Selasa, 09 November 2010

analisis folklore nu aya dina seminar "Wanoja, Sastra,jeung Tata krama Sunda"

1. Analisis Folklor Wanoja Dina Sastra Sunda Ti Bihari Tepi Ka Kiwari

Dina pedaran anu ka 1 nu judulna “Wanoja Dina Sastra Sunda ti Bihari Tepi Ka kiwari” aya sababaraha nu kaasup folklor. Dina pedaran ieu aya sababaraha nu kaasup folklor lisan contona: wanoja dina carita pantun jeung wanoja dina dongeng.

1.1. Dina Carita pantun

Carita pantun kaasup kana folklor lisan sabab eta jenis (genre)kaasup kana folklor lisan jeung sumebar eta carita pantun téh ku cara lisan.

Dina carita pantun aya tokoh –tokoh anu méré ajén palsapah kahirupan, anu bisa dipaké pikeun tuntunan urang sadaya salaku urang sunda nu hirup dina jaman modern méh teu leungit ajen kasundaanna ,contona baé karakter Putri Purbasari dina Carita Pantun Lutung Kasarung, dina carita ieu karakter purbasari mere papatah ka urang sadaya yén dina ngalakonan hiji hirup téh teu gampang,teu langsung instan,tapi kudu ngalakonana nu ngarana prosés. Putri purbasari geus ngabuktoskeun yén ku kasabarannana anjeuna meunangkeun anu leuwih tibatan anu embung ngaliwatan prosés nya éta Purba larang. Hal-hal samodel kitu anu leutik kacida,tapi bisa jadi bangbaluh anu badag pisan dina kahirupan sapopoe di zaman ayeuna.

Jadi sakabeh nu ngarana Carita Pantun pasti kaasup folklor sabab geus nyumponan kana sifat folklor nya éta anonim,naha geus nyumponan sifat anonim,sabab Carita Pantun nepi ka ayeuna eweuh nu apal saha nu geus ngarang eta Carita Pantun.

1.2. Dina dongeng

Dongeng nya éta carita pondok kolektif kasusastraan lisan,tapi dijaman kiwari dongeng ngan dipaké pikeun hiburan. Dina dongeng loba nu nyampak folklor-folklor,contona waé dina dongen “nyi pohaci” dina dongeng éta ngagambarkeun asal muasalna paré nu kaluarna tina kuburan nyi pohaci atawa dewi sri, lamun kaayeunakeun mah nepi ka kaluar papatah pikeun r budak nu sok nyésakeun daharna atawa teu béak, nya éta “lamun sangu na teu béak ke dewi sri na nangis”hal éta kaasup folklor lisan. Ungkara éta miboga arti anu hade atawa tujuan atikan nu hadé pikeun barudak di jaman kiwari nu ilaharna sok rada hésé kana meakeun kadaharan.

Sacara gembleng na dongeng téh kaasup kana folklore sabab miboga sifat anonim(teu apal saha nu ngarangna eta dongeng téh),terus dongeng oge miboga sababaraha fersi contona wae dongeng nyi pohaci atawa dewei pare,aya sababaraha persi nu béda,dongeng oge miboga logika sorangan nu sakapeung teu logis.hal-hal eta nu ngajadikeun yén dongeng téh kaasup kana folklor.

1.3. Dina Naskah- Naskah Sunda

Dina nu ditepikeun ku pawicara ngeunaan naskah-naskah sunda loba pisan nu kaasup kana folklor.dina naskah bujangga manic disebutkeun:

tohaan/ na Ajung Larang / 5v/

sakean kilat bancana

ngaleke ebreh na cangkeng,

cugenang tuang pinareup

Putri Ajun larang mere seupaheun,pakean,jeung bungbuahan ka bujangga manik. Nu nu nganterkeunana jompong larang. Bujangga Manik napsirkeun éta paméré tur nyebutkeun éta téh piteuhadeun. Bujangga Manik nyalahkeun indungna anu teu asak jeujeuhan. Lantaran Bujangga Manik mah hayang diajar bagbagan agama,putri téh ditampik tur babawaanna dipulangkeun deui. Naskah ieu méré gambaran pikeun kumaha ngototna Bujangga Manik hayang diajar agama nepi ka nyalahkeun indung,jadi naskah ieu ngagambarkeun meunang nyarek kolotn lamun éta kolot ngajak kana teu balég,teu balég di dieu lewih ka kaluar tina norma-nprma Agama. Kaciri pisan sifat folklorna nu mana carita Bujangga Manik nyumponan kana sifat –sifat folklor nu diantarana: kegunaan jeung standar.

Naskah-naskah sunda kaasup kana jenis folklore lisan.

