Selasa, 09 November 2010

Morfologi

Kecap

Kecap nya éta wangun katatabasaan pangleutikna.kecap mangrupa wangun bagian kalimah anu di cirian ku ayana randegan, ogé nu mibanda harti. Ku kituna LBSS(1983) nétélakeun yén kecap téh nya éta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.

kecap téh nya éta wangun bébas anu lain frasa: biasana disebut ogé wangun

bébas anu teu diwangun ku dua, atawa leuwih, wangun bébas anupangleutikna (Bloomfield 1961)

Kecap nya éta morfém atawa kombinasi morfém anu mangrupa wangun pangleutikna tur bisa diucapkeun jadi wangun bébas;wangun basa nu bisa madeg mandiri, diwangun ku hiji atawa gabungan sababaraha morfém.( Kridalaksana 1982).

Sipat kecap

1. Kecap bisa diwangun ku hiji morfém bébas wungkul

2. Kecap bisa diwangun ku hiji morfém bébas ditambah ku sakurangkurangna

hiji morfém kauger

3. Kecap bisa diwangun ku morfém dasar anu dirajék

4. Kecap bisa diwngun ku hiji morfém jeung hiji morfém (bébas/kauger)

Kecap sifat(Adjektiva)

Numutkeun Alam Sutawidjaya (1984) kecap sifat nya éta sajumlah kecapbanu sakurang-kurangna mibanda ciri:

a. Bisa di tempelkeun dina wangun babandingan/dipiheulaan morfém lewih jeung konfiks pang….na.

b. Biasana bisa maké inténsifiér pisan jeung pohara +-na.

Numutkeun Karna Yudibrata(1981) nétélakeun yén kecap sifat nya éta ajumlah kecap anu bisa dipake ngawangun babandingan, contona: alus pisan, pang badagna.

Numutkeun Maman Sumantri (1984) nétélakeun yén kecap sifat téh nya éta anu miboga ciri:

a. bisa dirarangkénan pang - - - an

b. bisa ngawangun frasa maké kecap pisan jeung kacida

Numutkeun R. Momon Wirakusumah (1969) nétélakeun yén kecap sifat téh nya éta kecap anu nerangkeun kecap barang, kumaha rupana (bangun/warna), rasana, ambeuna, bakatna, kaayaanana, contona: bodas, pait, jéngkoleun.

Numutkeun Kecap A. Tisnawerdaya (1975) nétélakeun yén kecap sifat Kecap Sipat (kaayaan) nya éta kecap paranti nerangkeun kaayaan barang atawa ciri barang, saperti, hideung, bodo, pinter.

ciri kecap sifat

kecap sifat miboga ciri nya éta:

1. bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani

2. bisa di tuturkeun ku kecap kacida,pisan,jeung naker

3. bisa di rarngkenan ku Pang….-na

4. bisa ngawangun frasa Pohara……-na

Tidak ada komentar:

Posting Komentar