Selasa, 09 November 2010

carita pantun Kembang panyarikan

Sinopsis / Tingkesan Carita

Kasebut aya hiji raja nu ngarana Radén Aria Aliman Senjaya Guru Déwata nu jadi raja di nagara Gangsal Wayang, nu boga patih dua ngarana Aria Munding Jamparing jeung Pangéran Kunten Manglayang. Radén Aria Aliman Senjaya Guru Déwata gé boga opat pramésuri, nu diantarana nya éta Kajaksan Sari Badaya, Nyi Sarasah Wayang, Nyi Sarasah Kembang, jeung Nyi Endang Tapa. Hiji peuting baginda ngimpi papanggih jeung putri nu geulis kacida, nu ngarana Nyi Sumur Bandung, adina Prabu Rangga Kancana ti nagara Kuta Kancanan. Baginda nepi ka gering mikiran impénan éta. Tapi sakabéh patih jeung prajurit nu aya didinya teu sanggupeun narima tugas ti Baginda pikeun mawa Nyi Sumur Bandung, da karajaan éta mah penjagaanana ketat pisan.

Baginda tuluy ngayakeun pésta, ngarepkeun aya nu datang tuluy bisa mantuan Baginda pikeun meunangkeun Nyi Sumur Bandung. Baginda nitah léngsér sangkan méré nyaho rahayat pikeun ngayakeun pésta éta, tuluy léngsér ngaduruk menyan tujuh rancah.

Haseup menyan téh nepi ka nagara Kutana Gancang, kaangseu ku Ratu Kembang Panyarikan, nu boga adi nu geulis ngarana Nyi Payung Agung Gelang Gading. Jempol sukuna kekedutan tilu kali, Baginda yakin yén ieu téh tanda. Tuluy Ratu Kembang Panyarikan nanyakeun ka adina. Ku adina téh dijawab ˝ ieu téh mangrupa pertanda, kakanda kudu ngabdi ka putra raja (pajajaran) nu ngumbara ka belah kulon. Tapi, kakanda kudu jangji, mun geus panggih jeung raja éta, kakanda kudu ngajadikeun adinda jadi pramésuri éta raja.˝ Ku Kembang Panyarikan tuluy disanggupan, terus manéhna indit.

Sanggeus nepi ka nagara Gangsal Wayang, Ratu Kembang Panyarikan ménta papanggih jeung Radén Aria Aloman Senjaya Guru Déwata. Mimitina panggih jeung Pramésuri nu kahiji Kajaksan Sari Badaya kalayan suka cita pédah Kembang Panyarikan nyanggupan kahayang Baginda. Manéhna gé dijangjikeun dibéré posisi nu penting di karajaan.

Kembang Panyarikan tuluy indit néangan nagara Kuta Kancana, sanggeus kapanggih, émang ketat penjagaanna téh. Terus Kembang panyarikan maké ajian halimun méh teu katinggalieun ku nu jaraga. Sanggeus lolos tuluy manéhna nepungan Nyi Sumur Bandung. Manéhna bisa ngabujuk Nyi Sumur Bandung pikeun nyarita ka manéhna. Nyi Sumur Bandung gé pernah ngimpi panggih jeung lalaki nu kasép. Tapi, pas diajak nepungan éta lalaki, Nyi Sumur Bandung embungeun, manéhna teu yakin yén lalaki nu panggih dina impiana téh éta. Tuluy, Nyi Sumur Bandung nyieun tékték. Lamun tékték ieu asup kana kakandungan Baginda, éta téh jodona. Lamun henteu, beraarti lain jodona.

Kembang Panyarikan tuluy balik deui ka nagara Gangsal Wayang, tuluy ngalaksanakeun paréntah Nyi Sumur Bandung. Kusabab manéhna teu yakin bakal meunangkeun jangji ti Kajaksan Sari Badaya, manéhna nanyakeun deui naon nu bakal dipimilik ku manéhna lamun bisa meunangkeun Nyi Sumur Bandung bari ngabalikkeun caritaan Nyi Sumur Bandung mun tékték asup ka kakandungan baginda éta pertanda lain jodona, padahal mah sabalikna. Sanggeus nyaho yén manéhna bakal diangkat jadi wakil raja lamun bisa meunangkeun Nyi Sumur Bandung, manéhna indit deui ka nagara Kuta Kancana pikeun mawa Nyi Sumur Bandung tapi, manéhna kanyahoan. Tuluy Nyi Sumur Bandung disumputkeun dina ayunan, nu talina ditalikeun di méga malang. Kembang Panyarikan tuluy nyamar jadi jalma nu gering terus rék ngaleupaskeun talina. Tapi, manéhna katéwak ku Rangga Kancana, manéhna ngaku gering jeung teu nyaho yén éta téh tali ayunan. Tuluy manéhna niupkeun ajian sirep méh sakabéh nu aya didinya salaré. Saterusna Nyi Sumur Bandung téh dibawa ka nagara Gangsal Wayang tur daékeun jadi pramésuri nu kalima.

Baginda kacida bungaheunana, tuluy rék méré anugrah ka kembang Panyarikan. Tapi, manéhna nolak sabab ngarasa tugasna can anggeus, da bisi Rangga Kencana datang rék mawa Nyi Sumur Bandung deui. Ari pék téh Rangga Kancana datang tuluy gelut jeung Kembang Panyarikan. Kakuatan maranéhanana téh saimbang. Tapi, ahirna mah Rangga Kancana téh éléh tuluy ngabdi ka Radén Aria Aliman Senjaya Guru Déwata. Rangga Kencana diangkat jadi patih di Gangsal Wayang. Jadi Baginda boga patih lima : Ratu Kembang Panyarikan, Munding Jamparing, Pangeran Kunten Manglayang, jeung Rangga Kancana. Sarta boga pramésuri lima : Kajaksan Sari Badaya, Nyi Sarasih Wayang, Nyi Sarasih Kembang, Nyi Endang Tapa, jeung Nyi Sumur Bandung.

Sanggeus lila ngabdi di Gangsal Wayang, Kembang Panyarikan inget ka adina, tuluy ménta ijin ka Baginda pikeun balik ka nagrina pikeun mawa adina. Nepi ka nagrina, kasampak adina téh ambek ka manéhna sabab poho kana jangjina nu rék ngajadikeun adina pramésuri lamun geus panggih jeung éta raja. Kusabab ningali adina murka, Kembang Panyarikan saré saminggu lilana. Sanggeus ambekna eureun, Kembang Panyarikan hudang deui, tuluy ngajak adina ka Gangsal Wayang.

Nepi di mega malang, Payung Agung teu daékeun nuluykeun perjalanan da éra teu mawa nanaon. Manéhna hayang mawa manuk puyuh nu pamatukna emas jeung sukuna selaka, anjung-anjung wesi jimat nu eusina munding buluna hiris, kuda buluna landak, domba buluna songkét, kali cangkat jangjangna wayang, jeung papatong nu jangjangan emas. Lamun euweuh éta, manéhna moal indit. Ahirna Kembang Panyarikan nedunan paménta Payung Agung. Salian ti meunang nu dipikahayang ku adina, Kembang Panyarikan gé meunang putri nu gareulis pikeun persembahkeuneun ka baginda. Sanggeus kitu, pramésuri baginda nambahan tilu : Payung Ageung Gelang Gading, Nyi Tanjunglarang, jeung Panggung Wayang.

Kasebut ogé Pangéran Kuda Gagana, ratu siluman laut nu karék anggeus tapa. Manéhna nagih jangji ka Nyi Sumur Bandung nu baheula pernah dilamar ku manéhna. Tuluy manéhna ngajak Nyi Sumur Bandung milu jeung manéhna. Nyi Sumur Bandung ngahayukeun ka Pangéran Kuda Gagana. Béja dibawana Nyi Sumur Bandung nepi ka ceuli Kembang Panyarikan. Tuluy Kembang Panyarikan ngudag Pangéran Kuda Gagana. Tapi, dina perang Kembang Panyarikan éléh, manéhna dialungkeun ka Pusering Sagara. Didinya Kembang Panyarikan panggih jeung hiji jalma nu umurna sarua jeung manéhna, tapi nyebut manéhna Bapak. Jalma éta téh ngaranna Gagak Nabrang, anak sulungna.

Kusabab dibantuan ku Gagak Nabrang, Ratu Kembang Panyarikan bisa ngéléhkeun Kuda Gagana. Terus meunangkeun deui Nyi Sumur Bandung jeung Puyuh ajimat nu leupas. Tidinya di Gangsal Wayang téh aya prémasuri nu gareulis jeung patih nu sarakti.

6 komentar:

  1. Kak, klo untuk strukturnya kyk gmna ya?

    BalasHapus
  2. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  3. izin share
    http://oktashaer.blogspot.co.id/

    BalasHapus
  4. ini judulnnya senjaya guru bkan gan apa ada hubungannya dengan carita pantun senjaya guru dengan kembang panyarikan

    BalasHapus
    Balasan
    1. Kalau dalam sejarah gunung kumbang prabu aria Liman sanjaya guru dewata kuta Waringin adalah merujuk kepada sunan gunung jati karena dalam sejarah gunung kumbang bahwa ajimat pakara tinun emas di bawa ke Cirebon ada dua nama yang membawa ajimat dari gunung kumbang aki kuwu sangkan dan sunan gunung jati.

      Hapus
  5. Kalau dalam sejarah gunung kumbang ratu kembang adalah anak prabu Siliwangi yang paling tua dari istri yang paling tua yaitu dari anak nyai ambet kasih memiliki nama kiai raden santri tunjung hiang, tunjung menceritakan bunga tunjung yang wangi ada juga yang menyebutkan sejarah tanjung wangi atau sejarah kebuyutan.

    BalasHapus