2. Analisis Folklor Kamotekaran Wanoja Dina Kasusastraan Sunda

Dina hirup kumbuh sapopoé jaman karajaan té kawilang handap pisan,contona waé kalungguhan selir anu bisa di pake atawa di injeum ku pajabat pamarentaah alam harita. Dina prodak-prodak sastra oge nu mangrupa novel,carpon,jeung loba deui loba nu nyebutkeu kalungguhan wanoja masih kénéh éléh ku kaum jajaka,tapi sabada kamerdékaan kalungguhan wanija dina karya sastra kawilang ampir satata jeung kaum jajaka,contona waé dina proses kurung karang geus loba pangarang-pangarang awéwé.loba pisan gerakan gerakan peminisme nu ngahasilkeun kalungguhan wanoja di jaman kiwari jadi naék.

Dina pedaran “wanoja Dina Kasusastraan Sunda” aya sababaraha folklore nu nyampak nya éta dina jero isi caritaannana nu sok loba make babasan jeung paribasa,terus aya oge ajen filosofis tina wangunan imah nua aya dina novel.

Nu kaasup kana folklore lisan dina karya sastra nya éta:

a. Babasan jeung paribasa(indung tunggul rahayu bapa tangga darajat)

b. Carpon

c. Novel

d. Uga

Nu kaasup kana folklor séténgah lisan dina pedaran kasusastraan nya éta:

a. Kaulinan barudak dina novel dongeng enteng ti pasantren

b. Kapercayaan dina novel burak siluman

Nu kaasup kana folklor tulisan dina kasusastraan nya éta:

a. kadaharan –kadaharan tradisional nu aya dina novel anu nepi ka ayeuna can apal saha nu mimiti nyieun kadaharan éta.

Hal-hal éta kabéh kaasup kana folklor, boh sacara lisan tulisan atawa satengah lisan, hal-hal éta nu méré gambaran hirup kumbuh urang sunda jaman baheula anu di aplikasikeun kana bentuk karya sastra. Nu tangtuna mere manfaat kana kahirupan jaman ayeuna.

Dina nu ditepikeun ku panyaji ka dua ogé anjuna macakeun rajah atawa sok disebut ngarajah. Dina proses ngarajah eta kaasup kana folklor lisan. naha rajah kaasup kana folklore, sabab éta rajah nyumponan kana sifat –sifat folklor nu diantarana aya nu disebut anonim. Anonim nya éta eweuh nu nyaho saha nu mimiti eta nu ngarang kékécapan dina rajah téh.

3. Analisis folklor dina pedaran Tatakrama Sunda dina kahirupan Ayeuna

Dina pedaran Tatakrama Sunda aya sababaraha poin anu bisa di kategorikeun kana folklor,dina Tatakrama Sunda sok aya nu disebut “pamali” kécap pamali ieu lewih identik kana kapercayaan masarakat urang Sunda jaman baheula anu masih di paké ku masarakat urang sunda jaman ayeuna.kécap “pamali’ biasana sok leuwih dihargaan ku masarakat sunda.

Conto-conto pamali :

a. Tong sok cicing dinana lawang panto,pamali bisi nongtot jodo. Ungkara éta miboga ajén social anu hartina ulah cicing di lawang panto bisi nongtot jodo,padahal mah harti nu sabenernamah tong cicing di lawang panto bisi ngahalangan anu rék liwat.

naha urang sunda baheula make kecap pamali,sabab kecap pamali dina hirup kumbuh urang sunda harita kawilang dihargaan jeung pantrangan pikeun di reumpak. Lamun aya nu wani ngareumpak kana nu ngarana pamali bakal aya kajadian nu sabenerna nu disebutkeun ku pamali tadi. Sabenerna hal eta lewih condong kana kapercayaan.

Aya sababaraha kawih anu di pedar pikeun selingan anu judulna” Turunan Kudu Diurus Ulah Jadi Manusa Nu Lalemah’


IV/;4/9

Kudu sieun ku pangéran

Lamun boga ahli waris

Aranjeun kudu hariwang

Kudu risi ku gimir,

Bisina ahliwaris,

Barudak jeung anak incu

Turunan jadi lemah,

Kalantar lahir jeung batin.

Geura taqwa papatahan maranéhna

IV/;4/10

Saéstuna dolim pisan

Jelema nu wani-wani

Wani ngadahar hartana,

Hartana budak yatim,

Jalma kitu téh dolim

Anu kalakuan kitu,

Seuneu nu didaharna,

Beuteung bangkiang ku geni,

Saterusna diasupkeun ka naraka


Dina kawih éta kaasup kana folklor lisan sabab di jaman bihari mah kakawihan téh teu di pagelarankeun,sabab kakawihan di jaman bihari dipake dina hirup huripna manusa jaman bihari, contona waé pupuh,pupuh dipaké ku urang sunda bihari mah pikeun tamba késél,jadi eta kawih the kaasup kana folklore lisan.

Dina pedaran Tatakrama Sunda oge di pedar ngeunaan babasan paribasa “ngindung ka usum ngabapa ka jaman” nu ngandung harti hirup kudu saluyu jeung kaayaan tapi tong leupas tina ajén-ajén kasundaan jeung agamis. Hal éta kaasup kana folklor lisan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar