Selasa, 09 November 2010

mitra sunda 2009

MITRA SUNDA MINANGKA PROSES PENDIDIKAN

Ku: kang Arif Jeung teh Tika

(salaku pupuhu jeung girang serat)

Mitra sunda mangrupa salah sahiji organisasi pengkaderan. Organisasi pengkaderan tangtuna beda jeung nu liana. Samodel organisasi masa(ORMAS),organisasi minat jeung bakat.jeung sajabana.unggal organisasi utamana organisasi mahasiswa boga pola pikeun ngangkat anggotana pikeun proses pendidikan.pola pengkaderan di hima pensatrada disebutna Mitra Sunda.Mitra Sunda mangrupa pengkaderan anu wajib di iluan ku sakabeh mahasiswa anyar jurusan pendidikan bahasa daerah(JPBD)FPBS UPI. Mitra Sunda lain radisi nu unggal taun kudu diayakeun ku hima pensatrada salaku program gawena,tapi Mitra Sunda mangrupa kagiatan nu diayakeun ku Hima Pensatrada dumasar kana kabutuhan.mitra sunda ngabogaan tujuan ngawanohkeun dinamika kahirupan kampus.ku kituna dibutuhkeun pamahaman ngeunaan rupa-rupa paradigma sistem anu ngabogaan fungsi liberialisasi.ngaliwatan hiji organisasi bisa nangtukeun jeung milih ajen-ajen nu universal,giroux jeung Aronouiz nu dicutat ku Mansur Fakih(2001) ngabagi ideologi pengkaderan kana tilu aliran nyaeta:

1.paradigma konservatif

2.paradigma liberal

3.paradigma kritis

Disagedengeun rupa-rupa wangenan paradigma, nitenan realitas masarakat jeung tuntutan kaayaan masarakat Hima Pensatrada boh sacara sosiologis,politis,jeung antropologis Hima Pensatrada leuwih condong kana paradigma kritis nu tugas utamana” Ngamanusakeun Manusa” nu ngalaman dehumanisasi kusabab aya sistem nu heunteu adil.

Mitra Sunda 2009 ngabogaan tema nyaeta “ngawangun kader anu Singer,Pinter,TurParigel

1.singer : hideung atawa ngarti kana gawe

2.pinter : loba kanyaho atawa kabisa,bisaan bisa digawean

3.parigel : tembong cekas dina gawena pinter jeung bijaksana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar