Selasa, 09 November 2010

kuliah di jurusan sunda

kuliah di jurusan sunda teh kawilang pang rame na nu kaalaman ku kuring. di jurusan sunda oge ngatik nga didik urang sangkan jadi jalma nu loba guna pikeun masyarakat,kuring teu paduli kana omongan-omongan jalma saluareun jurusan sunda anu nyebutkeun ceunah kuliah di sunda mah ngan jadi kabayan hungkul,kuring teu sapagodos kana wacana eta cabab geuning jalma nu mimiti ngarang buku-buku di Indonesia teh geuning urang sunda,nu ngarana ibu Lasmi ningrat.eta ciciren yen geuning urang sunda teh teu katinggaleun dina widang atikan.ku kituna kuring ngaraos reueus lamun kuring jadi urang sunda .kuring kuliah di jurusan sunda teh miboga tujuan,anu salah sahiji tujuanana kuring hayang najjeurkeun budaya jeung kabiasaan urang sunda dina kahirupan moderen,dina zaman globalisasi.jiga paribahasa kudu ngindung ka usum ngabapa ka jaman.tah dina nanjeurkeun sunda kuring boka cecekelan kana paribasa eta.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar