintur. Adipati Panaékan kapaéhan (1652). Anjeuna digantikeun ku anakna nu ngaranna Mas Dipati Imbanagara anu cicing di Garatengah (Cinéam). Dina mangsa pamaréntahan Dipati Imbanagara, poseur Kabupatén Galuh dipindahkeun ti Garatengahka Calincing. Teu lila pindah deui ka Bendanegara (panyingkiran).
Nalika pasukan Mataram nyerang Batavia (1628), pupuhu daérah di Priangan méré pitulung. Pasukan Galuh dipingpin ku Bagus Sutapura, pasukan Priangan dipingpin ku Dipati Ukur, Bupati Wedana Priangan. Dipati Ukur meunang tugas husus ti Sultan Agung pikeun ngusir Kompeni ti Batavia. sihoréng Dipati Ukur gagal ngalaksanakeun tugasna. Ku kituna manéhna ngamuk ka Mataram. Hal éta anu ngajurung Sultan Agung taun 1630-an ngabagi wilayah Priangan di luar Sumedang jadi sababaraha kabupatén, kaasup Galuh. Wilayah Galuh dibagi sababaraha puseur kakawasaan, nya éta Utama anu diparéntah ku Sutamanggala, Imbanagara diparéntah ku Adipati Jayanagara, Bojong-lopang diparéntah ku Dipati Kertabumi, Kawasén diparéntah ku Bagus Sutapura. Pupuhu-pupuhu daérah nu mantuan numpes pemberontakan Dipati Ukur diangkat ku Sultan Agung jadi bupati di daérah masing-masing. Taun 1634 Bagus Sutapura dikukuhkeun jadi Bupati Kawasén. Pupuhu daérah séjén nu diangkat jadi bupati nya éta Ki Astamanggala (UMbul Cihaurbeuti) jadi bupati Bandung kalawan boga gelar Tumenggung Wiraangunangun, Ki Wirawangsa (Umbul Sukakerta) jadi bupati Sukapura kalawan boga gelar Tumenggung Wiradadaha, jeung Ki Somahita (Umbul Sindangkasih) jadi bupati Parakanmuncang kalawan boga gelar Tumenggung Tanubaya (daérah antara Banjarsari – Padahérang). Anjeuna maréntah Kawasén nepi ka taun 1653, tuluy diganti ku anakna anu ngaranna Tumenggung Sutanangga (1653-1676). Sagigireun éta Dipati Imbanagara disanggka ku pihak Mataram ngabéla ka Dipati Ukur, dibéré hukuman pati (1636). Tapi anakna, nya éta Adipati Jayanagara (Mas Bongsar) dianggkat jadi Bupati Garatengah. Imbanagara jadi ngaran kabupatén jeung Kawasén digabungkeun jeung Imbanagara.
Pertengahan taun 1642 Adipati Jayanagara mindahkeun deui puseur Kabupatén Galuh ka Barunay (daérah Imbanagara). Pamindahan puseur kabupatén éta tanggal 14 Mulud taun He (12 Juni 1642). Mimiti taun 1970-an, Pemda Kabupatén Ciamis nganggap tanggal 12 Juni 1642 salaku Hari Jadi Kabupatén Ciamis. Hal éta di dadasaran ku dua alesan. Kahiji, Garatengah jeung Bendanegara mere kenangan goring ku kapaéhanna Adipati Panaékan jeung Dipati Imbanagara. Kadua, Barunay dianggap leuwih alus jadi pseur pamaréntahan sarta bias mawa perkembangan pikeun kabupatén éta. Éta hal ditunjukeun nalika masa pamaréntahan Adipati Jayanagara anu lumangsung salila 42 taun. Salila éta daérah-daérah kakawasaan séjén, nya éta Kawasén, Kertabumi, Utama, Kawali, jeung Panjalu dileungitkeun. Daérah éta kabéh jadi Kabupatén Galuh. Ku kituna, Kabupatén Galuh boga wilayah anu kacida legana, nya éta ti Cijolang nepi ka basisir kidul ti Citanduy nepi ka perbatasan Sukapura.
Sanggeus Adipati Jayanagara maot, kalungguhana salaku bupati digantikeun ku Anggapraja. Tapi teu lila kalungguhan diserahkeun ka adina Angganaya. Sagigireun éta, daérah Utama dihijikeun jeung Bojonglopang, dipindahkeun ka Karawang sarta jadi cikal bakal bupati Karawang.
Taun 1645 sanggeus Sultan Agung maot, Amangkurat I putra Sultan Agung balik deui ngalakukeun réorganisasi wilayah Priangan. Wilayah éta dibagi jadi sababaraha daérah ajeg (satahap kabupatén), diantarana Sumedang, Bandung, Parakanmuncang, Sukapura, Imbanagara, Kawasén, Galuh, jeung Banjar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar