Daérah Galuh anu ayeuna ngaranna
Ciamis miboga lalampahan sajarah anu kacida panjangna. Hal éta kabukti tina
periodisasi anu diliwatanana, nya éta masa pra-sejarah, masa karajaan (abad
ka-8 – abad ka-16), masa kakawasaan Mataram, kakawasaan Kompeni, jeung
Walanda/Hindia Belanada (ahir abad ka-16 – awal tahun 1942), masa pendudukan
Jepang (awal taun 1942 – 15 Agustus 1945), jeung masa kamerdékaan (17 Agustus –
sekarang). Lalampahan sajarah Galuh anu panjang nepi ka kiwari can kapanggih
sacara komperhénsip, malah sababaraha bagian sajarah Galuh masih ”poék”. Lian
ti éta, sajarah Galuh masa karajaan masih loba anu pacampur jeung mitos atawa
legenda, balukarna carita ngeunaan Galuh masa karajaan ogé aya sababaraha
vérsi.
Alesan
can ayana tulisan sajarah Galuh sacara komperhénsip dipangaruhan ku sababaraha
faktor. Nu kahiji, Pémda Kabupatén Ciamis kurang mere perhatian kana sajarah
daérahna sorangan. Kadua, kurangna sejarawan anu boga minat pikeun ngungkap
sajarah Galuh, alesanna sabab ngabutuhkeun biaya anu gedé pikeun néangan jeung
nalungtik sumberna.
Masing geus aya ogé hasil panalungtikan sajarah Galuh,
tapi ngan saukur gurat badagna ngeunaan aspék atawa kurun waktu anu tangtu.
Sajarah
teu saukur boga fungsi informatif, tapi ogé boga fungsi édukatif, malah
sabenerna ngabogaan fungsi pragmatik, hususna pikeun pemda anu aya di éta
tempat. Hal éta lantaran sajarah mangrupa
hiji prosés kausalitas anu sinambung. Kahirupan kiwari mangrupa hasil
tina kahirupan bihari, sarta kahirupan kahareup ditangtukeun ku sikep urang
dina ngeusian kahirupan ayeuna. Ku kituna urang kudu pinter diajar tina
sajarah, sabab sajarah mangrupa ”obor bebeneran” supaya urang teu “pareumeun
obor”.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar